Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngeusian Kamerdekaan ku Syukur jeung Nulad Sumanget Pahlawan

Jumat, 15 Agustus 2025 | 06:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngeusian Kamerdekaan ku Syukur jeung Nulad Sumanget Pahlawan

Ilustrasi indonesia. (Foto: NU Online)

Peringatan HUT RI ke-80 tinggal menghitung hari. Hari Kemerdekaan ini menjadi momentum tepat bagi bangsa Indonesia untuk meneladani semangat perjuangan para pahlawan dalam rangka mengisi dan merawat kemerdekaan yang telah kita capai. Beberapa semangat yang dapat diteladani adalah kesabaran, keteguhan, keberanian, kegigihan, dan ketekunan dalam meraih cita-cita.

 

Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul "Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngeusian Kamerdekaan ku Syukur jeung Nulad Sumanget Pahlawan". Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi).

 

Khutbah I

 اَلْحَمْدُ ِللهِ حَمْدًا يُوَافِي نِعَمَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيْدَه، يَا رَبَّنَا لَكَ الْحَمْدُ كَمَا يَنْبَغِي لِجَلَالِ وَجْهِكَ الْكَرِيْمِ وَلِعَظِيْمِ سُلْطَانِكَ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْن، أَمَّا بَعْدُ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَةَ اللهِ لَا تُحْصُوهَا، إِنَّ اللهَ لَغَفُورٌ رَحِيمٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ 

 

Sidang Jumah Rohimakumulloh,

Ti payun hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh swt. Sholawat miwah salamna mugia sapapaosna dilimpahkeun ka Panutan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, miwah kulawargi, para sahabat, dugika urang salaku umatna. Teu hilap, khotib umajak ka sadayana ahli Jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Allah swt ku cara ngajalankeun sagala rupi parentah-Na oge nebihan rupi-rupi panyegah-Nya.

 

Sidang Jumah Rohimakumulloh,

Teu karaos urang tos lebet deui sasih Agustus, sasih kamerdekan nagara urang Indonesia, anu tangtosna ni’mat kamerdekaan ieu teu leupas tina jerih payah sareng perjuangan berdarah-darah para pahlawan kamerdekaan.

 

Cohagna, kacida gedena jasa para pejuang bangsa kanggo ngawujudkeun cita-cita kamerdekaan bangsa Indonesia. Sahingga, ulah rek dilalaworakeun ieu kamerdekaan ku urang. Salaku generasi penerus, hayu urang ngeusian ieu kamerdekaan ku cara anu saluyu sareng kahoyong Dzat nu maparin ni’mat kamerdekaan, nyaeta Alloh swt, oge saluyu sareng cita-cita luhur para pahlawan anu merjuangkeunnana.

 

Ari ngeusian kamerdekaan ku cara anu saluyu sareng Dzat nu maparin ni’mat kamerdekaan nyaeta syukur. Insya Alloh, ku cara syukur, Alloh ngucurkeun sareng nambihan ni’mat-ni’mat anu sanesna. Urang sing emut kana dawuhan Mantenna:

 

وَاِذْ تَاَذَّنَ رَبُّكُمْ لَىِٕنْ شَكَرْتُمْ لَاَزِيْدَنَّكُمْ 

 

Hartosna, “Sing inget nalika Pangeran aranjeun nguningakeun, ‘Saenya-enyana lamun aranjeun bersyukur, maka Kaula bakal nambih (ni’mat) ka aranjeun,’” (QS. Ibrohim [14]: 7).

 

Sabalikna, lamun urang teu nyukuran, hartosna ingkar kana ni’mat kamerdekaan ieu, kudu inggis ieu ni’mat kamerdekaan anu tos ditampi ku urang teh dikirangan, dicabut, malihan mungkin wae beh dituna janten siksa pilara ka sadayana. Dawuhan Alloh terasan eta ayat nguningakeun:

 

وَلَىِٕنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ

Hartosna,  “Tapi lamun aranjeun ingkar (nikmat Kaula), saenya-enyana siksa Kaula bener-bener beurat,” (QS. Ibrohim [14]: 7).

 

Tah sapertos kitu pentingna urang nyukuran sagala rupi ni’mat ti Alloh, kalebet ni’mat kamerdekaan. Bentuk syukur anu pang saena nyaeta ku cara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Insya Alloh, ngalangkungan syukur oge ningkatkeun kaimanan ka Alloh, ni’mat-ni’mat sanesna bakal dilimpahkeun ku Alloh ka ieu negeri, kalebet ni’mat kabarokahan bakal dibuka keur ieu negeri asalkeun urang salaku pendudukna daek ariman sareng tarakwa. Kitu pisan sakumaha dawuhan-Na dina Al-Quran:

 

وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَىٰ آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ

 

Hartosna, “Lamun sakirana penduduk negeri-negeri ariman sareng tarakwa, maka pastina Kaula bakal ngalimpahkeun keur maranehna berkah ti langit sareng ti bumi,” (QS. Al-A’raf [7]: 96).

 

Sidang Jumah Rohimakumulloh,
 
Salajengna, ngeusian kamerdekaan ku cara anu saluyu jeung cita-cita luhur para pejuangna nyaeta nanjeurkeun kamerdekaan anu hakeki, kamajuan sareng kama’muran bangsa anu saestuna. Nanging, cita cita eta moal tiasa ngawujud lamun teu nulad niley-niley sareng sumangat para pahlawan, saperti kateguhan hate dina nyepengan prinsip, kawani, sareng kasobaran dina ngahontal tujuan. Tah eta niley-niley teh kedah diterapkeun ku sadaya elemen bangsa keur ngahontal cita-cita tadi.

 

Sakumaha kauninga, para pahlawan tos dipaparin kateguhan, kasobaran, oge kaistiqomahan ku Alloh dina raraga berjuang ngahontal kamerdekaan. Maranehna berjuang toh pati jiwa raga demi kamerdekaan dewi pertiwi. Tah ku urang, sumanget anu ngagedur saperti kitu kedah ditulad keur ngahontal cita-cita mulya urang, nyaeta ngawangun bangsa, supaya jadi bangsa anu maju, ngahontal kamerdekaan anu hakeki, oge teu gumantung ka bangsa deungeun.


 
Hanjakal, ayeuna urang cukup prihatin, ku sabab seueur keneh dulur-dulur urang anu nyalahgunakeun kamerdekaan ieu jadi kabebasan anu tanpa batas, teu paduli kana aturan, leuwih mentingkeun kapentingan pribadi jeung golongan. Tah ieu sikap teh kalintang gorengna, terutama mun aya dina diri pamingpin anu sakuduna leuwih merhatikeun sareng mentingkeun masyarakat.

 

Maka salah sawios ikhtiar batin supaya hate urang teguh, sabar, tur istiqomah, hayu urang seueurkeun munajat tur nyuhunkeun pitulung ka Alloh, ngalangkungan doa anu aya dina Al-Qur’an surah Ali Imran ayat 8:

 

رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِن لَّدُنكَ رَحْمَةً ۚ إِنَّكَ أَنتَ ٱلْوَهَّابُ 

 

Hartosna, “He Pangeran kami, ulah rek ngajadikeun Anjeun hate kami condong kana kasesatan saatos Anjeun masihan pituduh ka kami, jeung paparin ka kami rohmat ti sisi Anjeun; sabab saenya-enyana Anjeun Maha Masihan (kurnia),” (QS. Ali ‘Imran [3]: 8).

 

Kedua niley-nilay anu kedah ditulad ku urang ti para pejuang teh nyaeta kawani. Lamun para pahlawan baheula pinuh ku kawani dina raraga ngangkat senjata keur ngusir penjajah, maka tugas urang ayeuna salaku penerusna kudu wani berjuang keur ngusir kabodoan sareng ngudag katingaleun urang, anu sedengkeun bekel elmu pengetahuan teh jadi modal keur ngajaga kamerdekaan nu tos aya oge bekel nyanghareupan masa nu bakal datang  anu serba canggih jeung euyeub ku teknologi. Tah urang salaku generasi penerus, ulah jadi generasi anu lemah, sakumaha anu diamanatkeun ku Alloh dina Al-Quran:

 

وَلْيَخْشَ الَّذِينَ لَوْ تَرَكُوا مِنْ خَلْفِهِمْ ذُرِّيَّةً ضِعَافًا

 

Hartosna, “Sakuduna ngarasa sieun jalma-jalma anu saupamana ninggalkeun turunan anu lemah di satukangeun maranehna,” (QS. An-Nisa [4]: 9).

 

Sidang Jumah Rohimakumulloh,

Katilu niley-nilai kapahlawanan anu kedah ditulad ku urang nyaeta kasobaran dina ngahontal tujuan. Urang uninga yen para pahlawan nyeepkeun waktuna sanes sataun dua tahun. Aranjeunna terus berjuang keur ngahontal kamerdekaan teu kenal lelah, pasrah jeung putus asa.


  
Tah niley-niley kasabaran ieu bisa ku urang diterapkeun dina raraga ngeusian kemerdekaan oge mayunan tantangan perobahan zaman. Kasabaran bisa diibaratkan seperti obat atawa jamu. Tapi rasa pahit eta kur di awal hungkul, sabab biasana mah kasabaran sok ngabuahkeun rasa amis.

 

Tah, generasi penerus ayeuna kedah tiasa sabar, tekun, taliti, saperti para pahlawan baheula. Sabab, nalika leungit kasobaran, maka lahir sikap hayang instan, hayang tereh, alim beurat, alim ribet, jeung sajabana. Antukna, bijil mental anu lemah, teu payaan, epes meer, ceehan, gampang kagoda, jeung sajabana. Tah sadayana eta teh kalintang bahayana keur generasi oge bangsa urang anu bakal datang. Sabab, bisa ngalemahkeun mental penerusna anu kadituna ngalemahkeun kakuatannana.


       
Ku sabab kitu, dina raraga nyambut HUT anu ka 80 ieu, hayu urang eusian kamerdekaan ieu sesuai sareng kahoyong Dzat anu maparin ni’mat kamerdekaan sareng kahoyong para pejuangna. Anapon ngeusiannana bisa ku cara syukur, nganelan kaimanan jeung katakwan, oge nulad sifat-sifat para pahlawan oge nerapkeunanan dina raraga ngawangun kamerdekaan anu hakeki, tur ngawujudkeun bangsa anu maju lahir batin.  Mudah-mudahan urang tiasa ngalaksanakeunnana. Amin.

 

 بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِي هذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِي وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ  

 

Khutbah II

 

 اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَمَا أَمَرَ، أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمُ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ 

 

أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ. وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ وَالصَّوْمِ وَجَمِيْعِ الْمَأْمُوْرَاتِ وَالْوَاجِبَاتِ وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ بِنَفْسِهِ. وَثَنَى بِمَلَائِكَةِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ. إِنَّ اللَّهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ. اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَةً، اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْر

 

عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.