Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hakekat sareng Hikmah Puasa 

Rab, 22 Maret 2023 | 15:30 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hakekat sareng Hikmah Puasa 

Ilustrasi Bulan Ramadhan. (Foto: NU Online)

Dalam kesempatan ini akan disajikan khutbah bahasa Sunda dengan tema hakikat dan hikmah puasa. Mudahan-mudahan dengan tema ini, kita semakin menyadari akan hakikat, hikmah, dan pentingnya puasa. Selanjutnya, kita bisa memposisikan ibadah puasa tidak hanya sebagai kewajiban dari Yang Maha Kuasa, tetapi juga sebagai kebutuhan sekaligus sarana untuk mendekatkan diri kepada-Nya.

 

Khutbah I

الحَمْدُ للهِ الْمَلِكِ الدَّيَّانِ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى مُحَمَّدٍ سَيِّدِ وَلَدِ عَدْنَانَ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَتَابِعِيْهِ عَلَى مَرِّ الزَّمَان، وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْمُنَـزَّهُ عَنِ الْجِسْمِيَّةِ وَالْجِهَةِ وَالزَّمَانِ وَالْمَكَانِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ كَانَ خُلُقُهُ الْقُرْآنَ

أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ يٰاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ صدق الله العظيم

 

Sidang Jumah anu mulya,
Puji sareng syukur anu utami hayu urang panjatkeun ka Alloh Robbul Izzati. Solawat sareng salam anu sajati mugia tetep dilimpahkeun ka pamingpin para nabi, yakne Kangjeng Nabi Muhammad saw.

 

Alhamdulillah urang sadaya parantos dugi kana bulan anu dianti-anti, nyaeta bulan Suci Romadon. Mugi-mugi lebetna urang kana bulan suci ieu sing disarengan ku rohmat sareng magfiroh Alloh swt., kalayan taufik sareng hidayah-Na, sahingga urang sadayana tiasa leres-leres ngalebetan bulan suci ieu ku pirang-pirang amaliah ibadah wajib sinareng sunahna anu matak nganteurkeun urang kana rido Mantenna. Amin ya robbal alamin.

 

Hadirin anu mulya,
Teu hilap, sateu acan ngadugikeun ieu khutbah, khatib umajak ka sadayana sidang jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Nu Maha Kawasa. Katambih, hikmah tina ibadah puasa anu ku urang sadayana dijalankeun teh, teu aya sanes salah sawiosna keur ngahontal darajat takwa. Takwa anu hartos ngawaro ka parentah Gusti Alloh, sieun ku peringatan Gusti Alloh, ati-ati dina sagala laku-lampah bisi nyorang perkara anu matak dibendu ku Gusti Alloh.

 

Hadirin sadayana,
Tiap manusa pasti ngabogaan hawa nafsu. Jeung ari hakekat puasa nyaeta ngendalikeun hawa nafsu, lain maehan hawa nafsu. Cohagna, ngendalikeun hawa nafsu eta konci utama dina ibadah puasa. Di antarana nafsu anu tilu, nyaeta nafsu muthma’innah, lawwamah, jeung ammarah.

 

Nafsu muthma’innah nyaeta nafsu anu ngajak kana syukur nalika urang meunang ni’mat, jeung ngajak sabar nalika urang dipaparin cocoba. Nafsu lawwamah nyaeta nafsu anu nyalahkeun urang nalika migawe salah jeung dosa. Teras nafsu ammarah nyaeta nafsu anu sok marentah urang kana migawe goreng.

 

Tegesna, eta sadayana nafsu teh, terutama nafsu amarah,  kedah dikendalikeun ku urang, sanes justru urang anu dikendalikeun nafsu. Sabab hiji waktu mah urang butuh ku nafsu, contona nafsu barang dahar supaya jadi sabab kuatna awak urang, nafsu syahwat kanu janten bojo urang supaya jadi sabab lahirna turunan urang, jeung sajabana.

 

Tah ibadah puasa teh jadi salah sahiji cara keur urang ngendalikeun hawa nafsu. Nafsu nu awalna bisa dicumponan kahayangna nalika di luar bulan puasa, dina bulan puasa mah wayahna ditahan heula. Contona nafsu barang dahar ti beurang, jeung nafsu jimak jeung bojo urang. Jeung nalika dicumponannana oge ulah dianteur sakahayangna. Sabab urang teh puasa tea. Puasa hartina nahan perkara anu asalna halal dipigawe ti beurang, komo lamun anu teu halal mah. Lewih ti batas mah lain meunang kautamaan, tapi malah meunang karugian.

 

Sidang Jumah anu mulya,
Sanes kanten ti eta, puasa urang teh ulah ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat rarangan hungkul, tapi kudu ditingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu sanesna. Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun ibadah puasa oge pahala ibadah puasa.

 

Kalolobaannana urang karek tiasa ningalkeun perkara anu ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur Kangjeng Nabi tea mah, tapi hikmah jeung faedah puasa anu saenyana teu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:

 

كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالعَطْش

 

Hartosna, “Seueur pisan jalmi anu puasa, tapi teu kenging bagean nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)

 

Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi puasa jeung anggota badan anu sanesna, saperti lisan puasa tina ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu teu halal, kuping puasa tina ngupingkeun perkara anu teu bermakna, panangan puasa tina midamel perkara anu dilarang, sampean puasa tina ngalengkah anu teu dipikarido pangeran, sareng sajabina. Sabab, pidawuh Kangjeng Rosul, moal ditarima puasa jalmi anu tetep teu ninggalkeun pagawaean gorengna.

 

مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّوْرِ والعَمَلَ بهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طعَامَه وشَرَابَه

 

Artinya, “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan dosa, maka Alloh moal narima puasana,” (HR al Bukhari).

 

Eta puasa teh neme kagolong puasa pancadria jeung anggota zohir. Kalih ti eta, urang sadayana kedah ningkat deuih tina puasa zohir kana puasa batin. Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna hate tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hade, saperti syirik alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam, dengki, ujub, takabur, jeung sajabana.


 
Anggur mah, pinuhan hate urang ku rupi-rupi zikir jeung eling ka Alloh swt. Sabab, yakin eta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang sareng Mantenna, saatosna urang diajar nurutan salah sawios sifatna, nyaeta teu tuang teu leueut. Walhasil, puasa teh cara manusia nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana supaya leuwih deukeut jeung Mantenna.

 

Hadirin kaom Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh,
Ku hal sakitu, para ulama tasawuf, salah sawiosna Imam al-Ghazali, ngabagi puasa teh janten tilu tingkatan. Kahiji puasa umum, kadua puasa khusus, katilu puasa paling khusus. Puasa umum nyaeta puasa anu tiba ukur nahan  kahayang padaharan jeung rarangan. Salajengna puasa khusus nyaeta puasa nahan anggota badan zohir sapertos panon, cepil, lisan, panangan, sampean, jeung anggota badan sanesna tina pagawean-pagawean dosa. Terakhir puasa  paling khusus nyaeta puasa hate tina patekadan, sifat, jeung pikiran anu goreng, kaasup pikiran anu sifatna duniawi sareng salian ti Alloh. Tingkatan anu terakhir biasana tingkatan para nabi, para shidiqin, sareng muqorrobin. Nanging sanes mustahil urang sadayana oge tiasa diajar kanggo ngahontal tingkatan puasa anu paling khusus eta, ngalangkungan mujahadah anu saleres-leresna.

 

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh,
Salajengna, kanggo ngiatkeun sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida saena urang uninga kana hikmah-hikmahna puasa. Salah sawiosna anu parantos disinggung di luhur, nyaeta ngahontal darajat takwa. Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu ngabatalkeun puasa sanaos teu aya batur. Tah dina sagala laku lampah teh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos disaksikeun jeung diawaskeun ku Alloh. Kedah sieun midamel anu matak ngondang bebendu Alloh. Lamun urang atos takwa insya Alloh, urang gaduh bekel anu pangsae-saena dina mayunan kahirupan akherat, sakumaha pidawuh Alloh.

 

وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى

 

Hartosna, “Aranjeun kudu bebekelan. Mung, saenya-enyana bekel anu paling alus nyaeta takwa.” (QS. al-Baqoroh [2]: 197).

 

Sedengkeun jalmi anu takwa tos dijangjikeun ku Alloh ngengingkeun magfiroh sareng surga-Na. Matak urang kedah buru-buru dina ngahasilkeunnana, sakumaha dina Al-Quran.

 

وَسارِعُوا إِلى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّماواتُ وَالْأَرْضُ أُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِينَ   

 

Hartosna, “Kudu gagancangan aranjeun muru ampunan ti pangeran aranjeun sareng surga, anu legana salega langit jeung bumi, oge (eta surga teh) disadiakeun keur jalma-jalma anu takwa,” QS. Ali Imron [3]: 133).

 

Oge seueur-seueur pisan hikmah anu sanesna, nanging rupina moal tiasa kadugikeun sadayana dina waktos ieu. Di antawisna hikmahna teh nyaketkeun diri urang ka Nu Maha Kawasa, diajar ngaraoskeun lapar sareng hausna jalmi fakir sareng sagala kakirangan anu aya di sabudeureun urang, ngajagi kasehatan jasmani, latihan ngeker hawa nafsu anu matak nyilakakeun urang, ngajernihkeun nenangkeun hate jeung pikiran, sareng sajabina.

 

Mudah-mudahan ngalangkungan khutbah anu singkat ieu, urang sadayana sing tiasa leres-leres ngajalankeun ibadah puasa kalayan ngengingkeun hikmah sareng fadilahna. Amin ya robbal alamin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II:

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

 

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ 

 

رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.