Khutbah

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Ciri Puasa nu Ditampi ku Allah

NU Online  ·  Senin, 16 Maret 2026 | 08:10 WIB

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Ciri Puasa nu Ditampi ku Allah

Ilustrasi Idul Fitri. Sumber: Canva/NU Online.

Bulan Ramadhan baru saja meninggalkan kita semua. Bulan yang penuh rahmat dan ampunan itu menjadi sarana untuk menggembleng umat Islam agar menjadi hamba-hamba Allah yang bertakwa. Tidak ada seorang pun yang dapat memastikan bahwa ibadah puasa seseorang diterima oleh Allah. Namun demikian, para ulama menjelaskan bahwa terdapat beberapa tanda yang dapat menjadi indikator diterimanya amal ibadah tersebut.


Khutbah Idul Fitri kali ini berjudul: “Ciri Puasa nu Ditampi ku Allah". Untuk mengunduh dan mencetak naskah khutbah Idul Fitri ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau di bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat.


Khutbah I

اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) وَ لِلّٰهِ اْلحَمْدُ، اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلَّا إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ،


الْحَمْدُ لِلهِ، الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي جَعَلَ رَمَضَانَ سَبِيلًا لِعُبُودِيَّتِهِ وَتَقْوَاهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُ اللّهِ وَرَسُولُهُ، اجْتَبَاهُ رَبُّهُ وَاصْطَفَاهُ وَهَدَاهُ، اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِينَ شُبِّهُوا بِالْأَنْجَامِ، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُونَ، أُوصِيكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللَّهِ وَطَاعَتِهِ بِامْتِثَالِ أَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيهِ، قَالَ اللَّهُ تَعَالَى فِي كِتَابِهِ الْكَرِيمِ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ


Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah

Alhamdulillahi rabbil 'alamin, hayu urang sami-sami muji sareng muja ka gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat iman sareng Islam. Kalayan rahmat-Na urang tiasa ngalaksanakeun ibadah puasa Romadhon tur ayeuna ngahontal dinten anu agung, nyaeta Idul Fitri. Shalawat sareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, tur ka kulawargina, para sahabatna, sareng ka urang salaku umatna dugi ka akhir zaman.


اللهُ أَكْبَرُ ٣×، لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ


Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah

Ngalangkungan mimbar ieu, khotib seja wasiat ka diri pribadi sareng ka jamaah sadayana hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT ku cara ngalaksanakeun sagala parentah-Na oge ninggalkeun sadaya larangan-Na, sakumaha nu atos diajarkeun ku guru-guru urang sadayana. 


Salian ti eta, takwa tiasa janten salah sahiji ciri tina puasa anu dilakonan kalayan leres. Hal ieu sakumaha dawuh Mantena dina Al-Qur’an Surat Al-Baqarah ayat 183:


يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ


Hartosna: “Hei jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka maraneh puasa sakumaha diwajibkeun ka umat samemeh maraneh supaya maraneh jadi jalma anu takwa.”


Ngenaan takwa dina ayat ieu, Imam Al-Qurthubi dina Tafsir Al-Jami' li Ahkamil Qur'an, juz 3, kaca 126 nerangkeun yen puasa teh tiasa nambihan katakwaan dina diri urang salaku umat Islam. Saur ajeuna, puasa teh tiasa ngaruh kana katakwaan margi nalika hiji jalma ngosongkeun beuteungna ku ngalakonan puasa, maka syahwatna bakal ngurangan. Salajengna, nalika syahwatna ngurangan dina diri jalma eta maka manehna bakal ngurangan kana ngalakonan dosa jeung maksiat. 


Perkara ieu saluyu sareng dawuh Nabi:


الصِّيَامُ جُنَّةٌ، فَلَا يَرْفُثْ وَلَا يَجْهَلْ، وَإِنِ امْرُؤٌ قَاتَلَهُ أَوْ شَاتَمَهُ، فَلْيَقُلْ: إِنِّي صَائِمٌ - مَرَّتَيْنِ


Hartosna: “Puasa teh perisai (anu ngajaga), margi kitu ulah nyarios kotor sareng ulah lampah bohong. Upami aya jalma anu ngajak pasea atanapi ngahina, kedah nyarios: 'Abdi nuju puasa' - dua kali,” (HR. Bukhari).


اللهُ أَكْبَرُ ٣×، لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ


Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah

Ku halna kitu, takwa ieu penting pisan kange urang sadayana, sabab takwa teh jadi tujuan utama pikeun jalma nu ariman dina ngalakonan ibadah puasa, sakumaha dawuh gusti Allah dina Surat Al-Baqoroh ayat 183 nu nembe diaos. 


Lamun urang tiasa ngajaga puasa, dina harti sanes ngan saukur nahan lapar jeung haus, tapi oge tiasa ngajaga awak, lisan, sareng hate tina sagala hal anu dilarang ku Gusti Allah SWT, maka éta tiasa jadi ciri yen puasa urang téh ditampi ku Manténna tur saluyu sareng tujuan diparentahkeunana puasa ka umat Islam.


Ngeunaan hal ieu, Imam Al-Ghazali dina kitab Ihya Ulumiddin, juz I, h. 296 ngajelaskeun yen puasa teh lain saukur ngosongkeun beuteung tinu kadaharan sabab eta mah puasa tingkat dasar. Mungguh anjeuna, puasa anu leuwih sampurna nyaeta nahan sakumna anggota badan tina dosa. Lisan dijaga tina omongan anu goreng, panon dijaga tina ningali hal anu dilarang, oge sakumna lampah dijaga tina maksiat. Langkung ti eta, hate oge dijaga tina sifat sirik, pidik, kaniaya, jeung sajabina. 


اللهُ أَكْبَرُ ٣×، لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ


Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah

Ciri puasa urang ditampi ku Allah tiasa ditingali ti samet ayeuna dugi ka salajengna. Upami saatosna urang ngalakonan puasa di bulan Romadhon kamari ibadah urang tetep stabil, syukur-syukur tiasa ningkat, maka eta tiasa jadi ciri yen puasa urang ditampi ku Allah. Imam Ibnu Rojab Al-Hanbali dina kitab Lathaiful Ma’arif ngajelaskeun:


ثَوَابُ الْحَسَنَةِ الْحَسَنَةُ بَعْدَهَا، فَمَنْ عَمِلَ حَسَنَةً ثُمَّ أَتْبَعَهَا بِحَسَنَةٍ بَعْدَهَا كَانَ ذَلِكَ عَلَامَةً عَلَى قَبُولِ الْحَسَنَةِ الْأُولَى، كَمَا أَنَّ مَنْ عَمِلَ حَسَنَةً ثُمَّ أَتْبَعَهَا بِسَيِّئَةٍ كَانَ ذَلِكَ عَلَامَةَ رَدِّ الْحَسَنَةِ وَعَدَمِ قَبُولِهَا


Hartina: “Pahala amal hade teh nyaeta amal hade sabada eta. Sing saha anu ngalakukeun hiji amal hade, tuluy dipirig ku amal hade deui sabada eta, eta teh jadi tanda yen amal hade nu kahiji ditarima (ku Alloh). Sakumaha oge jalma anu ngalakukeun amal hade, tuluy dilakonan ku amal goreng sabada eta, eta teh jadi tanda yen amal hadena ditolak tur henteu ditarima.” (Ibnu Rojab Al-Hanbali, Latha’iful Maa’rif [Beirut, Maktabatul Islami: 2007], h. 388)


Katerangan nu sakumaha diuningakeun ku Imam Ibnu Rojab ieu jentre pisan kanggo ngukur puasa urang ditampi atanapi heunteuna ku gusti Alloh. Ku margi kitu, lamun ayeuna sareng kapayuna urang masih getol ngalaksanakeun ibadah nu sok dilakonan di bulan puasa, misalna shalat Tahajud, ngaderes Al-Qur’an, sedekah, jeung sajabina, maka mungguh keterangan Imam Ibnu Rojab tadi, eta teh ciri yen puasa urang ditampi ku Gusti Alloh.


Kitu deui sabalikna, lamun keur saencan puasa urang teh sok gede ambek, goreng adat, jeung sajabina, maka saatos ngalakonan ibadah puasa kedahna aya parobahan dina diri urang. Kalakuan-kalakuan anu goreng tadi kedah tiasa dileungitkeun, atanapi sahenteuna jadi leuwih ngurangan.


Saatosna urang ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan Romadhon kamari, muga-muga urang sadayana dilebetkeun ku gusti Alloh ka golongan jalma anu bertakwa. Amiin ya robbal alamin... 


بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْاٰيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ فَيَا فَوْزَ الْمُسْتَغْفِرِيْنَ وَيَا نَجَاةَ التَّائِبِيْنَ

Khutbah II

اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) وَ لِلّٰهِ اْلحَمْدُ، اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلَّا إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ


الْحَمْدُ لِلَّهِ عَلَى إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلَى تَوْفِيقِهِ وَامْتِنَانِهِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ تَعْظِيمًا لِشَأْنِهِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الدَّاعِي إِلَى رِضْوَانِهِ، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ، اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ، وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، قَالَ اللّٰهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيمِ: إِنَّ اللّٰهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ


اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ، وَتَجَاوَزْ عَنْهُمُ السَّيِّئَاتِ، وَارْفَعْ لَهُمُ الدَّرَجَاتِ، اللَّهُمَّ أَصْلِحْنَا وَأَصْلِحْ أَحْوَالَنَا، وَأَصْلِحْ مَنْ فِي صَلَاحِهِمْ صَلَاحُنَا وَصَلَاحُ الْمُسْلِمِيْنَ، وَأَهْلِكْ مَنْ فِي هَلَاكِهِمْ صَلَاحُنَا وَصَلَاحُ الْمُسْلِمِيْنَ، اللَّهُمَّ وَحِّدْ صُفُوْفَ الْمُسْلِمِيْنَ، وَارْزُقْنَا وَإِيَّاهُمْ زِيَادَةَ التَّقْوَى وَالْإِيْمَانِ، اللَّهُمَّ ارْزُقْنَا حُبَّكَ وَحُبَّ نَبِيِّكَ، وَحُبَّ مَنْ أَحَبَّكَ وَأَحَبَّ نَبِيَّكَ، اللَّهُمَّ ارْزُقْنَا مُتَابَعَةَ نَبِيِّكَ وَالتَّمَسُّكَ بِكِتَابِكَ وَبِسُنَّةِ نَبِيِّكَ، وَلَا تَجْعَلْ مُصِيْبَتَنَا فِي دِيْنِنَا، وَلَا تَجْعَلِ الدُّنْيَا أَكْبَرَ هَمِّنَا وَلَا مَبْلَغَ عِلْمِنَا، وَاجْعَلِ الجَنَّةَ هِيَ دَارُنَا وَقَرَارُنَا، وَلَا إِلَى النَّارِ مَصِيْرُنَا، 


عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ


Ustadz Muhammad Aiz Luthfi, Pengajar di Pesantren Al-Mukhtariyyah Al-Karimiyah, Subang, Jawa Barat.