Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Opat Kaayaan Anak dina Al-Quran

Kam, 13 Juli 2023 | 19:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Opat Kaayaan Anak dina Al-Quran

Ilustrasi anak dan orang tua. (Foto: NU Online/Freepik).

Al-Quran menyebutkan bahwa anak kita bisa menjadi penyejuk jiwa, menjadi perhiasan, namun bisa juga menjadi fitnah, ujian, bahkan musuh di akhirat. Semoga anak kita menjadi penenang hati, penyejuk jiwa, dan jauh dari fitnah apalagi menjadi musuh di akhirat.

 

Teks khutbah Idul Adha Bahasa Sunda berikut ini berjudul “Opat Kaayaan Anak dina Al-Quran”. Untuk mencetak naskah khutbah ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi)

 

Khutbah I 

 

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، الَّذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ وَمَا أَخْفَاهُ، الْمُتَكَفِّلُ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلاَ يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَاأَعْطَاهُ. أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ

 

 أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكٌمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ ﴿ يا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ مِنْ أَزْواجِكُمْ وَأَوْلادِكُمْ عَدُوًّا لَكُمْ فَاحْذَرُوهُمْ ﴾،صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ

 

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh
Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu kedah dikedalkeun ku urang sadayana di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji syukur ka Alloh. Dzat anu maha nyipta sareng ngatur sadaya alam. Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang dugika waktos ieu pisan, terutami ni’mat taufiq sareng hidayah. Sahingga urang tiasa kempel di tempat anu mulya ieu dina raraga turut tumut kana salah sawios parentah-Na nyaeta solat jumah berjamaah.

 

Solawat sareng anu utama mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, yakne Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat ka sadayana alam. Solawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, sareng para tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana anu ngarep-ngarep syafaatna di yaomil jaza.

 

Hadirin sadayana
Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib bade wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka kadang wargi ahli jum’ah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya sinareng akherat. Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga ngajalankeun parentah Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia urang sadayana sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Alloh swt. dina sagala laku lampah di alam dunya dina raraga ngabakti kanu Maha Kawasa kalih rosul-Na.

 

Hadirin sidang jumah anu mulya 
Urang kedah emut, yen murangkalih urang teh anugrah ti Nu Maha Kawasa. Murangkalih oge amanah sareng perhiasan keur urang, sakaligus janten pangbeberah hate sareng kabanggaan dunya kalih akheratna. Ngan di sagigireun ti eta, murangkalih oge tiasa janten fitnah atanapi ujian, malahan tiasa janten musuh keur urang engke di alam baqa. Salajengna, iraha atuh murangkalih urang tiasa janten musuh, janten ujian, janten perhiasan sareng janten pangbeberah hate?

 

Al-Quran parantos ngajelaskeun yen aya opat kaayaan murangkalih kanggo urang sadayana.

 

Kahiji, murangkalih tiasa janten penenang hate, penyejuk jiwa, sareng pamingpin jalmi-jalmi anu takwa. Kaayaan ieu janten kaayaan anu pang saena sareng pang luhurna. Hal ieu parantos diuningakeun dina doa Al-Quran anu sok rajin diaos ku urang.

 

رَبَّنا هَبْ لَنا مِنْ أَزْواجِنا وَذُرِّيَّاتِنا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنا لِلْمُتَّقِينَ إِماماً

 

Hartosna: “He Pangeran abdi sadaya, anugrahkeun ka abdi sadaya, istri-istri sareng turunan abdi sadaya salaku panenang hate, sareng jantenkeun abdi sadaya imam kanggo jalmi-jalmi anu takwa,” (Q.S. al-Furqan [25]: 74).

 

Para ulama tafsir parantos nyebatkeun, maksad qurrota a’yun dina ayat di luhur, nyaeta murangkalih anu soleh, taat ka Alloh sareng rosul-Na, bakti ka ibu-rama, manfaat kanggo sasama. Matak teu heran, murangkali anu ngagaduhan perangai sapertos kitu bakal janten pamingpin ka jalmi-jalmi takwa di dunya sareng akherat.

 

Nanging, kriteria murangkalih anu sapertos kitu teu lahir kitu wae. Diperyogikeun perjuangan anu keras ti urang salaku sepuhna kanggo ngasuh, ngabina, sareng ngadidikna, malihan tos pasti ngabiayaanna.  Oge nu teu eleh pentingna,  nyaeta doa, imma ti urang salaku orang tua atanapi doa ti jalmi-jalmi saroleh.

 

Langkung paosna tiasa ditinggal Tafsir Muqatil ibn Sulaiman, terbitan Darul Ihya at-Turats, jilid 3, kaca 242.

 

Hadirin sidang jumah anu mulya 
Kadua, kaayaan murangkalih salaku perhiasan dunya. Hal ieu sakumaha anu diuningakeun dina ayat Al-Quran:     

 

الْمَالُ وَالْبَنُونَ زِينَةُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا

 

Hartosna, “Harta sareng murangkalih teh perhiasan kahirupan dunya,” (QS. Al-Kahfi [18]: 46).

 

Dina ayat ieu, murangkalih diposisikeun janten perhiasan sareng kakayaan dunya kanggo orang tuana. Layakna perhiasan sareng kekayaan, murangkalih diperlakukeun, dijaga, malihan disayang sahade-hadena ku para sepuhna. Kaitan sareng kaayaan ieu, murangkalih disajajarkeun sareng hiasan sareng kakayaan dunya nu sanesna, sakumaha anu diisyaratkan dina ayat anu sanes.

 

زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهَوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِينَ وَالْقَنَاطِيرِ الْمُقَنْطَرَةِ مِنَ الذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَالْخَيْلِ الْمُسَوَّمَةِ وَالْأَنْعَامِ وَالْحَرْثِ ذَلِكَ مَتَاعُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا

 

Hartosna: “Dijantenkeun endah dina (paningal) manusia kacintaan kana perkara-perkara anu dipikahayang, nyaeta istri, murangkalih, harta anu seueur tina jenis emas, perak, kuda pilihan, hewan ternak, sareng ladang pepelakan. Eta teh kasenangan di dunya,” (QS. Ali ‘Imran [3]: 14).

 

Nanging, kacintaan anu kaleuleuwihan ngajantenkeun para orang tua bakal terlena sareng ngalaleykeun hal-hal anu ngabahayakeun si murangkalih nyalira. Nalika tos laley, para sepuh bakal hilap yen perlakuan anu dipasihkeun ka murangkalihna bakal ngaruksak masa depan murangkalih anu dipikanyaahna. Ku sabab kitu, dina ayat anu sanes, Alloh parantos maparin peringatan, supaya kakayaan sareng turunan ulah dugika ngalaleykeun urang. 

 

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلَا أَوْلَادُكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللَّهِ وَمَنْ يَفْعَلْ ذَلِكَ فَأُولَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ

 

Hartosna: “He jalmi-jalmi anu iman, ulah dugika harta aranjeun sareng murangkalih aranjeun ngalaleykeun aranjeun tina emut ka Alloh. Sing saha jalma anu midamel kitu maka maranehna eta jalmi-jalmi anu rugi,” (QS. Al-Munafiqun [63]: 9).  

 

Ahli jumah rohimakumulloh 
Katilu, murangkalih salaku fitnah atanapi ujian, sakumaha anu diuningakeun dina ayat:  

 

إِنَّمَا أَمْوَالُكُمْ وَأَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ وَاللَّهُ عِنْدَهُ أَجْرٌ عَظِيمٌ

 

Hartosna: “Saenya-enyana, harta aranjeun ukur cobaan (keur aranjeun), sareng di sisi Alloh-lah pahala anu ageung,” (QS. At-Taghabun [64]: 15). 

 

Mungkin ieu anu dimaksad murangkalih janten amanah atanapi titipan anu kedah dijagi kalayan leres-leres teh. Dipinuhan hak-hakna, dipikanyaah, dirawat, dididik supaya ngabogaan masa depan anu cerah sareng tiasa ngabagjakeun orang tuana. Sing emut yen Alloh ngagaduhan balesan anu ageung keur jalmi-jalmi anu ngajagi amanah. Maka ulah rek disia-siakeun jiwa sareng raga murangkalih urang, ulah dibunuh murangkalih urang ku sabab alesan sieun miskin. Kitu pisan sakumaha anu didugikeun dina Al-Quran, “Jeung anjeun ulah rek ngabunuh anak-anak aranjeun ku sabab sieun miskin. Kaula anu bakal mere rezeki ka maranehna jeung oge ka aranjeun. Saenya-enyana ari ngabunuh maranehna nyaeta hiji dosa anu gede,” (QS. Al-Isra’ [17]: 31). 

 

Kaopat, murangkalih bakal janten musuh. Hal ieu parantos diuningakeun dina ayat Al-Quran. 

 

يا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ مِنْ أَزْواجِكُمْ وَأَوْلادِكُمْ عَدُوًّا لَكُمْ فَاحْذَرُوهُمْ وَإِنْ تَعْفُوا وَتَصْفَحُوا وَتَغْفِرُوا فَإِنَّ اللَّهَ غَفُورٌ رَحِيمٌ

 

Hartosna: “He jalma-jalma mu’min, saenya-enyana di antara istri-istri aranjeun sareng anak-anak aranjeun aya anu jadi musuh keur aranjeun, maka kedah ati-ati aranjeun ka maranehna,” (QS. At-Taghabun [64]: 14).

 

Sapalihna mufasir ngajelaskeun, maksad murangkalih janten musuh di dieu teh nyaeta janten pihak anu ngahalang-halang jalan Alloh, ngarintangan jalan kataatan. Makana, urang kedah ati-ati supaya teu dikusrukkeun ku murangkalih urang. Hal ieu pernah kajantenan ka para sahabat sawaktos bade hijrah nuturkeun Kangjeng Rosul nanging dihalang-halang ku murangkalihna.  

 

Nanging, mufasir anu sanes nguningakeun, maksad janten musuh di dinya nyaeta musuh anu aya dina Kiamat, dimana antawis orang tua sareng anak, antara hiji jalma sareng karabatna sanes hungkul dipisahkeun, nanging bermusuhan, malihan saling gugat sareng saling dakwa, akibat hak masing-masing teu dicumponan, kazoliman di antara aranjeun sawaktu di dunya, sareng seterasna. Hal ieu dumasar kana ayat sanes anu nyebatkeun: 

 

لَنْ تَنْفَعَكُمْ أَرْحَامُكُمْ وَلَا أَوْلَادُكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ يَفْصِلُ بَيْنَكُمْ 

 

Hartosna: “Karib kerabat sareng anak-anak aranjeun leres-leres moal manfaat keur aranjeun dina poe Kiamat. Manehna bakal misahkan antara aranjeun,” (QS. Al-Mumtahanah [60]: 3). 

 

Hadirin anu mulya 
Tah kitu kaayaan murangkalih dina Al-Quran. Mugia murangkalih urang mah sing janten murangkalih anu soleh sareng saleha, ngabanggakeun ka urang salaku orang tuana, taat ka Alloh kalih rosul-Na, bakti ka ibu rama, sahingga janten pang beberah manah, kabanggaan kanggo urang, oge janten syafaat di akherat. Amin ya mujibas-sailin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.  

 

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ ، رَبَّنا هَبْ لَنا مِنْ أَزْواجِنا وَذُرِّيَّاتِنا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنا لِلْمُتَّقِينَ إِماماً، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ


عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.