Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hakekat Amal Manusa   

Jum, 26 Mei 2023 | 08:30 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hakekat Amal Manusa   

Ilustrasi khatib sedang berkhutbah. (Foto: NU Online/Mahbib)

Pada hakikatnya, setiap amal kebaikan yang kita lakukan semata-mata merupakan daya dan kekuatan Allah. Sehingga tak pantas jika kita memohon balasan dan pahala atas apa yang kita kerjakan. Bahkan, masuknya seorang hamba ke dalam surga juga bukan karena amalnya, melainkan semata karunia dan rahmat Allah.

 

Maka melalui khutbah yang berjudul, “Hakekat Amal Manusia”, khatib mengajak untuk selalu memohon pertolongan kepada Allah agar diberi kemampuan untuk beramal yang mengantarkan diri kita kepada ridha-Nya.

 

Untuk mencetak, klik tombol download di atas atau bawah naskah khutbah ini.

ADVERTISEMENT BY OPTAD

Khutbah I:

 

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ: مَنْ عَمِلَ صالِحاً مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَياةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ ما كانُوا يَعْمَلُونَ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

 

Sidang Jumah Rohimakumulloh 

ADVERTISEMENT BY ANYMIND

Ti payun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sareng syukur ka Alloh Robbun Gofur. Alhamdulillah, berkat irodah oge ni’mat Mantenna, urang tiasa linggih dina ieu patempatan dina raraga ngalaksanakeun salah sawios kawajiban nyaeta netepan Jumah berjamaah.

 

Sholawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. Nabi anu parantos dikiatan kalawan prang-pirang mu’jizat, nabi anu diutus nyandak agama anu dipika rido ku Alloh nyaeta agama Islam. Sholawat sareng salam oge muga dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, para tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana anu sapapaosna nuturkeun ajaranna oga miharep syafaatna di akherat.

ADVERTISEMENT BY OPTAD

 

Hadirin anu mulya         

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, ngalangkungan minbar ieu, khotib muruk mitutur tur wasiat ka sadaya ahli Jum’ah, hayu urang sami-sami ningkatkun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab, jalmi anu pang mulya-mulyana yaqin sareng tetela nyaeta jalmi anu pang takwana. Sanes anu pang luhurna pangkat sareng jabatan, oge sanes anu pang seueurna harta sareng kakayaan. Ieu ngandung hartos, yen sadayana jalmi muslim anu iman ka Alloh gaduh kasempetan anu sami kanggo ngahontal darajat takwa sareng mulya di payuneun Alloh swt.

ADVERTISEMENT BY ANYMIND

 

Hadirin sadayana

Sakumaha ayat anu parantos diaos di muqodimah tadi, Alloh parantos ngadawuh:

 

مَنْ عَمِلَ صالِحاً مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَياةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ ما كانُوا يَعْمَلُونَ

ADVERTISEMENT BY ANYMIND

 

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu migawe kahadean, rek lalaki atanapi awewe, sedengkeun manehna dina kaayaan iman, maka satemen-temenna Kaula bakal mere kahirupan anu hade ka manehna, oge Kaula bakal nagaluarkeun balesan anu leuwih hade tibatan amal anu tos dipigawe ku maranehna,” (QS. an-Nahl [16]: 97). 

 

Saderek sadayana

Ngalangkungan ieu ayat, Alloh parantos ngajangjikeun kahirupan anu hade keur hamba-Na anu iman ka Anjeunna sareng migawe amal soleh. Bahkan, Alloh parantos ngajangjikeun balasan anu leuwih hade tinimbang amal anu tos dipigawe ku hamba-hamba-Na.

 

Ieu janten bukti yen Alloh kacida ngahargaan ka hamba-Na anu iman sareng migawe amal soleh. Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge nyeueurkeun migawe amal soleh. Sabab, iman sareng amal soleh nu dipika rido ku Alloh anu bakal jadi pibekeleun urang mayunan alam kalanggengan.

 

Hadirin anu mulya

Sanaos amal janten bekel urang mayunan kahirupan langgeng di akherat, nanging urang ulah gumantung teuing kana amal urang. Sabab, konci ngahasilkeun kabagjaan akherat mah nyaeta karidoan Allah. Teu aya amal ageung nalika teu dipika rido ku Alloh, oge teu aya amal leutik nalika dipika rido ku Alloh. Tah ieu hakekat amal anu kedah dipahami ku urang sadayana anu ngeureuyeuh diajar migawe amal hade.

 

Makana eta, kalintang pentingna urang uninga kana hakekat amal anu dipigawe ku urang. Tujuanna urang ulah dugika capek migawe amal tapi jauh sareng rido Pangeran. Tangtu kacida rugina.

 

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh

Ibnu ‘Athoillah dina kitab Hikam-na masihan tetenger keur urang, sateuacan migawe hiji amal teh, hate urang kudu pinuh ku ma’rifat, katauhidan, sareng ubudiyah ka Alloh. Loyog sareng ayat di luhur anu ngabahasakeun ma'rifat, katauhidan sareng ubudiyah ieu sareng istilah kaimanan. Ieu ngandung hartos, syarat ditarimana sareng dipika ridona amal hade teh nyaeta kaimanan. Jalma anu teu iman mah, teu aya harepan amalna ditarima sareng dipika rido.

 

Saterasna Ibnu ‘Athoillah ngajelaskeun kadar ma’rifat, katauhidan sareng ubudiah hiji salik atanapi jalma anu nempuh jalan akherat ditangtukeun ku sakumaha totalitas manehna gumantung ka Alloh.

 

Pertarosannana, kunaon gumantung ka Alloh janten ukuran ma’rifat, katauhidan, sareng ubudiyah hiji salik? Sabab jalma-jalma anu ma’rifat sareng nu nyepeng tauhid mah bakal salamina ningal ka Alloh. Sedengkeun, dimana-mana jalmi tos tiasa ningal ka Alloh, maka bakal deukeut sareng musyahadah ka Mantenna. Anjeuna bakal fana oge moal ningal deui perkara sejen salian ti Alloh. Sahingga nu katinggal ku anjeuna teu aya deui anging Alloh, aturan Alloh, kakawasaan Alloh, sareng irodah Alloh.

 

Nalika tisoledat kana hiji kasalahan, jalmu nu tos tauhid mah ningal eta salaku perlakuan Alloh sareng katangtuannana kanu janten hamba-Na, anu tangtos nyimpen hikmah sareng faedah anu kedah disadari yen dirina lain hamba anu ma’sum atanapi jalma anu diraksa tina dosa. Anu ka dituna eta kasalahan teh kedah janten perhatian, ulah dipidamel deui, sareng kedah ati-ati supaya ulah migawe deui kasalahan anu sarupa.

 

Nyakitu keneh, nalika aya kataatan dina diri manehna, maka eta hamba teu ningal eta hiji keunggulan sareng kakuatan manehna. Sabab, kataatan eta samata-mata mangrupakeun daya sareng kakuatan Alloh. Sahingga diri manehna tetep tenang dina takdir-takdir Alloh. Hate manehna tetep dina cahaya-cahaya Alloh. Keur manehna, teu aya perbedaan saeutik oge di antara dua kaayaan: hade atawa goreng, gampang atawa susah. Sabab, manehna teuleum dina samudra katauhidan, khouf (sieun) sareng roja (harepan) ka Alloh. Khouf sareng roja manehna sarua. Teu kurang saeutik oge kasieun manehna sanajan kamaksiatan tos dijauhan. Teu kurang saeutik oge harepan manehna sanajan kataatan tos dilaksanakeun.

 

Kitu pisan sakumaha anu tos diuningakeun ku Syekh Ibnu ‘Athoillah di handap ieu:

 

مِنْ عَلَامَاتِ الاِعْتِمَادِ عَلَى الْعَمَلِ نُقْصَانِ الرَّجَاءِ عِنْدَ وُجُوْدِ الزَّلَلِ

 

Hartosna, “Salah sahiji bentuk gumantung kana amal teh nyaeta kurangna harepan nalika aya kagagalan.” 

 

Pensyarah kitab Mahasin al-Majalis, Ibnul Arif ash-Shanhaji, ngajelaskeun yen jalmi-jalmi anu tos dugi kana ma’rifat teh bakal salawasna sasarengan sareng Alloh, sabab yakin ukur Alloh anu ngatur sagala urusan manehna. Yakin ukur Alloh anu maparin kakiatan ka manehna.

 

Sahingga nalika lahir hiji kataatan tina dini manehna, manehna moal nungtut pahala. Sabab, manehna teu ningal diri manehna anu milampah kataatan eta. Sareng deui, amal ibadah manehna can tangtu ditarima ku Alloh.

 

Nyakitu keneh nalika manehna tikosewad kana kagorengan, manehna buburu ngomekeunnana sabab hukuman Alloh tetep keur jalma anu milampah salah. Dosa mah kudu buburu ditebus sareng ditobatan. Manehna teu ningal sasaha anging Alloh, rek dina kaayaan sulit atanapi gampang, rek dina kaayaan taat atanapi maksiat. Manehna tetep sareng Alloh. Paningalna museur ka Alloh. Sieunna hungkul ka Alloh. Harepannana hungkul kana rohmat Alloh.

 

Sedengkeun, jalma anu teu ma’rifat mah tetep nisbahkeun amal sareng perbuatan teh kana dirina sorangan. Ku hal sakitu, teu aneh di antara maranehna anu nungtut bagian tina amal kahadean maranehannana. Penyebabna mah teu aya deui anging maranehna masih gumantung kana amal, geus  ngarasa tenang aya dina kaayaan rohanina.

 

Nalika tisoledat kana kasalahan, maka kurang harepan maranehnana. Nalika migawe kataatan, maka kurang kasieun maranehna. Eta teh bukti maranehna teu acan tajrid harti lepas tina sebab, sareng ciri masih kahalangan tina ma’rifat ka Alloh. Sing saha jalma anu ningal pertanda eta dina dirina, maka sing uninga kana posisi sareng kedudukannana. Ulah waka ngaku-ngaku tos ngagaduhan kedudukan anu khusus salaku jalma anu deukeut sareng Alloh. Sabalikna, manehna kaasup jalma hade tapi ti kalangan jalma awam.

 

Sidang jumah anu mulya

Nanging, peryogi kauninga yen ngalangkungan ranggeuyan hikmah di luhur, sanes hartos Syekh Ibnu Atho’illah bade ngirangan sumangat amal sareng ibadah para salik, tapi sabalikna. Anjeuna teu kirang saalit oge ngadorong urang kanggo ningkatkeun kualitas sareng kuantitas amaliah ibadah. Anjeuna justru hoyong ngalihkeun sifat gumantung urang tina nu asalnya gumantung ka salian ti Alloh, saperti kana amal, maqom, sareng kaayaan rohani, sareng sagala rupa nu tos kapimilik, jadi gumantung ka Alloh, rohmat, sareng kunia-Na.

 

Ku hal kitu, jalma-jalma anu salah sareng dosa, masih tiasa ngarep kana rohmat sareng pitulung Alloh. Maranehna masih tiasa neuteup kana kana firman Alloh anu nganyatakeun:

 

وَهُوَ الَّذِي يَقْبَلُ التَّوْبَةَ عَنْ عِبَادِهِ وَيَعْفُو عَنِ السَّيِّئَاتِ وَيَعْلَمُ مَا تَفْعَ

 

Hartosna, “Sareng Anjeunna (Alloh) anu narima tobat sareng ngahampura kasalahan-kasalahan oge anu uninga kana naon anu dipigawe ku anjeun,” (QS. asy-Syura [42]: 25).

 

قُلْ يَا عِبَادِيَ الَّذِينَ أَسْرَفُوا عَلَى أَنْفُسِهِمْ لَا تَقْنَطُوا مِنْ رَحْمَةِ اللَّهِ إِنَّ اللَّهَ يَغْفِرُ الذُّنُوبَ جَمِيعًا إِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيمُ

 

Hartosna, “Dugikeun, he hamba-hamba Kaula anu ngaleuwihan batas kana diri maranehna sorangan, aranjeun ulah rek putus asa kana rohmat Alloh. Saenya-enyana Alloh ngahampura kana dosa-dosa sadayana,” (QS. az-Zumar [39]: 53).

 

Sareng deui lamun dipaluruh ku urang, ranggeuyan hikmah Syekh Ibnu Athoillah di luhur teh mangrupakeun intisari sareng aci dawuhan Kangjeng Rosul anu nguningakeun:

 

لَنْ يُدْخِلَ أحدكم الجَنَّةَ بعمله ، قَالُوا: وَلاَ أَنْتَ يَا رَسُولَ اللَّهِ؟ قَالَ: وَلاَ أَنَا، إِلَّا أَنْ يَتَغَمَّدَنِي اللَّهُ بِفَضْلٍ وَرَحْمَةٍ

 

Hartosna “Moal asup surga salah saurang di antara aranjeun ku sabab amalna.” Ditaros ku para sahabat, “Kalebet saliran he Rosulalloh” Mantenna ngawaler, “Kalebet kaula, kecuali Alloh ngalimpahkeun karnia sareng rohmat,”  (HR. al-Bukhori-Muslim).

 

Uih deui kana dawuhan Syekh Ibnu Athoillah, kunaon urang kacida pentingna gumantung ka Alloh? Ku sabab sanes mustahil, jalma anu awalna bangga ku amal kataatannana bakal tigebrus kana sikap takabur sareng sombong. Ngarasa diri geu hade. Dampakna, gampang ngahina jalma salah. Gampang nyalahkeun amaliah batur. Sareng sajabana.

 

Walhasil, ulah bangga ku amal kulantaran urang parantos amal. Sabab, anu nyandak urang kana amal sanes daya sareng kakuatan urang, tapi hidayah sareng pitulung Alloh. Anu nganteurkeun hiji hamba ka surga sanes amalna, tapi rido, rohmat, sareng karunia-Na, sakumaha dawuhan Kangjeng Nabi saw.

 

Nanging, eta teh sanes hartos urang teu kedah amal. Kualitas sareng kuantitas tetep kedah ditingkatkeun. Anu kudu diluruskeun nyaeta gumantungna urang kana amal, rasa reu’eus jeung bangga kana amal. Anggur mah syukur lamun urang tos mampu amal. Yakin eta semata pitulung Alloh. Tetep urang kudu sieun sanajan tos tiasa midamel kataatan. Oge tetep urang kudu miharep sanajan urang tos midamel kasalahan.

 

Sidang Jumah anu dimulyakeun Alloh

Mudah-mudahan urang kalebet jalmi-jalmi anu tiasa ngaraksa amal. Tetep bersyukur nalika tos tiasa amal. Tetep emut yen kakiatan amal semata-mata kakiatan Alloh. Mugia Alloh nampi kalayan mika rido kana sagala rupi amal urang kalayan di akhirat urang lebet surga kalawan rido sareng karunia Alloh. Amin ya robbal alamin.

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

 

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ  رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.

ADVERTISEMENT BY ANYMIND