Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kasampurnaan Puasa Numutkeun Imam Al-Ghazali 

Rab, 29 Maret 2023 | 08:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kasampurnaan Puasa Numutkeun Imam Al-Ghazali 

Ilustrasi puasa. (Foto: NU Online)

Pada kesempatan ini akan disajikan khutbah berbahasa Sunda dengan tema kesempurnaan puasa. Tema ini dipandang relevan di tengah kaum Muslimin tengah menunaikan ibadah puasa.

 

Terlebih masih banyak di antara saudara-saudara kita yang baru sampai pada tingkatan puasa dhahir, namun belum sampai pada tingkatan puasa batin yang disertai dengan menjaga hati dari sifat-sifat yang tak terpuji.

 

Untuk itu, marilah kita simak khutbah ini. Semoga kita termasuk orang-orang yang dapat meraih keutamaan puasa dan derajat puasa yang sempurna di sisi Sang Pencipta.

 

Khutbah I

 

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

 

Hadirin sidang Jumah anu mulya,
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Dzat Anu Maha Gofur. Solawat sareng salam anu utami mugia tetep dilimpahkeun ka Panutan Alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw.

 

Alhamdulillah, dugika waktos ieu urang sadayana masih dipaparin rupi-rupi ni’mat, terutami ni’mat iman, islam, ihsan,  oge ni’mat sehat tur ni’mat panjang yuswa, sahingga tiasa ngalaksanakeun ibadah puasa dina Romadon tahun ieu. Mudah-mudahan urang sadayana tiasa ngalaksanakeun ibadah puasa ieu sing dugika rengse, poe lebaran dimana urang ngengingkeun panghampura ti Nu Maha Kawasa, Alloh swt. Amin ya robbal alamin.

 

Teu hilap, ngalangkungan ieu minbar, khatib umajak ka sakumna sidang jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Alloh swt. Takwa anu hartos tumut ka parentah Gusti Alloh, jauh tina larangan Gusti Alloh, waspada dina sagala laku-lampah anu matak ngondang bebendu Gusti Alloh swt.

 

Hadirin anu mulya, 
Saparantosna urang nyumponan syarat sareng rukun puasa, oge nebihan sagala nu ngabatalkeun kana puasa, malihan dieuyeuban ku amaliah sunahna, sakumaha anu parantos ditangtoskeun ku fikih, urang kedah tiasa ngahontal kasampurnaan ibadah puasa.

 

Dina kitab Ihya ‘Ulumidin, Imam al-Ghozali nguningakeun, aya genep perkara anu nyampurnakeun kana puasa. Kahiji, nahan jeung nundukkeun paningali tina perkara-perkara anu dicela, perkara anu hina, sagala perkara anu matak ngaganggu hate, oge sagala perkara anu matak ngalalaikeun zikir ka Gusti Allah swt.

 

Urang kedah emut, yen saenya-enyana paningali eta teh salah sahiji panah Iblis, sakumaha dawuhan Rosululloh saw.

 

اَلنَّظْرَةُ سَهْمٌ مَسْمُوْمٌ مِنْ سِهَامِ إِبْلِيْسَ لَعَنَهُ اللهُ فَمَنْ تَرَكَهَا خَوْفاً مِنَ اللهِ أَتَاهُ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ إِيْمَانًا يَجِدُ حَلَاوَتَهُ فِي قَلْبِهِ

 

Hartosna, “Ari paningali eta teh salah sahiji panah anu ngandung racun milik Iblis anu dikutuk ku Alloh. Sing saha-saha anu ninggalkeunnana karana sieun ka Gusti Allah, maka Anjeuna bakal ngadatangkeun kaimanan ka manehna sahingga bakal kenging amisna kaimanan dina hatena.” (HR. Al-Hakim).

 

Malihan dina hadis anu sanesna, Kangjeng Rosul ngadawuh, yen paningali teh kalebet salah sahiji anu matak ngabatalkeun pahala jeung ganjaran puasa, sakumaha riwayat Jabir ti sahabat Anas.

 

خَمْسٌ يُفْطِرْنَ الصَّائِمَ اَلْكَذِبُ وَالْغِيْبَةُ وَالنَّمِيْمَةُ وَالْيَمِيْنُ الْكَاذِبَةُ وَالنَّظْرُ بِشَهْوَةٍ  

 

Hartosna, ”Aya lima perkara anu ngabatalkeun ganjaran puasa hiji jalma: ngabohong, ngupat, ngadu domba, sumpah palsu, jeung ningali perkara anu dibarengan ku syahwat.

 

Ku sabab kitu, hayu urang sami-sami jaga tur raksa paningali urang tina perkara-perkara anu teu sae, terutama perkara anu teu dihalalkeun ku Alloh. Malah mandar ngalangkungan puasa ieu urang dugi kana tingkatan takwa anu saenya-enyana.

 

Kadua, ngajaga lisan tina ngucapkeun cariosan anu sia-sia, sumawona lamun ngabohong, ngupat, ngadu domba, ucapan kotor, ucapan anu matak meupeuskeun hubungan, matak nimbulkeun papaseaan, oge ucapan-ucapan anu ngandung riya, harti amal hayang katingal ku batur.

 

Tibatan ngalakukeun kitu, leuwih hade cicing jeung eling ka Gusti Allah, atanapi ngaos ayat-ayat suci Al-Quran. Eta saleresna anu dimaksud puasa lisan. Sufyan Ats-Tsauri kantos ngadawuh, ari ngupat teh matak ngaruksak ganjaran puasa. Saterasna Laits oge kantos ngariwayatkeun, aya dua hal anu ngaruksak puasa, nyaeta ngupat jeung ngabohong.

 

Dina hal ieu, Rosululloh saw. parantos ngadawuh:

 

إِنَّمَا الصَّوْمُ جُنَّةٌ فَإِذَا كَانَ أَحَدُكُمْ صَائِماً فَلَا يَرْفَثْ وَلَا يَجْهَلْ وَإِنِ امْرُؤٌ قَاتَلَهُ أَوْ شَاتَمَهُ فَلْيَقُلْ إِنِّي صَائِمٌ إِنِّي صَائِمٌ 

 

Hartosna, “Ari puasa teh nyaeta tameng. Ku hal sakitu, sing saha-saha di antara aranjeun anu puasa, maka ulah rek migawe perkara keji jeung jahil. Lamun aya jalma anu merangan manehna atawa nyaci dirina, pek ucapkeun, “Kuring keur puasa, kuring keur puasa,

 

Dicarioskeun, di zaman Kangjeng Rosul,
Aya dua istri anu dipiwarang ngutahkeun kadaharan anu tos dituang ku aranjeuna. Aris tos dipiwarang kitu, eta dua istri teh ngautahkeun darah seger sareng daging atah dugika setengah wadah. Ningal kaayaan kitu, jalma-jalma anu nyaksian ngaraos heran. Rosululloh ngajelaskeun:

      

هَتَانِ صَامَتَا عَمَّا أَحَلَّ اللهُ لَهُمَا وَأَفْطَرَتَا عَلَى مَا حَرَّمَ اللهُ تَعَالَى عَلَيْهِمَا قَعَدَتْ إِحْدَاهُمَا إِلَى الْأُخْرَى فَجَعَلَتَا يَغْتَابَانِ النَّاسَ فَهَذَا مَا أَكَلَتَا مِنْ لُحُوْمِهِمْ

 

Hartosna, “Dua awewe eta teh puasa tina perkara anu tos dihalalkeun ku Alloh, ngan buka ku perkara anu tos diharamkan ku Alloh. Duanana ngumpul ngupat jalmi anu sanes. Sareng utah anu dikaluarkeun nana eta teh daging jalma-jalma anu diupatna,” (HR. Ahmad).

 

Katilu, nahan cepil urang tina ngadangukeun ucapan-ucapan anu dibendu. Sabab, tiap-tiap perkara anu haram diucapkeun, haram didangukeun. Matak, Alloh swt. nyamikeun dosa jalma anu ngadangukeun cariosan anu haram sareng dosa jalma anu ngadahar katuangan haram.

 

Dina Al-Quran Allah parantos ngadawuh, “Maranehna nyaeta jalma-jalma anu resep ngadangukeun berita bohong, sareng seueur ngadahar katuangan anu haram,” (Q.S. Al-Ma’idah [5]: 42).

 

Ku hal sakitu, ngadangukeun jalma anu nuju ngagibah atanapi ngupat kalebet oge padamelan anu haram.

 

Ditegeskeun ku Kangjeng Rosul dina hadisna:

 

اَلْمُغْتَابُ وَالْمُسْتَمِعُ شَرِيْكَانِ فِي الْإِثْمِ 

 

Hartosna, “Jalma anu ngagibah sareng anu ngadangukeunnana eta sami-sami dina dosana.” (HR. Ath-Thabrani).

 

Kaopat, ngajaga sadaya anggota tubuh tina padamelan dosa, kalebet panangan sareng sampean tina sagala perkara anu dibendu. Teu kakantun ngajagi padaharan urang tina katuangan syubhat sumawona haram dina nalika saur sareng buka. Sabab, teu aya hartosna puasa, lamun urang buka ngadahar kadaharan anu teu halal.

 

Dina puasa mah, tong boro anu teu halal, malah anu halal oge tos disengker ulah kaleuleuwihan. Sabab, perkara anu kaleuleuwihan kadituna sok nyilakakeun. Walhasil, salah sahiji tujuan puasa nyaeta ngurangan kadaharan anu halal oge ninggalkeun perkara haram. Ulah dugika urang kalebet kana sakumaha anu diperingatkeun ku Kangjeng Rosul:


 
كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صَوْمِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالْعَطَشُ    

 

Hartosna, “Seueur pisan jalma anu puasa, tapi teu kenging bagian nanaon tina puasana salian ti haus jeung lapar.” (HR. An-Nasa’i).


  
Padaharan teh ibarat wadah. Sing emut, yen saenya-enyana wadah anu dibendu ku Gusti Alloh nyaeta wadah anu pinuh ku perkara anu halal, sumawona lamun pinuhna ku perkara anu teu halal. Cacak-cacak pinuh ku kadaharan halal tos dibendu, komo lamun pinuhna ku perkara haram. Ku hal sakitu, sing hade-hade dina nalika urang buka atanapi saur. Mun tiasa kedah nyesakeun ruang kanggo nafas.

 

Al-Ghazali nyarankeun, padaharan teh sapertilu kanggo kadaharan, sapertilu kanggo cai, sapertilu kanggo nafas. Tujuannana supaya urang hanteu kalebet anu kaleuleuwihi dina barang tuang. Sabab hakekat puasa nyalira nyaeta nalukkeun musuh Allah sareng meupeuskeun syahwat. Sedengkeun bangkitna syahwat teh aya dina pinuhna padaharan.

 

Salajengnya, sanaos sare diwenangkeun nalika puasa, tapi saena mah ulah kaleuleuwihi. Sabab mun urang teu sare mah, rasa lapar jeung haus mingkin karasa. Kakuatan milampah goreng mingkin lemah. Katambih hate karasa mingkin jernih, nafsu urang mingkin lemah, sarta milampah qiyamul-lail karasa ringan.

 

Kagenep, saparantosna buka puasa, hate urang kedah sumerah tur gumantung ka Gusti Allah. Pinuh ku kasieun jeung harepan. Sabab, urang teu apal naha puasa urang ditampi atanapi ditolak.

 

Tah perasaan kitu teh, sakedahna mah sanes dina ibadah puasa hungkul, tapi satiap urang tos midamel ibadah.

 

Dawuhan, Hasan Al-Bashri “Saenya-enyana Alloh swt. tos ngajantenkeun bulan Romadon keur panyumputan makhluk-Na, sahingga  maranehna tiasa pa sae-sae ngalaksanakeun kataatan ka Mantenna.”

 

Ngandung hartos, dimana urang teu leres-leres ngalebetan sasih Romadhon ku amaliah ibadah, wajib oge sunahna, nu matak nganteurkeun diri urang kana Rido Mantenna, maka kacida rugina.

 

Patarosannana, sanes dina salebet ibadah puasa urang teh mung ukur dipiwarang nahan nafsu padaharan sareng rarangan?

 

Walerannana, memang sapertos kitu syarat jeung katangtosan anu parantos ditetepkeun ku ulama fikih. Nanging benten deui syarat jeung katangtosan anu ditetepkeun ku ulama hakikat. Margi ulama fikih netepkeun perkara anu dianggap gampang kanggo sakumna jalma. Sedengkeun ulama hakekat netepkeun ibadah keur ngahontal hakekat anu saenya-enyana.

 

Numutkeun ulama hakekat, ditampina amal teh ditandaan ku dugina amal kanu dituju. Aranjeun paham, yen tujuan puasa teh niru salah sawios akhlak Allah oge niru sifat para malaikat-Na. Dimana-mana jalmi tos mampu nahan hawa nafsu sareng ngendalikeun kahoyong syahwatna, maka bakal diluhurkeun martabatna, bahkan leuwih luhur ti darajat para malaikat. Sabalikna, lamun manusa teu bisa ngeker hawa nafsuna, jeung teu bisa ngendalikeun kayahang syahwatna, maka bakal leuwih hina tibatan sato jeung ingon-ingonna.

 

Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami ngalaksanakeun puasa lahir jeung puasa batin, puasa anu bener-bener ngajaga anggota tubuh jeung hate, puasa anu bener-bener ngendalikeun hawa nafsu sareng syahwat. Mudah-mudahan urang sadayana kenging taufiq sareng hidayah ti Allah swt. malah mandar ngengingkeun darajat takwa kalayan kenging kabagjaan dunya jeung akheratna. Amin ya robbal alamin.

 

جَعَلَنا اللهُ وَإيَّاكم مِنَ الفَائِزِين الآمِنِين، وَأدْخَلَنَا وإِيَّاكم فِي زُمْرَةِ عِبَادِهِ المُؤْمِنِيْنَ : أعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطانِ الرَّجِيمْ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمانِ الرَّحِيمْ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا ، بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ


Khutbah II:


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.

 

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ

 

رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

اللهُمَّ رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا صَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَرُكُوْعَنَا وَسُجُوْدَنَا وَقُعُوْدَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَتَخَشُّعَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَا اَللهُ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.