Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Nyambut Taun Anyar, Kudu Mingkin Kuat Nyumponan Jangji ka Pangeran  

Kam, 20 Juli 2023 | 11:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Nyambut Taun Anyar, Kudu Mingkin Kuat Nyumponan Jangji ka Pangeran  

Tahun baru hijriah menjadi momentum untuk menunaikan janji kepada Allah. (Foto: NU Online)

Sesungguhnya, jauh sebelum lahir ke dunia, manusia sudah terikat perjanjian dengan Allah. Tidak ada satu pun nabi dan rasul kecuali mengingatkan janji itu. Lantas apa perjanjiannya? Bagaimana pula pertanggung-jawaban kita kelak di hadapan Allah atas perjanjian tersebut.

 

Teks khutbah Idul Adha Bahasa Sunda berikut ini berjudul “Nyambut Taun Anyar, Kudu Mingkin Kuat Nyumponan Jangji ka Pangeran”. Untuk mencetak naskah khutbah ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi)

 

Khutbah I

 

 اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ تَفَرَّدَ بِجَلَالِ مَلَكُوْتِهِ، وَتَوَحَّدَ بِجَمَالِ جَبَرُوْتِهِ وَتَعَزَّزَ بِعُلُوِّ أَحَدِيَّتِهِ، وَتَقَدَّسَ بِسُمُوِّ صَمَدِيَّتِهِ، وَتَكَبَّرَ فِي ذَاتِهِ عَنْ مُضَارَعَةِ كُلِّ نَظِيْرٍ، وَتَنَزَّهَ فِي صِفَائِهِ عَنْ كُلِّ تَنَاهٍ وَقُصُوْرٍ، لَهُ الصِّفَاتُ الْمُخْتَصَّةِ بِحَقِّهِ، وَالآيَاتُ النَّاطِقَةُ بِأَنَّهّ غَيْرَ مُشَبَّهٍ بِخَلْقِهِ

 

وَأَشْهَدُ أَن لَا إِلَهَ إِلَّا اللهّ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مُوْقِنٍ بِتَوْحِيْدِهِ، مُسْتَجِيْرٍ بِحَسَنِ تَأْيِيْدِهِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدِنَا مُحَمَّداً عَبْدُهُ الْمُصْطَفَى، وَأَمِيْنُهُ الْمُجْتَبَي وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ إِلَى كَافَةِ الْوَرَى صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ مَصَابِيْحُ الدُّجَى، وَعَلَى أَصْحَابِهِ مَفَاتِيْحُ الْهُدَى، وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْراً

 

أَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ وَاعْبُدُوْهُ، فَإِنَّ اللهَ خَلَقَكُمْ لِذَلِكَ قَالَ تَعَالَى: ﴿ وَإِذْ أَخَذَ رَبُّكَ مِنْ بَنِي آدَمَ مِنْ ظُهُورِهِمْ ذُرِّيَّتَهُمْ وَأَشْهَدَهُمْ عَلَى أَنْفُسِهِمْ﴾ وَقَالَ: ﴿ وَمَا لَكُمْ لَا تُؤْمِنُونَ بِاللَّهِ وَالرَّسُولُ يَدْعُوكُمْ لِتُؤْمِنُوا بِرَبِّكُمْ وَقَدْ أَخَذَ مِيثَاقَكُمْ إِنْ كُنْتُمْ مُؤْمِنِينَ ﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ

 

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh
Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu kedah dikedalkeun ku urang sadayana di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji syukur ka Alloh. Dzat anu maha nyipta sareng ngatur sadaya alam. Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang dugika waktos ieu pisan, terutami ni’mat taufiq sareng hidayah. Sahingga urang tiasa kempel di tempat anu mulya ieu dina raraga turut tumut kana salah sawios parentah-Na nyaeta solat jumah berjamaah.

 

Solawat sareng anu utama mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, yakne Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat ka sadayana alam. Solawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, sareng para tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana anu ngarep-ngarep syafaatna di yaomil jaza

 

Hadirin sadayana 
Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib bade wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka wargi ahli jum’ah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya sinareng akherat. Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga ngajalankeun paranteh Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia urang sadayana sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Alloh swt. dina sagala laku lampah di aalam dunya dina raraga ngabakti kanu Maha Kawasa kalih rosul-Na.      

 

Hadirin sidang jumah anu mulya 
Urang kedah sing emut, yen sateuacan gubrag ka alam dunya, urang tos patali jangji sareng pangeran. Sahingga, teu aya hiji nabi sareng rasul anu diutus anging ngemutan jangji urang tea, sakumaha pidawuh Alloh dina Al-Quran.

 

 وَمَا لَكُمْ لَا تُؤْمِنُونَ بِاللَّهِ وَالرَّسُولُ يَدْعُوكُمْ لِتُؤْمِنُوا بِرَبِّكُمْ وَقَدْ أَخَذَ مِيثَاقَكُمْ إِنْ كُنْتُمْ مُؤْمِنِينَ

 

Hartosna, “Naha aranjeun teu ariman ka Alloh, padahal Rasul geus ngagero aranjeun supaya ariman ka Pangeran aranjeun. Sareng saenya-enyana Mantenna (Alloh) tos nyandak perjangjian, lamun aranjeun jalma-jalma anu iman,” (QS. Al-Hadid [57]:8).  

 

Ieu hartosna, iman ka Alloh teh hiji kaniscayaan keur urang. Sabab, salian ti urang tos patali jangji rek nauhidkeun jeung iman ka Alloh, para rosul oge tos ngelingan jangji urang. 

 

Hadirin anu mulya, 
Pertarosannana, iraha urang jangji rek nauhidkeun Alloh? Didugikeun dina salah sawios hadis Kangjeng Rosul, nyaeta saparantos kersana aki urang Kangjeng Nabi Adam ‘alaihissalam diciptakeun. Kitu sakumaha anu tersurat dina hadis riwayat Abu Hurairah.

 

لَمَّا خَلَقَ اللَّهُ آدَمَ مَسَحَ ظَهْرَهُ، فَسَقَطَ مِنْ ظَهْرِهِ كُلُّ نَسَمَةٍ هُوَ خَالِقُهَا مِنْ ذُرِّيَّتِهِ إِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ، وَجَعَلَ بَيْنَ عَيْنَيْ كُلِّ إِنْسَانٍ مِنْهُمْ وَبِيصًا مِنْ نُورٍ، ثُمَّ عَرَضَهُمْ عَلَى آدَمَ فَقَالَ: أَيْ رَبِّ، مَنْ هَؤُلَاءِ؟ قَالَ: هَؤُلَاءِ ذُرِّيَّتُكَ 

 

Hartosna:  “Sawaktu nyiptakeun Nabi Adam, Alloh ngusap tonggongna. Maka muruluk tina tonggongna eta satiap jiwa katurunan anu bakal diciptakeun Alloh ti Nabi Adam dugika poe Kiamat. Salajengna, di antara dua soca tiap manusa ti turunannana Alloh ngajadikeun cahaya anu moncorong. Teras, aranjeuna disodorkan ka anjeuna. Nabi Adam naros, ‘He Pangeran abdi, saha aranjeuna teh?’ Alloh ngawaler, “Aranjeuna teh turunanan anjeun,”  (HR. Al-Tirmidzi).  

 

Nalika sadayana calon turunan Kangjeng Nabi Adam ‘alaihissalam dikeluarkeun tina tonggongna, Alloh nyandak jangji sareng sumpah aranjeuna, sakumaha dicatut dina Al-Quran:

 

وَإِذْ أَخَذَ رَبُّكَ مِنْ بَنِي آدَمَ مِنْ ظُهُورِهِمْ ذُرِّيَّتَهُمْ وَأَشْهَدَهُمْ عَلَى أَنْفُسِهِمْ

 

Hartosna, “Sareng sing emut, nalika Pangeran anjeun ngaluarkeun turunan anak-anak Adam tina sulbi aranjeuna sareng Allah nyandak kasaksian kana jiwa aranjeuna,” (QS. Al-A‘raf [7]: 172).  

 

Ngalangkungan ayat sareng hadis anu nembe, kauninga yen urang parantos disumpah sareng patali jangji sawaktos abul basyar, aki urang, Kangjeng Nabi Adam alaihissalam diciptakeun. Salajengna Allah ngusap tonggong Nabi Adam, maka marurag tina tonggongna satiap jiwa anu bakal diciptakan Alloh dugika poe Kiamat. Masing-masing turunanannana kauninga aya cahaya anu moncorong di antara dua socana. Waktos harita, Kangjeng Nabi Adam nyalira teu uninga saha aranjeuna anu moncorong cahaya di antara dua socana eta, sahingga Alloh maparin terang. “Manehna teh nyaeta turunan anjeun,” waler-Na. 

 

Sahingga moal deg kiamat samemeh sakabeh turunan anu dicandak sumpah sareng kasaksianannana gubrak lahir ka alam dunya. Kitu sakumaha anu parantos dijelaskeun ku Abu Muhammad Sahl dina Tafsir at-Tasturi, terbitan Darul Kutub al-‘Ilmiyyah, jilid 13, halaman 222.   

 

Sidang jumah anu dimulyakeun ku Allah, 
Teras naon eusi perjangjian urang sareng Alloh? Sareng naon tujuannana? Teras kumaha pertangung-jawabannana. 

 

Terasan ayat di luhur nguningakeun: 

 

أَلَسْتُ بِرَبِّكُمْ قَالُوا بَلَى شَهِدْنَا أَنْ تَقُولُوا يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِنَّا كُنَّا عَنْ هَذَا غَافِلِينَ

 

Hartosna, "(Allah ngadawuh),  “Kaula teh pangeran aranjeun sanes?” Aranjeuna ngawaler, “Leres (Salira teha Pangeran abdi sadaya), abdi janten saksi.” (Kaula migawe kitu) supaya dina poe Kiamat aranjeun teu nyieun alesan, “Saenya-enyana kaula (Bani Adam) nyaeta jalma-jalma anu laley kana (janji) ieu,” (QS. Al-A’raf [7] : 172).   

 

Maka dumasar ayat di luhur, urang teh tos ngabenerkeun pangkat kapangeranan Alloh. Secara teu langsung, urang tos ikror jauh sateuacan gubrag ka alam dunya bade ngaku kana kapangeranan Alloh, urang tos ngaku kana katunggalan Alloh, urang moal ibadah salian ti ka Alloh, urang moal nyuhunkeun pitulung salian ti ka Alloh. Sahingga konsekuensina, urang teu aya alesan teu ngaku pangeran ka Alloh. Di akhirat urang teu aya alesan ngaku poho jangji ka Alloh. Sabab, para nabi salawasna tos ngelingan kana eta jangji.   

 

Sumpah anu sarua oge tos dicandak ku Allah ti para nabi. 

 

وَإِذْ أَخَذْنَا مِنَ النَّبِيِّينَ مِيثَاقَهُمْ وَمِنْكَ وَمِنْ نُوحٍ وَإِبْرَاهِيمَ وَمُوسَى وَعِيسَى ابْنِ مَرْيَمَ وَأَخَذْنَا مِنْهُمْ مِيثَاقًا غَلِيظًا

 

Hartosna, “Jeung (sing emut) nalika kaula ngadamel perjangjian ti nabi-nabi, ti anjeun (nyalira) sareng ti Nabi Nuh, Nabi Ibrohim, Nabi Musa, oge  Nabi Isa putra Maryam, sareng kaula parantos nyandak ti aranjeuna perjangjian anu kuat,”  (Q.S. al-Ahzab [33]: 7).  

 

Bentenna, perjangjian Alloh sareng para nabi sanes soal mangerankeun Alloh, tapi supados saling nguatkeun antara hiji nabi sareng nabi sanesna, soal ngadugikeun risalah, sareng tugas-tugas kanabian sanesna.  

 

Hadirin rohimakumulloh, 
Saterasna, kunaon manusa bet jalir janji, malengos, sareng ingkar?  

 

Nya eta pisan sifat manusa. Maranehna poho kana jangji sorangan anu tos dikedalkeun di payunan pangeran. Matakna Alloh ngutus para rosul keur ngelingan jangji tadi. Sahingga teu aya hujjah atanapi alesan keur maranehna lamun teu ariman nalika ditagih jangji dina poe Kiamah jaga. Teu aya alesan, “Saenya-enyana kaula (Bani Adam) teh jalma-jalma anu laley kana jangji.” 
(QS. Al-A’raf [7] : 172).  

 

Tina ayat sareng hadis di luhur, tiasa dicandak sababaraha kasimpulan:  

  1. Saparantosna nyiptakeun Kangjeng Nabi Adam ‘alaihissalam, Alloh ngaluarkan sadaya calon turunannana.  
  2. Moal deg kiamat samemeh sadaya turunan Kangjeng Nabi Adam anu jangji ka Alloh gubrag ka alam dunya.  
  3. Nalika sadaya calon turunan Kangjeng Nabi Adam ‘alaihissalam digelarkeun ka alam dunya, maka Alloh ngayakeun perjangjian sareng aranjeuna. 
  4. Dina perjangjian eta, manusa tos pasini jangji keur mangeran ka Alloh. Sacara teu langsung, aranjeuna oge sumpah moal midua Alloh, moal ibadah ka salian ti ka Alloh, moal menta ka salian ti ka Alloh sareng saterasna.  
  5. Ngan hanjakal, manusa ngabogaan sifat poho sareng ingkar kana jangji anu tos dikedalkeun. 
  6. Maka para nabi sareng rosul diutus teu aya sanes keur ngelingan jangji tadi supaya manusa eling deui kana jangjina.  
  7. Sahingga di akherat, teu aya alesan keur maranehna poho jangji atanapi laley kana kapangerananan Alloh.  
 

Maka ngalangkungan gentos taun hijriah 1445 H, hayu urang ningkatkeun komitmen urang ka Alloh. Urang kedah mingkin kiat nyumponan jangji ka Alloh. Sabab eta jangji anu kedah dipertanggung-jawabkeun di payuneun Alloh. Moal aya alesan urang di payuneun Alloh, margi Alloh parantos ngutus nabi sareng rosul-Na. 

 

Sing emut, urang atos kedal jangji, jauh sateuacan gubrag ka alam dunya, bakal nauhidkeun Alloh, bakal mangeran ka Alloh, bakal ibadah ka Alloh, bakal menta hungkul ka Alloh, sahingga urang tiasa uih deui ka Alloh kalayan aya dina rohmat sareng rido-Na. Amin ya robbal alamin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.  اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.