Khutbah Jumat Sunda: Ngengingkeun Lailatul Qadar di Panungtung Ramadhan
Kamis, 20 Maret 2025 | 17:00 WIB
Lailatul Qadar merupakan malam mulia dan istimewa. Salah satu keutamaannya lebih baik dari 1000 bulan, bahkan Al-Qur’an pun turun pada malam tersebut. Sungguh luar biasa bagi siapa pun yang mendapatkannya. Dan menurut pendapat yang unggul, waktu terjadinya adalah 10 malam terakhir di bulan Ramadan.
Maka khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Jumat Sunda: Ngengingkeun Lailatul Qadar di Panungtung Ramadhan”. Untuk mencetak khutbah ini, silakan klik fitur download berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ الْكِتَابَ وَلَمْ يَجْعَلْ لَهُ عِوَجًا، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةً تَرْفَعُ الصَّادِقِيْنَ إِلَى مَنَازِلِ الْمُقَرَّبِيْنَ دَرَجًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ وَضَعَ اللهُ بِرِسَالَتِهِ عَنِ الْمُكَلَّفِيْنَ حَرَجًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ خَيْرِ الْأَنَامِ طَرِيْقَةً وَأَهْدَاهُمْ مَنْهَجًا، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ، وَسَارِعُوا إِلَى مَغْفِرَتِهِ وَرِضَاهُ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ ، بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ، إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةِ الْقَدْرِ، وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ، لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Sidang Jumah anu mulya
Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh swt. Sholawat miwah salam mugia salamina sing dilimpahkeun ka jungjunan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Sholawat kalih salam oge mugia dikucurkeun ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna.
Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jum’ah sadayana. Sabab, ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana.
Sidang Jumah anu mulya
Dina waktos ieu urang tos lebet kana 10 dinten terakhir sasih Ramadhan. Numutkeun sababaraha katerangan, 10 wengi terakhir teh mangrupikeun waktos anu utama dibanding waktos sanesna. Salah sawiosna jalaran aya wengi anu kalintang istimewana nyaeta anu disebat Lailatul Qadar. Hal ieu dumasar kana dawuhan Kangjeng Rosul:
تَحَرَّوْا لَيْلَةَ الْقَدْرِ فِي الْعَشْرِ الأَوَاخِرِ مِنْ رَمَضَانَ
Hartosna, “Pilari ku aranjeun malem Lailatul Qadar dina sapuluh dinten terakhir sasih Romadhon,” (HR Imam Bukhari).
Sareng deui Lailatul Qadar teh wengi anu langkung mulya tibatan sarebu sasih. Di lebet ning eta wengi para malaikat kalebet malaikat Jibril lalungsur kalayan widi nu Maha Suci ngatur sagala rupi urusan. Maka kasalametan teh lungsur dugika meletek fajar. Kitu pisan numutkeun penjelasan surah Al-Qadr:
إِنَّآ أَنزَلۡنَٰهُ فِي لَيۡلَةِ ٱلۡقَدۡرِ ، وَمَآ أَدۡرَىٰكَ مَا لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ ، لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ خَيۡرٞ مِّنۡ أَلۡفِ شَهۡرٍ
Hartosna, “Saenya-enyana Kaula tos nurunkeun (Al-Quran) dina Lailatul Qadar. Naha anjeun terang naon ari Lailatul Qadar.? Lailatul Qadar teh leuwih hade tibatan sarebu bulan,” (QS Al-Qadr [97]: 1-3).
Upami nitenan kana kautamian wengi Lailatul Qadar anu neme, 1000 sasih teh sami sareng 83 taun 4 sasih. Hal ieu kalintang poharana kaunggulan anu tiasa dihontal ku urang salaku umatna Kangjeng Rosul. Leres-leres ieu janten kadeudeuh Alloh swt. Sanaos yuswa Kangjeng Rosul parondok, tapi masalah dina kautamian mah tiasa ngabanding ka umat kapungkur anu yuswana paranjang.
Sidang Jumah anu mulya
Sajabi ti eta, Lailatul Qadar teh dilebetkeun wengi istimewa margi janten wengian dilungsurkeun Al-Quran ti Lauhul Mahfudz ka Baitul ‘Izzah (langit dunya), nu janten pituduh keur sadaya manusa, ngandung rupi-rupi penjelasan, oge janten pangbeda antawis hak sareng batil. Hal ieu saluyu sareng dawuhan Alloh swt:
شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِي أُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ
Hartosna, “Bulan Romadhon, nyaeta bulan anu di jerona diturunkeun Al-Qur’an salaku pituduh keur manusa sareng penjelasan-penjelasan perkawis pituduh eta sarta pangbeda (antara perkara hak sareng batil),” (QS Al-Baqarah [2]: 185).
Sidang Jumah anu mulya
Keutamaan sanesna dina wengian Lailatul Qadar teh dihapuntenna dosa-dosa anu tos ti payun salami urang ngama’murkeunna ku mangrupi-rupi ibadah, sapertos netepan, i’tikaf, dzikir, sareng sajabina. Kitu di antawisna sakumaha anu didugikeun ku Kangjeng Rosul.
مَنْ قَامَ لَيْلَةَ الْقَدْرِ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Hartosna, “Sing saha jalma anu ngadeg (ibadah) dina wengian Lailatulqoadar karana arah-arah iman sareng miharep pahala, maka dihampura dosa-dosana anu tos kaliwat,” (HR Imam Bukhari).
Salajengna iraha ari waktos anu tangtos kajantenan Lailatul Qadar? Ibnu Hajar dina kitab Fathul Bari juz 5 kaca 569 nyebatkeun waktos Lailatul Qadar teh dina 10 dinten terakhir Romadhon.
Kaol ieu didukung ku hadits riwayat Imam Ahmad anu ngawinciik, yen hadirna Lailatul Qadar teh 10 wengi terakhir, tepatna dina wengi-wengi anu ganjil:
هِيَ فِي شَهْرِ رَمَضَانَ، فَالْتَمِسُوهَا فِي الْعَشْرِ الْأَوَاخِرِ، فَإِنَّهَا وَتْرٌ
Hartosna, “Lailatul Qadar teh dina sasih Romadhon tepatna dina sapuluh wengi terakhir, eta teh wengi ganjil,” (HR Imam Ahmad).
Aya oge kaol anu ngetang kajantenan waktos Lailatul Qadar ku ningal dinten kahiji Romadhon. Syaikh Ahmad bin Muhammad As-Showi dina kitab Tafsir Shawi, jilid 4, kaca 337 nguningakeun, upami ngawitan Romadhon dina dintena Saptu, sakumaha dina Romadhon ayeuna, maka Lailatul Qadarna gubrag dina wengi 23.
Teras dina kitab Bajuri jilid I, kaca 304 disebatkeun, upami ngawitan Romadhon dinten Saptu, maka Lailatul Qadarna dina wengi ka 21. Nanging perbentenan ieu teh teu leupas tina pangalaman para ulama anu ngalamannana.
Aya deui kaol anu nguningakeun, yen Lailaul Qodar mah dirahasiakeun ku Alloh. Pokona mah dina salami sasih Romadhon. Hal ieu oge teu leupas tina hikmah anu ageung. Salah sawiosna supados sadayana jalmi mu’min leres-leres ngama’murkeun sadayana wengi dina sasih Romadhon.
Nanging anu paling kiat di antawis sababaraha kaol anu neme, numutkeun Ibnu Hajar, nyaeta kaol anu nyebatkeun Lailatul Qadar teh tumiba dina wengi ganjil 10 wengi terakhir Ramadhan. Anapon gubragna Lailatul Qadar dina satiap taun teh benten-benten.
Jamaah Jumah anu mulya
Ningal kana kautamian Lailatul Qadar anu luar biasa, maka tos sakedahna urang leres-leres milari sareng ngengingkeunnana. Urang sing kabita ku kaistimewaannana. Mugia urang sadayana janten jalmi anu dipilih ku Alloh ngengingkeun kautamian eta wengi. Amin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا ، اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ
اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.