Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Puasa Umat Zaman Baheula 

Kam, 16 Maret 2023 | 10:30 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Puasa Umat Zaman Baheula 

Ilustrasi Puasa. (Foto: NU Online)

Dalam rangka menyambut bulan suci Ramadhan, kali ini akan disajikan khutbah bahasa Sunda bertema “Puasa Umat Zaman Baheula” yang berarti puasa umat terdahulu. Tema ini memperkenalkan ragam dan bentuk ibadah puasa yang pernah dijalankan umat-umat terdahulu, bahkan sebagian ada yang menjadi sunah Rosulullah dan umatnya.

 

Melalui khutbah ini, penulis juga hendak membenarkan dan membuktikan firman Alloh dalam Al-Quran yang menyebutkan, “...sebagaimana (puasa) diwajibkan atas orang-orang sebelum kamu.” Lantas seperti apa bentuk dan cara puasa mereka? Kapan mereka puasa?

 

Khutbah I

 

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

 

Hadirin Sidang Jumah anu Mulya
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Robbun Gafur, Dzat anu teu weleh-weleh maparin tur ngucuran ni’mat ka urang sadayana. Terutami ni’mat iman, islam, ihsan, tur ni’mat kasehatan. Sahingga dina waktos ieu urang sadayana tiasa sasarengan aya dina tempat anu mulya kalayan siap sadia kanggo ngalaksanakeun netepan Jumah.

 

Solawat sareng salam anu utama mugia salaminya sing dikocorkeun ka Jungjungan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, anu diutus janten cahaya anu nyaangan ka urang sadayana. Solawat sareng salam oge mugia sing dilimpahkeun ka para sahabatna, tabiin, tabiatna, dugika urang sadaya salaku umatna. Mudah-mudahan di akherat urang kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.

 

Hadirin anu mulya,
Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, langkung ti payun khotib umajak ka sidang Jumah sadayan, hayu urang sami-sami ningkatkeun oge nanjeurkeun katakwaan ka Alloh swt. Sabab, teu aya deui hiji-hijina bekel nu paling hade keur urang sadaya, utamana keur mayunan kahirupan akherat jaga nyaeta katakwaan. Takwa ngandung harti sieun ku Alloh, takwa ngandung harti ngawaro kana parentah Alloh, takwa ngandung harti waspada nyorang perkara nu dibendu ku Alloh. Mugi urang sadaya sing diistiqomahkeun dina raraga taat ka Mantenna, oge diraksa tina perkara-perkara anu ngundang bendu ti Mantenna. Amin ya robbal alamin.

 

Hadirin sadayana, 
Kirang langkung samingon deui urang baris lebet bulan suci Romadon. Ku hal sakitu, hayu urang sambut kalayan suka cita jeung gumbira, urang siapkeun sagala rupina, jiwa raga urang, jasmani jeung rohani, fisik jeung mentalna, kanggo mayunan ibadah puasa. Sabab, moal sampurna urang ngalebetan bulan puasa, nalika jasmani urang kuat, tapi rohani teu kuat, fisik kuat tapi mental teu kuat. Janten kedah sagala rupina ku urang dipersiapkeun ngarah urang soson-soson ibadah ka Alloh. Estu teu galideur jeung teu aya halangan harungan.

 

Salajengna, saupamina nitenan ayat anu parantos diaoskeun ku khotib dina muqodimah tadi, Alloh parantos ngunikeun yen parentah puasa teh lain keur urang hungkul. Tapi geus diwajibkeun ka umat-umat sateuacan urang, sateuacan umat Kangjeng Rosul saw. Ngandung harti, ieu parentah puasa lain parenah anyar ka Kangjeng Rosul oge umatna, tapi geus dijalankeun ku umat-umat anu sejenna sateuacan urang

 

Kitu pisan unggelna ayat Al-Quran dina surat Al-Baqorah.

 

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ 

 

Hartina, “He jalma-jalma anu iman, geus diwajibkeun keur aranjeun ibadah puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun, supaya aranjeun tarakwa,” (QS. Al-Baqorah [2]: 183).

 

Dina eta ayat ditetelakeun, yen Alloh parantos ngawajibkeun ibadah puasa ka umat-umat anu sanes salian ti umat Kangjeng Nabi Muhammad.

 

Ngutip katerangan Abu Ja‘far, Imam Ath-Thabari nguningakeun yen para ulama tafsir nyalira beda pandangan perkawis maksad harti ayat “sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun.” Sabagian ulama aya anu nyebatkeun, yen anu ditekenkeun kawajiban puasana. Sabagian aya anu nekenkeun umat-umat atanapi jalmi-jalmi anu puasa zaman baheula. Sok sanaos kitu, dua katerangan eta ngagaduhan dasar masing-masing. (Tingal: Tafsir Imam Ath-Thabari Jilid 3, halaman 410).

 

Lamun anu ditekenkeun ibadah puasana, maka urang tiasa ngalacak prak-prakan umat baheula ngajalankeun puasa. Sapertos umat Yahudi anu parantos biasa ngajalankeun puasa Asyuro, nyaeta puasa dina kaping 10 sasih Muharrom, sakumaha anu sok dipidamel ku Kangjeng Rosul.

 

Ibnu ‘Abbas parantos ngariwayatkeun, “Sawaktos dongkap ka Madinah, Rosululloh saw. ningal kaum Yahudi nuju paruasa dina poe ‘Asyura. Mantenna tumaros, ‘Dinten naon ieu teh?’ Kaum Yahudi ngawaler, ‘Ieu teh poe anu agung dimana Alloh parantos nyalametkeun Musa sareng neuleumkeun bala tentara Fir‘aun. Maka kaum Yahudi ngalaksanakeun puasa nunjukkeun rasa syukur.”Anjeuna teras ngadawuh, ‘Kaula tangtu leuwih utama ka Musa jeung lebih hak ngajalankeun puasa ieu tibatan aranjeun.’ Maka teras Kangjeng Rosul ngalaksanakeun puasa sareng miwarang para sahabat kanggo ngajankeun puasa Asyuro.”

 

Nyakitu keneh umat Nasrani. Maranehna parantos dipiwarang ngalaksanakeun ibadah puasa. Malih lamina oge sabulan. Mung hanjakal maranehna teu patuh dina ngajalankeunnana. Malahan, lamun bulan puasa pareng jeung usum panas, sok dipindahkeun ka umum tiris, sabari ditambah 20 poe. Jadi maranehna puasa 50 poe kabehna. Kitu numutkeun katerangan Imam Ath-Thabari anu ditampi ti Musa bin Harun, ti Amr bin Hammad, ti Asbath, ti As-Suddi.

 

Nu leuwih dipake beurat ku umat Nasrani nyaeta puasana kudu dilaksanakeun dina waktu anu lila. Malahn saparantos sare atawa waktu isya, maranehna teu meunang barang dahar jeung teu meunang kumpul salaki-pamajikan.

 

Hal sarupa kitu oge terjadi ka kaum Muslimin dina mimiti kenging parentah puasa Romadon. Salah sawiosna sahabat Abu Qais ibn Shirmah sareng Sayidina Umar bin Al-Khathab.

 

Kacaturkeun, dina hiji peuting, Sayyidina ‘Umar bin Al-Khathab nyarengan Kangjeng Rosul saw. dugika uih wengi ka bumina, malihan ningal istrina parantos kulem. Rupina dina waktos harita, Sayyidina ‘Umar hoyong campur sareng istrina. Tapi, ditolak ku istrina, “Kaula parantos sare!” Sanaos kitu, peuting harita, Sayidina Umar gaul sareng istrina.

 

Dina wanci isukna, Sayyidina ‘Umar nepangan Kangjeng Rosul, sareng ngadugikan kajantenan peuting tadi. Maka Allah ngalungsurkeun ayat:

 

أُحِلَّ لَكُمْ لَيْلَةَ الصِّيَامِ الرَّفَثُ إِلَى نِسَائِكُمْ 

 

Hartina, “Dihalalkan keur aranjeun dina peuting bulan puasa campur gaul jeung istri-istri aranjeun,” (QS. al-Baqarah [2] 187).

 

Dina Tafsir Ats-Tsa‘labi oge disebatkeun yen Nabi Adam as. kantos ngajalankeun puasa tilu dinten. Sawaktos diturunkan ti surga ka bumi, salirana kaduruk ku panonpoe, sahingga awakna hideung. Teras, anjeuna puasa tilu poe, nyaeta 13, 14, sareng 15.” Puasa ieu disebat puasa “ayyamul bidh” atawa “poe-poe bodas” sakumaha anu ku Kangjeng Rosul dipidamel oge disunahkeun ka umatna.

 

Dina Tafsir Ath-Thabari oge diuningakeun, puasa ‘Asyura kantos deui dilaksanakeun ku Nabi Nuh a.s. sawaktos lungsur kalayan salamet tina kapal anu ditumpakannana. Teu hilap, anjeuna marentah ka para panumpang sanesna, kanggo ngiringan puasa keur nunjukkeun rasa syukur ka Alloh swt.

 

Saterasna, puasa umat-umat baheula tiasa dilacak ngalangkungan pidawuh Kangjeng Rosul saw. sawaktos ditaros ku hiji pameget, “Kumaha numutkeun salira, perkawis jalmi anu puasa sadinten sareng buka sadinten?” Mantenna ngawaler, “Eta puasana dulur kaula, Dawud as.”

 

Dina hadis sanesna, anjeuna ngadawuh:

 

أَفْضَلُ الصَّوْمِ صَوْمُ أَخِي دَاوُدَ، كَانَ يَصُومُ يَوْمًا وَيُفْطِرُ يَوْمًا    

 

Hartosna, “Pang hade-hadena puasa nyaeta puasa dulur kaula, Dawud as. Anjeuna puasa sapoe jeung buka sapoe, (H.R. Ahmad).

 

Dumasar kana hadis eta, Nabi Dawud a.s. gaduh  kebiasaan puasa selang sapoe. Salajengna puasa eta disunahkan ku Kangjeng Rosul saw. ka umatna, saperti halnya puasa ‘Asyura jeung puasa “ayyamul bidh”.

 

Tina sadaya uraian eta, tiasa disimpulkeun yen ibadah puasa parantos dilaksanakeun ku umat-umat baheula. Sedengkeun waktu, cara, sareng lamina beda-beda, sapertos puasa Nabi Dawud as, puasa ‘Asyura umat Yahudi, puasa ayyamul bidh anu kantos dipidamel ku Nabi Nuh as, Nabi Adam as, oge ku Kangjeng Rosul sateuacan lungsur parentah puasa Romadon.

 

Sapertos kitu puasana para nabi oge umat kapungkur. Mudah-mudahan urang sadayana tiasa ngarenungkeunnana. Mudah-mudahan sing nambih-nambih kayakinan oge kakiatan urang sadaya dina ngalaksanakeun ibadah puasa, sareng amal ibadah sunah sanesna. Tujuan tina eta ibadah puasa, nyaeta keur ngahontal martabat takwa Kanu Maha Kawasa. Malah mandar urang kenging kabagjaan duna jeung akheratna. Amin ya robbal alamin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II:

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ


اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ


اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ


رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ


عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.