Khutbah

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Nitenan Hasil Ibadah di Bulan Romadon 

Sab, 6 April 2024 | 21:00 WIB

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Nitenan Hasil Ibadah di Bulan Romadon 

Ilustrasi Idul Fitri. (Foto: NU Online)

Naskah khutbah Idul Fitri berbahasa Sunda ini mengajak para jamaah untuk mengevaluasi ibadah-ibadah yang telah ditunaikan selama bulan Ramadhan. Dari evaluasi itu, diharapkan ada motivasi untuk bisa mempertahankan ibadah yang sudah baik dan membenahi ibadah yang belum baik pada bulan-bulan mendatang.  

 

Khutbah Idul Fitri berbahasa Sunda berjudul, “Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Nitenan Hasil Ibadah Urang di Bulan Romadon”. Untuk mencetaknya, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! 

 

Khutbah I

 

اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) وَ لِلّٰهِ اْلحَمْدُ، اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلَّا إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ جَعَلَ شَهْرَ الصِّيَامِ غُزَّةَ وَجْهِ الْعَامِّ، وَأَجْزَلَ فِيْهِ الْفَضَائِلَ وَالْاِنْعَامَ، وَفَضَّلَ أَيَّامَهُ عَلَى سَائِرِ الْأَيَّامِ. وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اَلْمَبْعُوْثِ عَلَى جَمِيْعِ الْأَنَامِ، وَعَلَى أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ هُدَاةِ الْأَنَامِ وَمَصَابِيْحِ الظَّلَامِ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اِلَهٌ تَفَرَّدَ بِالْكَمَالِ وَالتَّمَامِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ أَفْضَلُ مَنْ صَلَّى وَصَامَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْ شُبِّهُوْا بِالْأَنْجَامِ، فَمَنْ تَبِعَهُ فَقَدْ نَالَ سُبُلَ التَّامِّ 

أَمَّا بَعْدُ، فَيآ أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمْ اللهُ، أُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ، بِامْتِثَالِ أَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. وَقَالَ أَيْضًا: وَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ ،صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمَ

 

Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah 
Hamdan wa syukron lillah mangrupakeun kalimah pang sae-saena nu kedah diucapkeun ku urang sadayana kanggo nunjukkeun rasa kabungah jeung rasa syukur ka Alloh Robbun Gofur dina waktos ayeuna. Dzat anu Maha Welas Asih oge parantos maparin rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana, kalebet ni’mat kasempetan kanggo ngalaksanakeun puasa Romadon kalayan mungkasna ku ngalaksanakeun netepan sunah Idul Fitri dina enjing ayeuna.  

 

Solawat kalih salam anu utama mugia tetep dikucurkeun ka panutan urang, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad anu mulya, nabi tos nyandak cahaya kaimanan kanggo urang sadayana. Solawat kalih salam oge mugia sing dipaparinkeun ka para sahabatna, kulawargina, dugika urang sadayana anu teu weleh-weleh miharep syafaatna. 

 

Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, 

Ngalangkungan minbar anu mulya ieu, khotib seja wasiat ka diri khotib nyalira, ka kulawargi, miwah ka jamaah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt. Sabab, takwa mangrupakeun bekel anu pangsae-saena dina raraga mayunan kahirupan dunya kalih akheratna. 

 

Salajengna, khotib umajak ka sadayana hayu sami-sami nitenan kekengingan ibadah urang sadayana. Naha ibadah anu dilaksanakeun ku urang teh tos maksimal? tos pantes kenging rido Nu Maha Kawasa? tos mampu nganteurkeun diri urang ka katakwaan? 

 

Dina raraga nitenan hasil ibadah urang anu neme pisan ku urang dilakokan, sakirang-kirangna aya dua golongan jalma anu tiasa ku urang diperhatoskeun. 

 

Kahiji, golongan jalma-jalma anu apal jeung nyumponan kana hak-hakna Romadon sakumaha anu tos ditangtoskeun ku Alloh. Golongan anu kahiji ieu, beurangna ngalaksanakeun puasa, bari buka ku katuangan-katuangan anu halal kalayan teu kaleuleuwihan, teras peutingna ngalaksanakeun qiyamul lail atanapi ibadah peuting nu sanesna. 

 

Salian ti eta, shalat fardhuna oge teu kakantun dilaksanakeun kalayan berjamaah, sholat sunatna nyakitu keneh, bari jeung satiap parkara nu dilarang ku Alloh ku aranjeuna dijauhan. Aranjeuna soson-soson dina ngeusian bulan Romadon sabab hoyong pisan janten hamba anu iman tur takwa, bari kenging panghampura sareng rido Alloh swt. 

 

Golongan ieu Insyaalloh kalebet golongan anu untung sareng istimewa di payuneun Alloh swt sahingga pantes ngengingkeun balesan sareng pahala anu sae ti Mantenna. Tah dina poe lebaran ieu teh aranjeunna mah panen ganjaran sareng panghampura kalayan di akherat layak ngengingkeun balesan anu langkung ageung deui.

 

Kacape jeung kapeurih dina ngajalankeun ibadah baris dibales ku Alloh jaga ku balesan anu berlipat-lipat ganda, sakumaha anu parantos dijangjikeun ku Mantenna dina Al-Quran:

 

وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ

 

Hartosna, “Jeung hungkul dina poe Kiamah bakal dibikeun kalayan sampurna balesan aranjeun. Sing saha wae dijauhkeun tina siksa naraka jeung diasupkeun ka surga maka manehna temen-temen geus kenging kauntungan,” (QS. Ali Imran [3]: 185).  

 

Imam Fakhruddin Ar-Razi dina Tafsir Mafatihul Ghaib parantos nguningakeun, yen ari puncak balesan ibadah anu dilakukeun ku jalma-jalma anu ariman teh nyaeta di akherat. Aranjeuna bakal kenging balesan anu kacida istimewa ti Alloh ku sabab kasuksesannana salami di alam dunia. 

 

Balesan eta teh mangrupakeun balesan surga anu pinuh ku kani’matan di jerona. Aranjeuna bakal ngengingkeun kabagjaan anu teu aya wates wangenna, bagja sabab pinuh ku kabungahan jeung kesenangan.  

 

Tah sadayana ni’mat eta teh bakal dipasihkeun ka golongan kahiji, nyaeta golongan jalma-jalma anu nyumponan hak-hak Romadon ku cara beurangna ngalakonan puasa, magribna buka ku katuangan anu halal bari jeung teu kaleuleuwihan, peutingna aranjeuna ibadah nyaketkeun diri ka Alloh swt. Bari teu hilap aranjeuna ninggalkeun satiap perkara anu dilarang ku Alloh.   

 

اللهُ أَكْبَرُ ٣×، لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ

 

Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, 
Kadua, golongan jalma-jalma anu teu ngahormat kana kaagungan bulan Romadhon, sumawona lamun nyumponan hak-hakna. Aranjeuna teu emut kana perentah Allah ku sabab hatena sombong tur tebih tina kaimanan. Aranjeuna teu daek ngalakonan puasa. 

 

Akibatna, Romadon tinggal Romadon, tapi dirina mingkin jauh ti pangeran. Tah golongan sarupi kieu teh sasuai sareng pidawuh Alloh dina Al-Qur’an:   

 

إِنَّ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَاسْتَكْبَرُوا عَنْهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمْ أَبْوَابُ السَّمَاءِ وَلَا يَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ حَتَّى يَلِجَ الْجَمَلُ فِي سَمِّ الْخِيَاطِ وَكَذَلِكَ نَجْزِي الْمُجْرِمِينَ   

 

Hartosna, “Saenya-enyana jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kaula jeung nyombongkeun diri kana eta ayat-ayat Kaula, moal dibukakeun panto-panto langit keur maranehna, nyakitu keneh maranehna moal asup ka surga, samemeh sato onta asup kana liang jarum. Kitu pisan Kaula mere balesan ka jalma-jalma anu jahat,” (QS Al-A’raf: 40).     

 

Dina Tafsir Khawatirul Umam, Syekh Asy-Sya’rawi nguningakeun, jalma-jalma anu teu daek ngalaksanakeun parentah Alloh, ku sabab sombong jeung teu percaya kana ayat-ayat Alloh, maka maranehna bakal meunang siksaan anu kacida peurihna. Maranehna moal ngasaan ni’matna surga jeung kani’matannana. Nu aya justru maranehna diasupkeun kana siksa seuneu naraka. Naudzu billah    

 

Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh,

Tah eta dua golongan anu bisa dijadikan euntung ku urang dina raraga nitenan hasil ibadah jeung pepeling diri urang salami bulan Ramadhan. Kinten-kinten, urang kalebet golongan mana? Sabab, ukur urang nyalira anu tiasa ngukur sareng meunteun hasil ibadah urang. 

 

Lamun urang kalebet golongan anu kadua, maka meungpeung masih aya kasempetan, ti kawit ayeuna hayu urang sami-sami ngomean diri supaya kaluar tina Romadon ieu urang janten hamba anu takwa jeung caket kana ridona Alloh swt. 

 

اللهُ أَكْبَرُ ٣× وَللهِ الْحَمْد

 

Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, 
Sanaos urang teu acan maksimal ngalebetan sasih Romadon, nanging sahenteuna urang tos berusaha ngalaksanakeun sapalihna ibadah Romadon, bade nu fardhu atanapi nu sunahna. Ti kawit puasa, sholat fardhu, sholat sunat, taraweh, tadarus, i’tikaf, zakat, infaq, sodaqoh, sareng sajabina. 

 

Mudah-mudahan urang sadayana digolongkan ku Allah swt janten golongan anu kahiji, nyaeta golongan jalma-jalma anu bener-bener nyumponan hak-hak Ramadhan, sahingga tiasa ngengingkeun balesan anu istimewa ti Mantenna, kalayan dijauhkeun tina golongan nu kadua, nyaeta golongan jalma-jalma anu lalawora nyumponan hak Romadon ku sabab sombong jeung ngabohongkeun ayat-ayat-Na.   

 

Sanajan kitu, bulan Romadon mangrupikeun madrasah kanggo urang sadayana ngomean diri. Lamun, dina bulan Romadon anu tos kalangkung urang gagal ngomean diri, maka Insyaalloh dina bulan-bulan salajengna urang masih aya kasempetan kanggo ngalaksanakeunnana. 

 

Salami urang gaduh tekad anu kiat kanggo diajar tobat sareng ngabakti kanu Maha Suci, Insya Alloh urang bakal kenging pitulung Mantenna. Sing emut, lebaran sanes keur jalmi anu gentos acuk weuteuh, tapi keur jalmi anu nambah katakwaan, sakumaha dawuhan Syekh Ibnu Rojab dalam Lathaiful Ma’arif: 

 

لَيْسَ ‌الْعِيْدُ لِمَنْ ‌لَبِسَ ‌الْجَدِيْدُ، إِنَّمَا الْعِيْدُ لِمَنْ طَاعَتُهُ تَزِيْدُ

 

جَعَلَناَ الله ُوَإِياَّكُمْ مِنَ العاَئِدِيْنَ وَالفَآئِزِيْنَ وَأَدْخَلَناَ وَاِيَّاكُمْ فِيْ زُمْرَةِ عِباَدِهِ المُتَّقِيْنَ. بَارَكَ الله ُلِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ 

 

Khutbah II

 

اللهُ اَكْبَرْ ٣× اللهُ اَكْبَرْ ٤ ×. اللهُ اَكْبَرْ كَبِيْرًا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَ أَصْيْلاً لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ. 

الْحَمْدُ للهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا أَمَرَ. وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اِقْرَارًا بِرُبُوْبِيَّتِهِ وَاِرْغَامًا لِمَنْ جَحَدَ بِهِ وَكَفَرَ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْبَشَرِ. اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ الْمَصَابِيْحِ الْغَرَرِ. مَا اتَّصَلَتْ عَيْنٌ بِنَظَرٍ وَاُذُنٌ بِخَبَرٍ. مِنْ يَوْمِنَا هَذَا إِلَى يَوْمِ الْمَحْشَرِ. 

أَمَّا بَعْدُ فَيَاأَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا أَمَرَ. وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَحَذَّرَ. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ تَبَارَكَ وَتَعَالَى اَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَنَّى بِمَلَا ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ. فَقَالَ تَعَالَى وَلَمْ يَزَلْ قَائِلًا عَلِيْمًا. إِنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ. يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ جَدِّ الْحَسَنِ وَالْحُسَيْنِ وَعَلَى أَلِهِ وِأَصْحَابِهِ خَيْرِ أَهْلِ الدَّارَيْنِ آمِيْن يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ, وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ, اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ. رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ. 

 اللهُمَّ أَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ الْمُوَحِّدِيْن وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ. وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. 

اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْـأَلُكَ اِيْمَانًا دَائِمًا، وَنَسْأَلُكَ قَلْبًا خَاشِعًا، وَنَسْأَلُكَ عِلْمًا نَافِعًا، وَنَسْأَلُكَ يَقِيْنًا صَادِقًا، وَنَسْأَلُكَ عَمَلاً صَالِحًا، وَنَسْأَلُكَ دِيْنًاقَيِّمًا، وَنَسْأَلُكَ خَيْرًا كَثِيْرًا، وَنَسْأَلُكَ  الْعَفْوَ وَالْعَافِيَةَ وَنَسْأَلُكَ تَمَامَ الْعَافِيَةِ، وَنَسْأَلُكَ الشُّكْرَ عَلَى الْعَافِيَةِ، وَنَسْأَلُكَ الْغِنَاءَ عَنِ النّاس

اَللهُمَّ رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا صَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَتَخُشُّعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَا اَللهُ يَااَللهُ يَااَللهُ يَااَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

اللّهُمَّ ارْزُقْنَا الصَّبْرَ عَلى الحَقِّ وَالثَّبَاتَ عَلَى الأَمْرِ والعَاقِبَةَ الحَسَنَةَ والعَافِيَةَ مِنْ كُلِّ بَلِيَّةٍ والسَّلاَمَةَ مِنْ كلِّ إِثْمٍ والغَنِيْمَةَ مِنْ كل بِرٍّ والفَوْزَ بِالجَنَّةِ والنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ. رَبَّنا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الاخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار عِبَادَاللهِ. 

اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَالْمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.