Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngalajengkeun Sumanget Kurban dina Kahirupan Sapopoe

Kam, 29 Juni 2023 | 16:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngalajengkeun Sumanget Kurban dina Kahirupan Sapopoe

Ilustrasi Idul Adha. (Foto: NU Online)

Idul Adha merupakan momentum untuk meningkatkan ketakwaan sekaligus membangun kepasrahan seutuhnya kepada Allah. Selain itu, Idul Adha bersama dengan ibadah kurbannya juga memiliki dimensi spiritual sekaligus dimensi sosial yang harus kita jadikan momentum untuk membangkitkan semangat berkurban, baik dalam jihad di jalan Allah, dalam amar makruf nahi munkar, maupun dalam membantu sesama.

 

Untuk itu teks khutbah Bahasa Sunda berikut ini berjudul “Ngalajengkeun Sumanget Qurban dina Kahirupan Sapopoe” Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan dekstop). Semoga bermanfaat! (Redaksi).

 

Khutbah I

 

اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ أَنْعَمَنَا بِنِعْمَةِ الْاِيْمَانِ وَالْاِسْلَامِ ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَيْرِ الْأَنَامِ، وَعَلٰى اٰلِهِ وَأَصْحَابِهِ الْكِرَامِ، أَشْهَدُ اَنْ لَا اِلٰهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْقُدُّوْسُ السَّلَامُ وَأَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَحَبِيْبَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ الشَّرَفِ وَالْإِحْتِرَام ، أَمَّا بَعْدُ: فَيَاأَيُّهَا الْمُؤْمِنُوْنَ, اِتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ, وَاشْكُرُوْهُ عَلَى مَا هَدَاكُمْ لِلإِسْلاَمِ، وَأَوْلاَكُمْ مِنَ الْفَضْلِ وَالإِنْعَامِ، وَجَعَلَكُمْ مِنْ أُمَّةِ ذَوِى اْلأَرْحَامِ. قَالَ تَعَالَى : اِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ مِنْهَآاَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُ ە فَلَا تَظْلِمُوْا فِيْهِنَّ اَنْفُسَكُمْ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِيْنَ كَاۤفَّةً كَمَا يُقَاتِلُوْنَكُمْ كَاۤفَّةً وَاعْلَمُوْآ اَنَّ اللّٰهَ مَعَ الْمُتَّقيْنَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ

 

Ma’asyirol muslimin rohimakumulloh,
Tipayun, hayu urang panjatkeun rasa syukur ka Alloh swt, Pangeran anu parantos ngalimpahkeun rohmat, karunia, sareng ni’mat anu teu kaetang seueurna sahingga dina waktos ieu, urang tiasa sasarengan ngalaksanakeun salah sawios parentah-Na nyaeta netepan jumah berjamaah.    

 

Solawat sareng salam anu utama, mugia tetap dilimpahkeun ka Panutan Alam, ya’ni Kangjeng Nabi Muhammad saw. Rosul anu parantos nyandak umatna tina poekna kabodoan sareng kasyirikan kana caangna kapinteran sareng katauhidan. Solawat sareng salam oge mugi dikucurkeun ka para sahabatna, para tabiin, sareng tabiatna, dugika urang sadayana anu berusaha nuturkeun syareat jeung ajarannana kalayan di akhierat miharep kenging syafaatna. 

 

Hadirin anu mulya 
Salajengna, keur ngawujudkeun rasa syukur ka Alloh swt, maka hayu urang sami-sami nganelan kaimanan sareng katakwaan ka Mantenna ku cara ngalaksanakeun sagala parentah-Na oge ningalkeun sagala rupi panyegah-Na.

 

Sabab, takwa jadi ukuran mulya sareng henteuna hiji hamba di payuneun Nu Maha Kawasa. Sahingga takwa jadi jalan anu tangtu keur ngahontal kabagjaan dunya sinareng akheratna.

 

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh 
Kurban atanapi udhiyah dikawitan ti zaman Nabi Ibrohim anu diparentah Alloh swt ngalangkungan ngimpenna kanggo meuncit anu janten murangkalih anu pang dipikanyaahna nyaeta Ismail. Kataatan Ismail sareng katetegan Ibrohim tos kabuktian dina ngajalankeun parentah-Na. Namung, nalika beuheung Nabi Ismail parantos siap, Alloh harita keneh ngagantina ku beuheung hiji domba anu gede. Ku hal sakitu dugika ayeuna ngalangkungan Kangjeng Nabi Muhammad urang diparentah kanggo ngalaksanakeun ibadah kurban.   

 

فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَٱنْحَرْ. إِنَّآ أَعْطَيْنَٰكَ ٱلْكَوْثَرَ

 

Hartosna, “Saenya-enyana, Kaula parantos maparin anjeun ni’mat anu loba. Maka, pek laksanakeun sholat karana Pangeran anjeun, jeung pigawe ibadah qurban,” (QS. Al-Kautsar 1-2). 

 

Jamaah Jum'ah anu mulya, 
Ibadah qurban teh saleresna mah ngandung hikmah anu luar biasa ageungna. Sanes kanten ngandung dimensi spiritual, oge ngandung dimensi sosial. Qurban tiasa nyaketkeun diri hamba ka Allah swt, oge tiasa ngawangun kapedulian ka papada jalma. Daging anu dibagikeun ka jalma miskin mangrupakeun bentuk solidaritas anu kacida poharana keur ngawangun persatuan sareng kasatuan umat Islam.

 

Meuncit hewan kurban teras ngabagikeunnana ka balarea, saenya-enyana mah eta teh spirit atawa sumanget anu ku urang kedah dipiboga; imma dina kaayaan urang kurban atanapi henteu. Spirit keur paduli ka sasama, spirit keur nyebar kamanfaatan ka papada manusa, oge spirit ngorbankeun perkara anu berharga demi kajayaan agama.

 

Jamaah Jum'ah anu mulya
Numutkeun Dr Abdul Halim Mahmud, salah sawios ulama besar ti Timur Tengah, dina kitabna Rukn At-Tadhiyah ngajelaskeun yen dijadikeunnana kurban salaku salah sahiji sunnah Islam teh ngandung opat alesan anu tangtu. Kahiji, satiap tingkah amal dina syareat Islam sanajan lain wajib saperti ibadah kurban sapapaosna ngabutuhkeun kana pengorbanan. 

 

Kadua, antara udhiyyah (qurban) sareng at-tadhiyyah (pangorbanan) aya hubungan anu kuat. Duanana mangrupakeun upaya ngadeukeutkeun diri ka Alloh. Katilu, udhiyyah (qurban) sareng at-tadhiyyah (pangorbanan) ngawujudkeun ayana silih tulungan antara kaum muslimin, ngahijikeun jeung ngalindungi umat Islam, supaya kuat. Kaopat, antara udhiyyah (qurban) sareng at-tadhiyyah (pengorbanan) duanana ngahasilkeun kahadean keur jalma anu migawena. 

 

Jamaah Jum'ah anu dirohmat ku Alloh, 

Ti kawit sejarah kurban dimulai, oge ti kawit Kangjeng Nabi Muhammad saw diangkat janten rosul, maka praktek pangorbanan dina Islam parantos dikukuhkeun, bade pengorbanan ku harta, pengorbanan ku waktu,  wa imma pengorbanan ku pikiran, dugika pengorbanan ku nyawa. Matak hayu urang tingal pengorbanan total Kangjeng Rosul sareng Siti Khadijah ra. 

 

Siti Khodijah anu kalebet jalmi pang beungharna di kota Makkah waktos harita, saparantosna berjuang sareng Kangjeng Rosul, anjeuna janten sederhana ku sabab hartana seueur dianggo bekal dakwah, nyalametkan sareng nulungan kaum mukminin  anu kekirangan. 

 

Abu Bakar oge nyakitu keneh. Sahabat terkemuka ieu oge ngabebaskeun budak-budak muslim teh ku hartana nyalira. 

 

Nyakitu keneh para sahabat sanesna. Marantenna parantos nyurahkeun sadaya kamampuan kanggo merjuangkeun agama Islam. Salman Al-Farisi salah sawiosna. Anjeuna gaduh ide pertahanan anu berlian. Anjeuna ngadamel solokan keur ngahalangan pasukan lawan anu bade nyerbu kota Madinah. Ku sabab kitu, katelah eta perangna oge disebat perang khondaq atanapi perang solokan. 

 

Aya deui Khalid bin Walid. Sanajan asup Islamna tipengker, anjeuna berjasa luar biasa kanggo Islam. Kakuatan pikirannana dikerahkeun keur ngarancang startegi perang, sahingga kaum muslimin sapapaosna kenging kajayaan perang di bawah  komandona. 

 

Pengorbanan nyawa oge parantos ditunjukkeun ku generasi kahiji umat ieu. Ti kawit Sumayah sareng carogena anu jadi syuhada munggaran  anu dibunuh ku kaum kafir Quraisy lantaran teu daek balik kana kayakinan Jahiliyah. Jeung teu kaitung deui lobana syuhada anu gugur di medan perang Badar, perang Uhud, perang Khondaq, jeung perang anu sanesna. Aranjeuna ikhlas nyambut seruan jihad ku cara ngorbankeun nyawana sahingga jadi syuhada anu gugur di jalan Alloh.   

 

Tah saperti kitu pengorbanan generasi awal umat Islam, boh dina periode Makkiyah atanapi Madaniyah. Nyakitu keneh pangorbanan waktu oge parantos ditunjukkeun ku sadaya sahabat. Sahingga teu aya saurang pun di antawis aranjeuna kacuali ngorbankeun waktuna kanggo dakwah sareng ngabela agama mulya ieu. 

 

Jamaah Jum'ah anu dirohmat ku Allah, 
Dina waktos ieu, urang tos teu mendakan medan perang. Ngandung hartos  jihad fi sabilillah toh pati jiwa raga. Nanging medan pengorbanan anu sanesna masih terbuka lebar kanggo urang, di antarana:

 

Kahiji, amar ma'ruf nahi munkar. Ieu teh pangorbanan anu kedah salawasna aya sareng kedah dijalankeun ku urang sadayana. Sabab, moal nyebar ieu agama sareng moal tahan ieu agama lamun geus teu aya nu da’wah. Ku cara da’wah, akidah umat Islam bakal kuat sareng syiarna bakal nanjeur. Ku cara da’wah, umat Islam bakal kokoh dina kaislamannana. Ku da’wah, ajaran Islam tiasa berjalan secara kafah.  

 

Sarengna deui, parentah amar ma’ruf teh parantos diguratkeun kawajibannana dina Al-Quran, sakumaha dawuhan Allah:  

 

وَلْتَكُنْ مِنْكُمْ أُمَّةٌ يَدْعُونَ إِلَى الْخَيْرِ وَيَأْمُرُونَ بِالْمَعْرُوفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَأُولَئِكَ هُمُ الْمُفْلِحُونَ

 

Hartosna, “Sakedahna aya di antara aranjeun sagolongan umat anu ngagero kana kahadean, marentah kana perkara ma'ruf sareng nyegah tina perkara munkar. Sabab aranjeuna jalma-jalma anu untung,” (QS. Ali Imran [3]: 104)

 

Kadua, infaq sareng sedekah, bade anu wajib atanapi anu sunnah. Peryogi kauninga, muslim anu taat ka Alloh sapapaosna kedah nagalajengkeun spirit kurban ku cara ngaluarkan sedekah hartana di jalan kasaean, bade nu wajib sapertos zakat atanapi anu sunnah, bade anu tangtu waktu sareng takarannna atanapi anu hente. 

 

Ngalangkungan sedekah ka fakir miskin sareng kaum dhuafa', sanes kanten urang syukur ka Allah tapi urang teh berupaya kanggo ngukuhkeun kaislaman keur aranjeuna oge ngahirupkeun rasa saling pika cinta. Ulah dugika urang jadi pembohong agama anu teu aya kapedulian kana beban sasama.

 

Katilu, masihan sumbangsih sesuai sareng kamampuan masing-masing. Nalika hiji muslim kasab nyiar nafakah, sakedahna anjeuna nganiatan ibadah. Ku sabab kitu, anjeuna parantos turut ngawangun peradaban Islam, ngabantu sasama, nyebarkeun kahadean sareng kamanfaatan ka papada jalma. Ku niat ibadah, maka sagala daya sareng upaya anu kerahkeun, kacape, tanaga, bakal dianggap pengorbanan anu bernilai di payuneun Alloh. Sahingga jalma muslim anu ngagaduhan spirit kurban dina waktu anu sami bakal ngagaduhan sumangat keur ningkatkeun kinerja oge ngahontal prestasi.

 

Hadirin sadaya,
Mugia urang sadayana sapapaosna dipaparin kakiatan sareng kateguhan ku Alloh kanggo teras berkorban neraskeun sumanget qurban ku hewan anu rutin dilaksanakeun ku urang saban idul adha, demi ngahontal kabagjaan dunya sinareng akherat.

 

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِى الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّا كُمْ بِمَا فِيهِ مِنَ الْآيَاتِ وَذِكْرِ الحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ . اَقُوْلُ قَوْلِى هَذَا وَ اسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظيْمَ لِى وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ لْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ للّٰهِ وَكَفَى، وَأُصَلِّيْ وَأُسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى اٰلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ الْوَفَا. أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ عَلَى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ: إِنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى اٰلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى اٰلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ

 

 اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هٰذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً، إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ

 

عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.