Khutbah

Khutbah Bahasa Sunda: Kaistimewaan Puasa Numutkeun Pidawuh Nabi 

Kam, 13 April 2023 | 03:00 WIB

Khutbah Bahasa Sunda: Kaistimewaan Puasa Numutkeun Pidawuh Nabi 

Ilustrasi puasa. (Foto: NU Online)

Khutbah kali ini masih bertemakan puasa Ramadhan. Jika sebelumnya, dibahas kesempurnaan puasa, maka kali ini dibahas keistimewaannya.

 

Umumnya kaum muslimin pada 10 hari terakhir semangat ibadahnya sudah mulai kendor. Namun berbeda halnya dengan orang-orang saleh dan bertakwa yang mengetahui keistimewaan ibadah Ramadhan.

 

Karena itu, dengan hadirnya khutbah tentang keistimewaan-keistimewaan puasa ini, semoga kita kembali bersemangat mengisi bulan Ramadan ini, baik siang maupun malamnya. Terlebih di 10 malam terakhir ini ada satu keistimewaan yang tidak ada di bulan lain, yaitu malam Lailatul Qadar.

 

 Khutbah I


 
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، وَقَالَ: إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةِ الْقَدْرِ ، وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ ، لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

 

Sidang jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Dzat Anu Maha Luhur, Allah Robbun Gofur. Alhamdulillah, kersaning irodah sareng inayah-Na, urang sadayana dugika waktos ayeuna masih dipaparin kasempetan kanggo ngabakti ka Mantenna.

 

Solawat sareng salam anu utama mugi dilimpahkeun ka pang utama-utamana nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. Oge ka kulawargina, para sahabat, tabiin tabiatna, oge kalebet urang salaku umatna. Mudah-mudahan di yaomil jaza’ urang sing kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.

 

Hadirin sidang jumah anu mulya,
Teu karaos etangan waktos, urang tos dugi deui kana sapertilu terakhir bulan Romadon. Keur umumna jalma mah, sapertilu terakhir ieu teh janten waktos beubeuratna, malahan tos ngirangan kasumangetannana. Nanging benten deui keur para solihin sareng atqiya. Waktu terakhir ieu teh janten waktos anu kalintang pentingna.

 

Nu matak, Kangjeng Rosul mah saban lebet sapertilu terakhir bulan Romadon, anjeuna sok ningkatkeun amaliyah ibadah, qiyamullail, sareng itikafna. Sanes kanten uninga kana kaistimewaan nu aya dina bulan Romadin, oge maparin conto kanggo urang sadayana. Tah nalika hoyong ningkatkeun kualitas sareng kuantitas ibadah teh, urang oge kedah uninga kana naon wae kaistimewaan nu aya dina ibadah Romadon. Sabab, yakin saur Kangjeng Rosul oge, jalmi nu tos uninga kana rahasia oge kaistimewaan nu aya dina bulan Romadon mah, pasti anjeuna hoyong sadaya bulan di sataun teh janten bulan Romadon sadayana.

 

لَوْ عَلِمَ الْعِبَادُ مَا فِي رَمَضَانَ لَتَمَنَّتْ أُمَّتِي أَنْ يَكُونَ رَمَضَانُ السَّنَةَ كُلَّهَا

 

Hartosna, “Saupamana para hamba uninga kaistimewaan anu aya di bulan Romadon, pasti umat kaula hoyongeun sadayana bulan dina sataun janten bulan Romadon,” (HR. Abu Ya’la).

 

Sabalikna, jalma anu teu terang kana kaistimewaan-kaistimewaan anu aya dina bulan Romadon, pasti bakal hare-hare dina ngalebetannana.

 

Hadirin anu mulya,
Ku hal sakitu, hayu urang paluruh deui naon wae kaistimewaan Romadon teh? Naha dina sapuluh malem terakhir, Kangjeng Rosul sok ningkatkeun ibadah, qiyamullail, sareng itikafna? Naon hikmah sareng faidahna?

 

Dina leresan ieu, Syekh Khalid bin Abdurrahman dina kitabna, Ash-Shaumu Junnatun, parantos ngarinci kaistimewaan-kaistimewaan puasa Romadon. Disebat istimewa, sabab eta kaistimewaan teu aya dina ibadah anu sanesna.

 

1. Ibadah puasa teh dibales langsung ku Alloh 
Ibadah sanes mah ganjarannana parantos ditangtoskeun kalayan dibalesna teh ngalangkungan para malaikat. Nanging benten sareng ibadah puasa. Kalih ti eta, sadayana amal parantos ditangtoskeun lipetan ganjarannana. Aya anu dibales sapuluh kasaean dugika tujuh ratus. Tapi puasa mah, sanes kanten teu diuningakeun lipetan ganjarannana, katambih langsung diganjar ku Alloh swt. Rahasiahna nyaeta ibadah puasa kacida gumantung kana kaikhlasan sareng kasobaran hiji hamba anu teu aya tiasa ngukur anging Alloh swt.


 
Hal ieu parantos diuningakeun ku Kangjeng Rosul:


 
كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ يُضَاعَفُ الْحَسَنَةُ عَشْرُ أَمْثَالِهَا إِلَى سَبْعِمِائَةِ ضِعْفٍ، قَالَ اللَّهُ تَعَالَى: إِلَّا الصَّوْمَ، فَإِنَّهُ لِي، وَأَنَا أَجْزِي بِهِ يَدَعُ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ وَشَهْوَتَهُ مِنْ أَجْلِي 

 

Hartosna, “Satiap amal turunan Adam dilipatgandakeun balesanana. Hiji kasaean dilipetgandakeun kana sapuluh dugika saratus lipetna. Alloh swt ngadawuh, ‘Kecuali ibadah puasa. Saenya-enyana puasa teh keur kaula. Oge kaula anu baris ngabalesna. Sabab, hiji hamba ninggalkeun syahwat jeung kadaharanna karena kaula.’” (HR. al-Bukhari.

 

Malahan dina riwayat sanesna mah, sanes hungkul ibadah puasa, amalan sunahna oge dina bulan Romadon mah dibales saperti ibadah fardu, sedengkeun ibadah fardu dibales ku ganjaran anu teu aya wates wangenna.

 

Sidang jumah anu mulya,

2. Ibadah puasa diiringi ku ibadah malem  
Kaistimewaan salajengna, ibadah puasa teh diiring ku ibadah malem. Malahan langkung unggul deui saupamina eta ibadah malem teh ngeunaan dina Lailatul Qadar anu jadi mangsa turunna Al-Quran sakaligus ti Lauh Mahfuzh ka Baitul Izzah anu kautamaannana leuwih hade ti batan 1000 bulan. Saur Al-Quran:

 

إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةِ الْقَدْرِ ، وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ ، لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ

 

Sing saha-sa anu anu ngalaksanakeun ibadah malem atanapi qiyamullail dina bulan Ramadhan, komo lamun ngenaan ka Lailatul Qadar disarengan ku kaimanan sareng kaikhlasan, maka panghampura dosa balasannana. Kitu sakumaha anu parantos didugikeun ku Kangjeng Rosul saw.

 

مَنْ يَقُمْ لَيْلَةَ القَدْرِ، إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا، غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

 

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu ibadah malem dina Lailatul Qadar disarengan ku kaimanan oge kaikhlasan maka bakal dihampura dosa-dosana.” (HR. Al-Bukhori).

 

Sidang jumah sadayana,

3. Ibadah puasa tameng diri tina godaan nafsu sareng syahwat 
Sakumaha kauninga, dina ibadah puasa teh urang dipiwarang ninggalkeun tuang, leueut, jeung jimak sareng bojo. Salian ti eta, urang dituntut kanggo ngajaga lisan tina ucapan kotor sareng sadayana anggota badan tina pagawean goreng. Sareng deui nalika urang puasa mah, urang kedah tiasa nahan diri tina amarah sareng rupi-rupi sifat anu dicela. Sabab, puasa sakumaha dawuhan Kangjeng Rosul, janten sarana ngalatih diri sareng janten tameng tina rupi-rupi pagawean anu ngalajur nafsu.


    
Malihan, istimewana puasa mampu nurunkeun dorongan syahwat keur para remaja, pamuda, atawa jalmi anu lelengohan. Nu matak, Kangjeng Rosul miwarang jalmi-jalmi anu lajang supaya paruasa keur ngendalikeun nafsu syahwatna anu sakira matak meuntas kana perkara anu dilarang ku Nu Maha Kawasa. Kitu sakumaha dawuhannana.

 

يَا مَعْشَرَ الشَّبَابِ، مَنِ اسْتَطَاعَ مِنْكُمُ الْبَاءَةَ فَلْيَتَزَوَّجْ؛ فَإِنَّهُ أَغَضُّ لِلْبَصَرِ وَأَحْصَنُ لِلْفَرْجِ، وَمَنْ لَمْ يَسْتَطِعْ فَعَلَيْهِ بِالصَّوْمِ؛ فَإِنَّهُ لَهُ وِجَاءٌ

 

Hartosna, “He para pamuda, sing saha di antara aranjeun anu mampu nikah, maka lakonan nikah. Sabab, nikah teh leuwih mampu nundukkan paningali jeung rarangan. Tapi, saha di antara aranjeun anu teu acan mampu, maka pidamel puasa, sabab keur manehna puasa bakal jadi pamegat syahwat.” (HR. Muslim).

 

4. Ibadah puasa ngalahirkeun kabagjaan 
Parantos masyhur di tengah-tengah kaom Muslimin yen aya dua kabagjaan keur jalma anu puasa. Nu kahiji kabagjaan nalika buka puasa. Kadua kabagjaan nalika papendak sareng Alloh swt. Salian ti eta, ibadah puasa teh ngondang karesep sareng kacinta Allah. Sabab, puasa ngandung hartos ningkalkeun tuang leueut mangrupikeun salah sawios sifat-Na. Matak teu heran pami Alloh cinta ka hamba anu ngagaduhan sifat saperti sifat-Na. Mangga urang titenan pidawuh Kangjeng Rosul, yen bau baham jalma anu nuju puasa langkung seungit tibatan minyak misik.

 

لَخُلُوفُ فَمِ الصَّائِمِ أَطْيَبُ عِنْدَ اللهِ مِنْ رِيحِ الْمِسْكِ

 

Hartosna, “Saenya-enyana bau bahamna jalma anu puasa leuwih seungit di payuneun Alloh tibatan seungitna minyak misik,” (HR. Malik).

 

5. Puasa ngadeukeutkeun hamba ka Alloh sareng kakabulna doa 
Dina Al-Quran Alloh swt. parantos ngadawuh anu hartosna, “Lamun hamba-hamba kaula naros ka anjeun (Muhammad) ihwal kaula, saenya-enyana kaula teh deukeut. Kaula ngabulkeun pamenta jalma anu ngadoa lamun manehna ngadoa ka kaula,” (QS. Al-Baqorah [2]: 186).

 

Hayu urang sami-sami titenan ku urang sadayana. Eta ayat teh disebatkeun saparantos ayat parentah puasa, nyaeta ayat 185 anu hartosna,  “Saha di antara aranjeun hadir (di tempat tinggalna atanapi sanes musafir) di bulan eta, maka laksanakeun puasa. Saha anu gering atawa dina perjalanan (teras manehna teu puasa), maka (wajib ngaggantina) salila poe anu ditingalkeun dina poe-poe anu lainna,” (QS. Al-Baqarah [2]: 185).

 

Saur dua ayat di luhur, jalma anu puasa mah caket ka Alloh sareng kana diijabah doa.

 

Sareng deui mustajabna doa jalma anu puasa, terutama di waktuna buka, parantos diuningakeun ku Kangjeng Rosul saw. dina hadisna:

 

إِنَّ لِلصَّائِمِ عِنْدَ فِطْرِهِ لَدَعْوَةً مَا تُرَدُّ

 

Artinya, “Saenya-enyana jalma anu puasa dina nalika buka ngagaduhan doa anu teu ditolak,”  (HR. Ibnu Majah).

 

6. Ibadah puasa nganteurkeun hamba lebet surga 
Puncak cita-cita anu hoyong dihontal ku hiji hamba nalika ngajalankeun ibadah nyaeta rido Alloh sareng balesan surga. Sareng ari ibadah puasa teh mangrupikeun salah sawios ibadah anu nganteurkeun kana balesan eta. Di akhirat, khusus keur jalma anu ngalaksanakeun puasa bakal dibukakeun panto surga anu namina panto “ar-Royyan”.


 
إِنَّ فِي الْجَنَّةِ بَابًا يُقَالُ لَهُ الرَّيَّانُ، يَدْخُلُونَ مِنْهُ الصَّائِمُونَ يَوْمَ الْقِيَامَةَ ، لَا يَدْخُلُ مَعَهُمْ أَحَدٌ غَيْرُهُمْ، يُقَالُ: أَيْنَ الصَّائِمُونَ؟ فَيَقُومُونَ، فَيَدْخُلُونَ مِنْهُ، فَإِذَا دَخَلَ آخِرُهُمْ، أُغْلِقَ فَلَمْ يَدْخُلْ مِنْهُ أَحَدٌ

 

Hartosna, “Di surga teh aya hiji panto anu disebat panto “ar-Royyan”. Tina panto eta jalma-jalma anu puasa asup surga dina poe Kiamat. Teu aya anu tiasa lebet kana eta panto kecuali jalma-jalma anu puasa. Nalika ditaroskeun, ‘Di mana jalma-jalma anu puasa?’ Maka maranehna ngadeg. Teu aya saurang oge anu asup kecuali maranehna. Nalika maranehna asup, panto ditutup. Teu aya anu asup deui,” (HR. Al-Bukhori sareng Muslim).

 

Sidang jumah anu mulya,

7. Puasa ngaduhan manfaat keur kasehatan
Ukur ibadah puasa anu ngabogaan hubungan langsung sareng kasehatan, ima kasehatan jasmani wa ima kasehatan mental. Pantes Allah ngadawuh dina Al-Quran anu hartosna, “Jeung ari puasa teh leuwih hade keur aranjeun lamun anjeun uninga,” (QS. Al-Quran [2]:  184).

 

Bahkan, ku Kangjeng Rosul saw. parantos ditegeskeun:

 

صُوْمُوا تَصِحُّوْا

 

Hartosna, “Pek paruasa anjeun, maka anjeun bakal sehat,” (HR. Abu Nu’aim).

 

Parantos seueur ilmuwan, Muslim atanapi Non-Muslim, anu ngabuktikeun kaistimewaan puasa anu patali sareng kasehatan. Di antarana Dr. Mak Padon, hiji ahli kasehatan Amerika.

 

Anjeuna nguningakeun saeutikna aya 11 manfaat kasehatan tina puasa, nyaeta (1) ngaistirahatkeun organ pencernaan; (2) ngomekeun sel-sel awak anu ruksak; (3) nguras zat-zat anu nyesa dina usus; (4) ngomean sistem pencernaan sareng penyerapan zat-zat kadaharan; (5) nganormalkeun jeung ngomean sistem eksresi atanapi pembuangan zat-zat sesa awak; (6) ngureykeun zat-zat anu kasimpen dina jaringan awak; (7) ngajernihkeun pikiran jeung daya pikir; (8) ngomean jeung ngabersihkeun jaringan kulit; (9) meresan beurat awak anu kaleuwihan; (10) ngubaran diabetes; (11) ngubaran panyakit batu ginjal.

 

Hadirin anu mulya,

Tah eta di antawisna kaistimewaan ibadah puasa teh. Singketna, puasa teh ibadah anu unggul tibatan ibadah-ibadah anu sejenna. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi anu bener-bener ngajalankeunnana. Oge kalebet jalmi anu ngengingkeun kaistimewaan puasa. Kalayan di akhirat urang ngengingkeun ridona Alloh sareng balasan surga-Na. Amin ya mujibassailin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II:

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

 

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ


رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.