Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 6 Lawang Asupna Godaan Setan ka Manusa  

Kamis, 29 Agustus 2024 | 07:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 6 Lawang Asupna Godaan Setan ka Manusa  

Ilustrasi setan. (Foto: NU Online)

Iblis pernah berjanji pada Allah akan menghalang-halangi manusia dari jalan yang lurus dengan cara apapun, dari arah mana pun, dan dengan cara apa pun. Tujuannya agar kelak Iblis memiliki banyak teman yang sama-sama berada dalam laknat dan azabnya Allah Swt.  Naudzubillah. Itu alasannya manusia harus mengetahui dari pintu mana saja setan masuk menggoda dirinya.

 

Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “6 Lawang Asupna Godaan Setan ka Manusa.” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!

 

Khutbah I

 

إِنّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: ﴿ ثُمَّ لَأٓتِيَنَّهُم مِّنۢ بَيۡنِ أَيۡدِيهِمۡ وَمِنۡ خَلۡفِهِمۡ وَعَنۡ أَيۡمَٰنِهِمۡ وَعَن شَمَآئِلِهِمۡۖ ﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ

 

Sidang Jumah rohimakumulloh,  

Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana. Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Solawat kalih salam oge mugia sing dilimpahkeun ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna.

 

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun iman sareng takwa ka Allah Swt, sabab ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana.

 

Sidang Jumah rohimakumulloh,

Sakumaha kauninga, Iblis jeung anak buahna nyaeta setan teh tos ikrar jangji ka Alloh swt yen bakal ngahalang-halang manusa tina jalan anu lempeng jeung bener, ti arah  mana wae, sareng ku cara naon wae, sakumaha anu tos ditetelakeun dina Al-Quran:

 

ثُمَّ لَأٓتِيَنَّهُم مِّنۢ بَيۡنِ أَيۡدِيهِمۡ وَمِنۡ خَلۡفِهِمۡ وَعَنۡ أَيۡمَٰنِهِمۡ وَعَن شَمَآئِلِهِمۡۖ 

 

Hartosna, “Kaula (Iblis) bakal ngadatangan maranehna (manusia) ti hareupeun, ti tukangeun, ti katuhueun, sareng ti kencaeun maranehna,” (QS Al-A‘raf [7]: 17).

 

Teras kumaha carana iblis ngagoda manusia? Tina lawang naon wae iblis asupna?  Numutkeun Syekh as-Samarqandi dina kitab Tanbihul Ghafilin, aya sababaraha lawang asupna godaan setan kana diri manusa. 

 

Di antawisnya nu kahiji, tina lawang goreng sangka sareng ngarasa kurang kana pamerean nu tos aya. Ngalangkungan lawang ieu, setan ngagoda jeung ngajongklokeun manusa supaya cilaka gara-gara boga goreng hate ka batur sareng teu syukur ka Pangeran.

 

Ubarna teu aya deui anging ti nutup lawang goreng sangka, sareng buka lawang hade sangka. Kalih ti eta sing tiasa bersyukur sareng sing yakin yen rezeki tos ditangung ku Nu Maha Kawasa, sakumaha dawuhannana.

 

وَمَا مِن دَآبَّةٍ فِي ٱلۡأَرۡضِ إِلَّا عَلَى ٱللَّهِ رِزۡقُهَا

Hartosna, “Jeung teu aya hiji makhluk di bumi anging Alloh anu ngajamin rezekina," (QS. Hud [11]: 6). 

 

Kadua, lawang godaan setan teh nyaeta ngarasa boga umur panjang sareng angen-angen anu jauh. Akibatna, manusa jadi poho kana maot sareng terus ngabeberik dunya. Keur piubareunnana nyaeta urang kudu sieun ku maot ngadadak dina kaayaan urang can persiapan. Sing emut kana dawuhan Allah: 

 

وَمَا تَدْرِى نَفْسٌۢ بِأَىِّ أَرْضٍ تَمُوتُ ۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌۢ

 

Artinya, “Jeung teu aya saurang oge anu tiasa terang di bumi mana anjeunna bakal maot,” (QS. Luqman [31]: 34). 

 

Katilu, lawang godaan setan teh kasengsrem ku kasenangan sareng kani’matan dunya. Akibatna manusa jadi poho kana kawajiban anu patali jeung eta ni’mat, nyaeta syukur kanu masihan ni’mat. 

 

Keur nutup lawangna nyaeta urang kudu yakin yen ni’mat di dunya teh moal lana sareng di akherat bakal dihisab. Urang sing emut yen satiap ni’mat anu ku urang dini’mati teh bakal ditaros. Kitu sakumaha dawuhan Alloh: 

 

ثُمَّ لَتُسۡـَٔلُنَّ يَوۡمَئِذٍ عَنِ ٱلنَّعِيمِ  

 

Hartosna, “Saterasna aranjeun temen-temen bakal ditaros perkawis ni’mat dina poe harita,” (QS. At-Taktsur[102]: 8). 

 

Kaopat, sifat ujub sareng ngarendahkeun kahormatan batur. Akibatna, manusa jadi sombong, ngarasa boga sagalana, jeung teu daek ngajenan ka batur. Keur nutup lawang eta urang kudu boga sifat handap asor sareng rasa sieun kana goreng balukarna. Kalih ti eta, urang sing emut dawuhan Alloh yen kamulyaan sareng kaagungan teh hungkul kagungan Mantenna:

 

وَلِلّٰهِ ٱلۡعِزَّةُ وَلِرَسُولِهِۦ وَلِلۡمُؤۡمِنِيْنَ وَلَٰكِنَّ ٱلۡمُنَٰفِقِيْنَ لَا يَعۡلَمُوْنَ 

 

Hartosna, “Padahal kamulyaan (kaluhuran) teh hungkul kagungan Alloh, kagungan Rasul-Na sareng kagungan jalma-jalma mu’min, tapi jalmi-jalmi anu munafek teu apal,” (QS. Al-Munafiqun [63]: 8).

 

Kalima, lawang godaan setan teh nyaeta sifat hasud, riya, jeung koret. Ari hasud hartosna kayahang leungitna ni’mat nu aya di batur, riya hartosna migawe amal tapi hayang katangar ku batur, sedengkeun koret nyaeta sifat rupekna hate sahingga embung ngabagi ni’mat ka batur.

 

Keur nutupna leungitkeun sifat hasud, pigawe amal sing ikhlas, oge diajar barahan ka sasama. Sing emut nu kasampeur ku urang dina Poe Kiamah mah nyaeta harta anu ku urang dititipkeun di jalan Alloh, sakumaha dawuhan-Nana.

 

مَا عِنْدَكُمْ يَنْفَدُ وَمَا عِنْدَ اللّٰهِ بَاقٍۗ

 

Hartosna, “Naon anu aya di sagigireun aranjeun bakal ngiles, sementawis anu aya di sagigireun Allah bakal lana,” (QS. Al-Nahl [16]: 96).

 

Kagenep, lawang panggoda setan teh nyaeta sifat rakus sareng ngarep ka papada makhluk. Ubarna eureunan ngarep kana pamere makhluk, sakaligus sing percaya kana perkara nu aya di payeuneun Alloh. Sing emut kana dawuhan-Nana:

 

وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجۡعَل لَّهُۥ مَخۡرَجٗا ، وَيَرۡزُقۡهُ مِنۡ حَيۡثُ لَا يَحۡتَسِبُۚ وَمَن يَتَوَكَّلۡ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسۡبُهُۥٓۚ 

 

Hartosna, “Sing saha jalma anu takwa ka Alloh maka Anjeunna bakal ngayakeun jalan kaluar keur eta jalma; sareng bakal mere rezeki ti jalan anu teu disangka-sangka,” (QS At-Thalaq ayat 2-3)

 

Sidang Jumah rohimakumulloh,

Tah eta 6 lawang godaan iblis jeung anak buahna nyeta setan anu asup kana diri manusa. Ku kituna urang sing waspada bisi katarik ku iblis kabaud ku pangwujung nafsu sarakah anu kadituna urang bakal cilaka, dunya jeung akheratna. Na‘udzubillah min dzalik.

 

 بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا،  اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

 

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ

 

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللّٰهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا، اَللّٰهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.