Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Gamaran Kamatian Jalma Mu’min Dugika Alam Barzakh 

Kam, 1 Juni 2023 | 21:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Gamaran Kamatian Jalma Mu’min Dugika Alam Barzakh 

Ilustasi kematian. (Foto: NU Online)

Perjalanan hidup kita menuju alam akhirat ternyata masih panjang. Sekarang ini kita baru berada di alam dunia setelah melewati alam ruh dan alam rahim.

 

Melalui khutbah yang berjudul, “Gamaran Kamatian Jalma Mu’min Dugika Alam Barzakh,” akan diuraikan gambaran perjalanan seorang hamba mukmin sejak sakaratul maut kemudian detik-detik kematian, lalu memasuki alam barzakh, hingga mendapat balasan taman surga.

 

Untuk mencetak, silahkan klik fitur download di bagian atas atau bagian bawah naskah khutbah ini.


     
Khutbah I

 

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ: يا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ  ارْجِعِي إِلى رَبِّكِ راضِيَةً مَرْضِيَّةً ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

 

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh     
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu murbeng alam, Dzat anu maha ngatur sadaya makhluk-Na, Dzat anu maha maparin rizki sareng rupi-rupi ni’mat ka sadaya ciptaan-Na. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet hamba-Na anu sapapaosna syukur sareng taat ka Mantenna.

 

Solawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, pamingpin para nabi, rosul anu nyandak rohmat ka sadaya alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Teu hilap ka kulawargina, para sahabatna, para tabiin sareng tabiatna, dugika urang sadayana anu sapapaosna ngarepkeun diangken umatna anu kenging syadaatna dina di yaomil jaza.

 

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, teu khilap khotib wasiat ka sadayana ahli Jumah, hayu urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab, yakin sareng tetela jalmi anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh nyaeta jalmi anu pang takwana. Sanes jalmi anu melimpah hartana, sareng sanes jalmi anu luhur pangkatna. Ieu ngandung hartos, urang sadayana kenging kasempetan anu sami kanggo janten abdina Alloh anu takwa sareng mulia di payuneun Mantena.

 

Hadirin anu mulya
Salaku jalma mu’min, urang yakin yen kamatian pasti datang jeung dirandapan. Urang oge yakin yen saatos kamatian urang bakal nyorang alam barzakh jeung ngamimitian alam akherat.

 

Nanging sanaos maot sareng alam barzakh mangrupakeun perkara anu pasti, urang hoyong kenging bocoran sareng gambaran kumaha nasib jalma anu iman sareng anu kufur di akherat?

 

Kumaha saleresna perjalanan ruh jalma mu’min ti kawit mayunan kamatian dugika ditempatkeun dina liang lahat sahingga kenging rupi-rupi ni’mat kubur. Tah dina leresan ieu, teu aya anu uninga kecuali ngalangkungan kabar anu parantos didugikeun ku Al-Quran sareng hadis anu soheh. Salah sawiosna hadis anu parantos diriwayatkeun ku Imam Abu Dawud, Imam Abu Majah, an-Nasai, Imam Ahmad, sareng anu sanesna.

 

Dina eta riwayat dilalakonkeun yen dina hiji dinten, Kangjeng Rosul sareng para sahabat jajap hiji jenazah sahabat Anshor. Sadugina di pamakaman, jalaran ngagali liang lahat teu acan rengse, nya Kangjeng Rosul calik dina gundukan taneuh bari mayun ka kiblat. Sementawis para sahabat calik di sabudeureunnana. Aranjeuna teu wantun nyarios salemek-lemek acan margi ngaraos bakal aya hal penting anu baris didugikeun ku Kangjeng Rosul.

 

Salajengna, Kangjeng Rosul ngoreh-ngoreh taneuh. Teras anjeuna tangah ka langit teras tungkul deui. Kitu na teh dugika tilu kali. Saparantos kitu, anjeuna ngadawuh ka payuneun para sahabat. “Aranjeun kedah nyuhunkeun diraksa tina siksa kubur.” Teras anjeuna ngadu’a:

 

اَللَهُمَّ إِنِّي أَعُوْذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ 

 

Hartosna, “He Allah, saenya-enyana abdi nyuhunkeun perlindungan ka salira tina siksa kubur,”  (Dugika tilu kali).  

 

Hadirin sidang Jumah anu mulya  
Tah eta du’a teh sakaligus janten bubuka hadis panjang anu ngagambarkeun kumaha kaayaan hiji hamba mu’min ti kawit kamatian dugika dilebetkeun kana liang lahat, teras ditingalkeun ku kulawarga sareng anu jajapna.

 

Teras naon wae anu tumiba ka hiji hamba nalika mayunan sakarotul maot, kamatian, sareng kajadian saparantos kamatian?

 

Diuningakeun dina eta hadis, yen kaayaan jalma anu dipapag ku kamatian teh aya dua golongan: mu’min sareng kafir. Naha dibedakeun, margi di antara dua eta golongan teh beda pisan.


 
Kacaturkeun, hamba anu mu’min mah, nalika bade ningalkeun ieu alam dunya teh, disumpingan ku para malaikat ti langit. Sareng deui, rupa malaikat anu sarumpingna oge katingal dina rupa anu pangsaena sareng nganggo angoan anu pangsaena. Wajah aranjeuna someah tur marahmay malihan katingal caang cahayaan.

 

Dina panangan aranjeuna aya kaen kafan ti surga anu fungsina kanggo mungkus ruh si hamba mu’min tea. Bari lengkep sareng minyak seungitna kango ngabalur sareng nyeungitan ruh tadi tea.

 

Ku hal sakitu, tong heran upami aya hiji hamba anu jasadnya seungit saparantos pupusna. Eta teh netelakeun yen eta hamba kalebet jalma mu’min sareng dilebetkeun ruhna kana kaen kafan anu tos dibalur minyak seungit ku para malaikat.

 

Kajantenan seungit ieu kantos kasaksen ku Kangjeng Rosul nalika ngalakonan isro-mi’roj. Ku mantena kaangseu aroma seungit pisan. Jalaran panasaran, Kangjeng Rosul naros ka malaikat Jibril. Diwaler ku malaikat Jibril, eta teh seseungitan anu kaluar ti pakuburan Siti Masyithoh, hiji istri anu ngarawat anak-anak Fira’un. Mung hanjakal, kulantaran mertahankeun kaimanannana ka Alloh, anjeuna dihukum ku Firaun ku cara dilebetkeun kana minyak panas  dugika maotna.

 

Saderek anu mulya 
Teu lami saparantos para malaikat langit lungsur ka payuneuneun hamba mu’min tadi, malaikat maut lungsur teras calik di caket sirahna eta hamba. Anjeuna sasauran sapertos kieu:

 

يا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ  ارْجِعِي إِلى رَبِّكِ راضِيَةً مَرْضِيَّةً

 

Hartosna, “He jiwa anu tenang…. Kaluar anjeun ka pangeran anjeun dina kaayaan ridho sareng dipika ridho,” (Q.S. al-Fajr [89]: 27-28).

 

Ruh eta hamba teu tiasa baha. Anjeuna lalaunan kaluar tina jasad. Persis siga cai anu nuju kaluar tina teko. Jernih tur beresih. Saatosna kitu, sadayana malaikat langit sareng malaikat bumi ngiring nyolatkeunana. Teras panto-panto langit dibuka. Sadayana panto ngadu’a ka Alloh hoyong janten lawang liwatna eta ruh.

 

Nalika ruh si hamba berhasil dikaluarkeun ku malaikat maot, para malaikat anu hadir nyaksian kamatian teu ngantepkeun eta ruh sanaos sakedet netra. Aranjeuna langsung nyandak si ruh teras nyimpenna dina luhur kaen kafan anu tos diminyakan ku minyak seungit ti surga.

 

Kitu pisan sakumaha anu parantos digambarkeun ku Alloh dina Al-Quran:

 

إِذَا جَاءَ أَحَدَكُمُ الْمَوْتُ تَوَفَّتْهُ رُسُلُنَا وَهُمْ لَا يُفَرِّطُونَ

 

Hartosna, “Nalika datang kamatian ka salah saurang di antara aranjeun, maka anjeuna diwafatkan ku malaikat-malaikat Kaula, sareng malaikat-malaikat Kaula eta teu ngalaleykeun kawajibannana,” (Q.S. al-An‘am [6]: 61).

 
    
Saparantosna ruh pisah sareng jasad, selengseng aroma seungit kaangseu, ampir minuhan saalam dunya. Kangjeng Rosul nyalira parantos ngagambarkeun  aroma seungit ruh hamba radi, ngalangkungan dawuhannana, “Aroma seungit teh kaluar tina ruh. Seungitna ibarat minyak kesturi anu pang seungitna anu pernah kaangseu di muka bumi.” 

 

Saparantos hasil nyepeng ruh si hamba, para malaikat teras ngabujeng ka langit pangluhurna. Di perjalanan, saban kali pendak sareng kumpulan malaikat, aranjeuna ditaros ihwal candakan ruh anu seungit sapertos minyak misik tea. Salah sawios di antara aranjeuna ngawaler, “Ieu teh ruh si fulan bin fulan.” Teu hilap aranjeunna manggil nami ruh hamba tadi ku nami anu pangsaena anu pernah aranjeuna kuping  di alam dunya.”

 

Sadugina ka langit dunya, para malaikat nu nyandak ruh nyuhunkeun izin ka para malaikat nu ngajaga langit. Saparantos diizinkeun, aranjeuna diiring oge dijajap ku para para malaikat langit dunya dugika langit salajengna. Kitu saterasna dugika langit katujuh. Sadugina  di langit katujuh, Rabbul ‘Izzati ngadawuh, “Tuliskeun ku aranjeun nami hamba Kaula ieu dina ‘illiyyin,” sakumaha dawuhannana dina Al-Quran:

 

وَمَا أَدْرَاكَ مَا عِلِّيُّونَ، كِتَابٌ مَرْقُومٌ، يَشْهَدُهُ الْمُقَرَّبُونَ 

 

Hartosna, “Naha aranjeun terang naon ari 'Illiyyin? (Nyaeta) kitab anu ditulisan, anu disaksian ku malaikat-malaikat anu didekatkeun (ka Allah), (Q.S. al-Muthaffifîn [83]:  19-21).

 

Sidang Jumat anu mulya 
Saparantos diseratkeun eta nami hamba dina ‘illiyyin, teras didugikeun ka para malaikat, “Uihkeun deui ieu ruh hamba ka bumi. Sabab, Kaula jangji ka manusia.” Kitu sakumaha dawuhan Alloh  dina Al-Quran:

 

مِنْها خَلَقْناكُمْ وَفِيها نُعِيدُكُمْ وَمِنْها نُخْرِجُكُمْ تارَةً أُخْرى

 

Hartosna, “Tina taneuh Kaula ngajadikeun aranjeun jeung kana taneuh Kaula bakal mulangkeun aranjeun jeung tina taneuh Kaula bakal ngaluarkeun deui aranjeun,”  (Q.S. Thoha [20]: 55).

 

Sarengsena perjalanan langit oge namina dicatet dina illiyyin, ruh tadi diuihkeun deui ka bumi sareng dilebetkeun deui kana jasadna. Sahingga, anjeuna tiasa ngadangu deui kana suara sendal dulur-dulur jeung babaturannana anu aruih ninggalkeun kuburannana ngabujeng imahna sewan-sewangan.


  
Salajengna eta hamba bakal disumpingan ku dua malaikat anu suantenna tarik sareng pikareuwaseun. Anjeunna dicalikkeun teras ditaros opat pertarosan. Pertarosan kahiji ihwal pangeran anu disembahna sawaktu di dunya. Pertarosan kadua ihwal agama anu dianut ku anjeuna. Pertarosan katilu ihwal rasul anu diutus janten panutannana.  Sareng pertarosan kaopat ihwal amal-amalna salami di dunya.

 

Sadayana pertarosan eta nunjukkeun fitnah kubur, sakaligus fitnah terakhir anu dihadapkeun  ka hiji mu’min. Waktu harita, teu aya gunana kacerdasan, tipu daya, sareng cara sanes anu bisa nyalametkeun dirina. Diumpamakeun aya hiji kafir anu ngapalkeun jawaban-jawaban tadi di dunya, maka jawaban-jawaban eta moal aya gunana sareng moal tiasa kedal sesuai sareng harepan. Sabab, jalma anu dipasihan pertulungan kanggo ngajawab anu bener ukur jalmi mu’min anu ditetepkan ku Allah keimanan sareng amal solehna. Sahingga anjeuna bisa ngajawab kalayan pertela. Hal ieu sesuai sareng dawuhan Alloh:

 

يُثَبِّتُ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا بِالْقَوْلِ الثَّابِتِ فِي الْحَياةِ الدُّنْيا وَفِي الْآخِرَةِ وَيُضِلُّ اللَّهُ الظَّالِمِينَ وَيَفْعَلُ اللَّهُ َا يَشاءُ
 

Hartosna “Alloh neguhkeun (iman) jalma-jalma anu iman ku ucapan anu teguh dina kahirupan di dunia sareng di akherat; sareng Alloh nyesatkeun jalma-jalma anu dzolim sareng midamel naon anu dikersakeun ku Anjeunna,” (Q.S. Ibrahim [14]: 27).   

Saparantosna kitu kadangu aya suara panggilan ti langit, “Hamba Kaula teh bener. Maka amparkeun hiji taman ti surga keur manehna. Bere pakean ti surga. Buka hiji panto ti surga.” Maka datang ka manehna aroma seungit ti surga. Jeung dilapangkeun kuburannana satungtung paningalina.

 

Ngiles suara tadi, datang ka eta hamba hiji sosok anu nyarupaan lalaki. Eta lalaki kacida kasepna, naggo angoan sae, sareng sareungit. Salajengna, lalaki tadi ngadugikeun kabar bagja anu nenangkeun hatena.

 

Nalika ditaroskeun saha eta lalaki, kauninga yen eta lalaki teh amal soleh anu pernah dipigawena salami di dunya. Sementawis harta kakayaan, kulawarga, sareng anakna teu aya di gigireunnana. Anu tetep jeung manehna teu aya deui anging amal hade anu  salawasna ngarencangan dina alam kubur.

 

Ku ni’mat-ni’matna eta hamba di alam kubur, anjeuna kiat nyuhunken supaya buburu kiamat. Tujuannana supaya manehna bisa buburu nyicingan negeri nu endah nyaeta surga, oge meni’mati perkara tos anu dijanjikeun Allah. Didugikeun ka anjeunna, “Tenangkeun. Sagala rupi tos ditetepkeun waktuna. Nalika waktu eta datang maka naon anu ditetepkeun ku Allah bakal terjadi.”

 

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Tah kitu anu tumiba ka hiji jalma mu’min mulai sakarotul maot dugika deg kiamat jeung dibangkitkeun ti alam kubur, numutkeun hadis Kangjeng Rosul saw.

 

Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi mu’min anu digampangkeun dina mayunan sakarotul maot, kenging pangkat maot anu husnul khotimah, nami urang dicatet dina iliyyin, kalayan waktos lebet ka alam barzakh urang ditetepkeun dina mayunan pertarosan Munkar Nakir, oge salami di alam barzakh urang ditempatkeun dina salah sawios taman surgana Alloh. Amin ya mujibas sa’ilin.


     
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

 

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ  رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.