Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 5 Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal
NU Online ยท Jumat, 8 Agustus 2025 | 06:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Mengonsumsi makanan halal membawa dampak dan manfaat yang luar biasa, antara lain menjadi energi positif, melahirkan keturunan yang saleh, dekat kepada terkabulnya doa, memperbaiki keadaan hati, dan menjauhkan diri dari berbagai penyakit.ย
Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul "Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal". Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi).
Khutbah I
ุฅูููู ุงููุญูู ูุฏู ูููููฐูู ููุญูู ูุฏููู ููููุณูุชูุนููููููู ููููุณูุชูุบูููุฑููู ููููุนูููุฐู ุจูุงูููู ู ููู ุดูุฑูููุฑู ุฃูููููุณูููุง ููู ูู ุณูููุฆูุงุชู ุฃูุนูู ูุงููููุง ู ููู ููููุฏููู ุงูููู ููููุง ู ูุถูููู ูููู ููู ููู ููุถููููู ููููุง ููุงุฏููู ููููุ ุฃูุดูููุฏู ุฃููู ููุง ุฅูููฐูู ุฅููููุง ุงูููู ููุฃูุดูููุฏู ุฃูููู ู ูุญูู ูุฏูุง ุนูุจูุฏููู ููุฑูุณูููููููุ ุงูููููููู ูู ุตูููู ููุณููููู ู ุนูููู ุณููููุฏูููุง ู ูุญูู ููุฏู ููุนูููฐู ุขูููู ููุฃูุตูุญูุงุจููู ููู ููู ุชูุจูุนูููู ู ุจูุฅูุญูุณูุงูู ุฅูููู ููููู ู ุงููููููุงู ูุฉูุย
ุฃูู ููุง ุจูุนูุฏูุ ููููุง ุนูุจูุงุฏู ุงููููุ ุฃูููุตูููููู ู ููููููุณูู ุจูุชูููููู ุงูููู ููููุฏู ููุงุฒู ุงููู ูุชููููููููุ ููุงูู ุงูููู ุชูุนูุงููู ููู ุงููููุฑูุขูู ุงููููุฑูููู ูุ ูููููู ุฃูุตูุฏููู ุงููููุงุฆููููููู ุ ุฃูุนูููุฐู ุจูุงูููู ู ููู ุงูุดููููุทูุงูู ุงูุฑููุฌูููู ูุ : ููุง ุฃููููููุง ุงููููุงุณู ูููููุง ู ูู ููุง ููู ุงููุฃูุฑูุถู ุญูููุงููุง ุทููููุจูุง ููููุง ุชูุชููุจูุนููุง ุฎูุทูููุงุชู ุงูุดููููุทูุงูู ุฅูููููู ููููู ู ุนูุฏูููู ู ูุจููููุ ย ุตูุฏููู ุงูููู ุงููุนูุธูููู ูย
Sidang Jumah anu mulya,ย
ย
Puji syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh anu Maha Gofur, Dzat anu parantos maparin rupi-rupi kanikmatan ka urang sadayana, utamina niโmat iman, Islam, sareng ihsan.ย Solawat kalih salamna mugia sapapaosna dilimpahkeun ka panutan alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Saw, miwah kulawargina, para sahabat, para tabiโin, tabi tabiโinna, dugika urang sadayana. ย
Dina ieu kasempetan, khotib teu weleh ngawasiatan ka pribadi miwah ka jamaโah Jumโah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh Swt malah mandar urang tiasa ngahontal rohmat oge rido Mantenna. ย ย
Sidang Jumah anu mulya,ย
Ari ngonsumsi kadaharan anu halal teh mangrupikeun parentah syariat. Jelas tur atra kanggo urang sadayana ayat anu parantos nguningakeunnana, sakumaha dawuhan Allah dina Al-Quran: ย
ููุง ุฃููููููุง ุงููููุงุณู ูููููุง ู ูู ููุง ููู ุงููุฃูุฑูุถู ุญูููุงููุง ุทููููุจูุงย
Anu pihartosennana, wallohu aโlam bimurodih, โHe sakabeh manusa, dahar nu halal halal tur hade tina perkara anu aya di muka bumi,โ (QS Al-Baqarah: [2] 168).ย
Numutkeun Imam Al-Ghazali, dina Ihya Ulumiddin, jilid 2, kaca 91, maksad ayat anu neme ngawengku kana halal anu sifatna dzatiyah (wujud fisikna) sareng halal anu sifat asal-muasalna. Contona, halal dzatiyah ย sapertos tutuwuhan atanapi daging-dagingan anu dimeunangkeun tur diproses sesuai katangtuan syareat. Sedengkeun katuangan anu halal sacara asal-muasalna sapertos katuangan anu sumberna tina usaha sareng kasab anu halal. Hartosna, katuangan anu halal dzatiyah, tapi dikengingkeun ngalangkungan cara anu haram, sepertos tina kasab maok, maka tetep dianggap teu halal. ย
Salajengna, nuang kadaharan halal ngagaduhan 5 mangfaat keur anu ngajalankeunana. Kahiji, katuangan halal janten energi positif kana ibadah. Jalma anu biasa mengonsumsi katuangan anu halal, maka anjeunna bakal ngaraos hampang sareng sumangat dina ngalaksanakeun ibadah sareng kawajiban. Patokanana sakumaha anu paratos diuningakeun ku hiji sufi terkemuka, nyaeta Sahl At-Tustari:ย
ย ู ููู ุฃููููู ุงููุญูุฑูุงู ู ุนูุตูุชู ุฌูููุงุฑูุญูููุ ุดูุงุกู ุฃูู ู ุฃูุจููุ ุนูููู ู ุฃููู ููู ู ููุนูููู ู. ููู ููู ููุงููุชู ุทูุนูู ูุชููู ุญูููุงููุง ุฃูุทูุงุนูุชููู ุฌูููุงุฑูุญููู ูููููููููุชู ููููุฎูููุฑูุงุชูย
Hartosna, โJalmi anu nuang perkara haram, maka bakal maโsiat anggota badanna, daek teu daek, uninga teu uninga. Sabalikna, jalma anu nuang katuangannana halal, maka bakal ditoatkeun anggota badanna sareng dicalikkeun dina rupi-rupi kasaean.โ ย
Hartosna, nalika urang hoream oge teu sumanget kana ibadah, malah rada wani ninggalkeun kawajiban, parios katuangan anu dikonsumsi ku urang, naha tos halal atanapi teu acan, kasab urang tos halal atanapi teu acan.ย
Kadua, katuangan halal janten jalan diijabahna duโa anu dipanjatkan ka Alloh Swt. Hal ieu dumasar kana salah sawios hadits sohabat Saโd bin Abi Waqash anu kantos nyuhunkeun pandangan ka Kangjeng Rosul supados duโa-duโana diijabah. Lajeng Kangjeng Rosul Saw. ngawaler:ย
ููุง ุณูุนูุฏูุ ุฃูุทูุจู ู ูุทูุนูู ููู ุชููููู ู ูุณูุชูุฌูุงุจู ุงูุฏููุนูููุฉูุ ููุงูููุฐูู ููููุณู ู ูุญูู ููุฏู ุจูููุฏูููุ ุฅูููู ุงููุนูุจูุฏู ููููููุฐููู ุงููููููู ูุฉู ุงููุญูุฑูุงู ู ููู ุฌููููููู ู ูุง ููุชูููุจูููู ู ููููู ุนูู ููู ุฃูุฑูุจูุนูููู ููููู ูุงย
Hartosna, โHe Saโd, omekeun kadaharan anjeun, mangka duโa anjeun bakal mustajab. Demi Dzat anu ngagenggem jiwa Muhammad, saenya-enyana hiji hamba anu ngasupkeun sahuap kadaharan haram kana jero beuteungna, mangka moal ditarima amalna salila 40 poe,โ (HR At-Thabrani).
Walhasil, hayu urang perhatoskeun katuangan anu lebet kana padaharan urang, lamun urang gaduh duโa anu hoyong diijabah ku Nu Maha Kawasa.ย
Katilu, katuangan anu halal janten sebab dipasihan katurunan anu soleh atanapi solehah. Hal ieu dumasar kana cariosan kersana Syekh Abdul Qadir Al-Jailani, dina kitab Al-Ghunyah, juz I, kaca 103, anu ngajelaskan:ย
ย ุฅุฐูุง ุธูููุฑูุชู ุฃูู ูุงุฑูุงุชู ุญูุจููู ุงููู ูุฑูุฃูุฉู ููููููุตูููู ุบูุฐูุงุกูููุง ู ููู ุงููุญูุฑูุงู ู ููุงูุดููุจูููุงุชู ููููุฎููููู ุงูููููุฏู ุนูููู ุฃูุณูุงุณู ููุง ูููููููู ูููุดููููุทูุงูู ุนููููููู ุณูุจูููููย
Hartosna, โNalika nampak tanda-tanda kahamilan hiji istri, maka sakedahna si caroge ngajaga kadaharan tina perkara haram sareng syubhat supaya anak nu dikandungna aya dina fondasi anu teu tiasa kahontal ku setan.โ ย ย ย
Maka kalintang hadena nalika kabiasaan nyingkahan kadaharan haram sareng syubhat teh dikawitan ti prosesi akad nikah oge diteraskeun kana kahamilan tug dugika kalahiran murangkalih. Sabab ku cara kitu, setan moal tiasa gerak oge moal tiasa laluasa ngagoda. Salajengna, harepan lahir anak anu soleh, bakti ka Alloh sareng ka ibu-rama bakal ngawujud.ย
Sidang Jumah anu mulya,
Kaopat, katuangan anu halal masihan mangfaat keur meresihkeun hate. Sedengkeun hate anu beresih mangrupikeun jalan keur ngalebur sagala rupi panyakit sareng kahariwang hate, anu kadituna hate anu beresih matak ngondang kana cahaya, hikmah, sareng rahasia Ilahiyah. Hal ieu sakumaha anu parantos dijelaskeun dina salah sawios hadits:
ู ููู ุฃููููู ุงููุญูููุงูู ุฃูุฑูุจูุนููููู ููููู ุงูุ ูููููุฑู ุงูููู ููููุจููู ููุฃูุฌูุฑูู ููููุงุจูููุนู ุงููุญูููู ูุฉู ู ููู ููููุจููู ุนูููู ููุณูุงููููย
Hartosna โSing saha jalma anu ngadahar kadaharan halal salami 40 ย poe, maka Alloh bakal nyaangkeun hatena sareng bakal ngalirkan sumber-sumber elmu hikmah tina hatena kana lisanna,โ (HR Abu Nuโaim).ย
Nu matak saur kersana Syekh Abdullah bin โAlawi al-Haddad, sakumaha dikutip ku Zain bin Smith, al-Manhajus Sรขwรฎ, kaca 561, keur jalmi anu tos jero tasawufna, ngajernihkeun hate ditempuh ngalangkungan tilu ย kabiasaan, nyaeta (1) ngurangan kadaharan sareng ngajaga kahalalannana, (2) teu seueur muamalah jeung jalma anu gede nafsu duniawina, oge (3) salilana inget kana kamatian supaya teu seueur ngakhayal.ย
Kalima, kadaharan anu halal ngajauhkeun rupi-rupi panyakit. Hartosna, salian ti faidah batiniah, nuang kadaharan halal oge nyandak faidah lahiriah malahan tiasa dirasakan langsung ku badan. Cohagna, kadaharan anu halal nyandak barokah kana kasehatan urang. Sabalikna, kadaharan anu teu halal ngondang kana panyakit sareng kamadaratan.ย
Tangtos ku urang oge kaperhatoskeun, seueur pisan ayeuna rupi-rupi panyakit anu timbul tina kadaharan, utamina tina kadaharan anu berlebihan, sumawona anu teu halal mah. Nu matak Kangjeng Rosul maparin tetenger keur urang, salian ti ngajagi kadaharan teh, miwarang puasa:ย
ุตูููู ูููุง ุชูุตูุญูููุง
Hartosna, โPrak aranjeun puasa, maka bakal sehat,โ (HR. Ath-Thabrani). ย
Tah eta lima faidah nuang kadaharan anu halal. Mudah-mudahan tiasa kaperhatoskeun sareng kajalankeun ku urang, supados urang tiasa metik lima faidah eta, anu insya kalintang pohara manfaatna kanggo jiwa tur raga urang. Tos waktosna urang ngutamikeun nu halal. Kantenan urang miharep rido Alloh oge miharep kaniโmatan katuangan akherat. Di dunya ulah sambarangan, sumawona nu teu halal.
ุจูุงุฑููู ุงูููู ููู ููููููู ู ููู ุงููููุฑูุขูู ุงููุนูุธูููู ู. ููููููุนูููู ููุงููููุงููู ู ุจู ูุง ูููููู ู ููู ุงูุขููุงุชู ููุงูุฐููููุฑู ุงููุญูููููู ู. ููุชูููุจูููู ุงูููู ู ููููู ููู ูููููู ู ุชููุงููุชููู ุงูููููู ููููุงุงูุณููู ูููุนู ุงููุนูููููู ู. ุฃููููููู ููููููู ููุฐูุง ููุฃุณูุชูุบูููุฑููุง ุงูููู ุงููุนูุธูููู ู ูููู ููููููู ู ููููุณูุงุฆูุฑู ุงููู ูุณูููู ููููู ููุงููู ูุณูููู ูุงุชู ููุงููู ูุคูู ููููููู ููุงููู ูุคูู ูููุงุชู ููุงุณูุชูุบูููุฑููููู ุฅููููู ูููู ุงููุบูููููุฑู ุงูุฑููุญูููู ู
Khutbah IIย
ุงููุญูู ูุฏู ูููููฐูู ุงูููุฐููู ุจูููุนูู ูุชููู ุชูุชูู ูู ุงูุตููุงููุญูุงุชูุ ุฃูุดูููุฏู ุฃููู ููุง ุฅููููู ุฅููููุง ุงูููู ููุญูุฏููู ููุงุดูุฑููููู ูููู ููุฃูุดูููุฏู ุฃููู ู ูุญูู ููุฏูุง ุนูุจูุฏููู ููุฑูุณููููููู ููุงููุจูููู ุจูุนูุฏููู. ุงูููููููู ูู ุตูููู ููุณููููู ู ููุจูุงุฑููู ุนูููู ุณููููุฏูููุง ู ูุญูู ููุฏู ููุนูููู ุขูููู ููุตูุญูุจูููย
ุฃูู ููุง ุจูุนูุฏูุ ููููุง ุขูููููุง ุงูุญูุงุถูุฑููููู ุฃูููุตูููููู ู ููุฅููููุงูู ุจูุชูููููู ุงูููู ููุทูุงุนูุชููู ููุนููููููู ู ุชูููููุญููููู. ููุชูุฒููููุฏููุง ููุฅูููู ุฎูููุฑู ุงูุฒููุงุฏู ุงูุชููููููู.ุฃูุนูููุฐู ุจูุงูููู ู ููู ุงูุดููููุทูุงูู ุงูุฑููุฌูููู ู. ุฅููู ุงูููู ููู ูููุงุฆูููุชููู ููุตููููููู ุนูููู ุงููููุจูููู ููุง ุฃูููููุง ุงูููุฐููููู ุกูุงู ููููุง ุตูููููุง ุนููููููู ูุณููููู ููุง ุชูุณูููู ูุงุ ุงูููููููู ูู ุตูููู ุนูููู ุณููููุฏูููุง ู ูุญูู ููุฏู ููุนูููู ุขูู ุณููููุฏูููุง ู ูุญูู ููุฏู ุงูููููููู ูู ุขู ูููู ููุงุฑูุจูู ุงููุนูุงููู ููููู
ุงูููููููู ูู ุงุบูููุฑู ููููู ูุณูููู ููููู ููุงููู ูุณูููู ูุงุชูุ ููุงููู ูุคูู ููููููู ููุงููู ูุคูู ูููุงุชู ุงููุฃูุญูููุงุกู ู ูููููู ู ููุงููุฃูู ูููุงุชูุ ุฅูููููู ุณูู ูููุนู ููุฑูููุจู ู ูุฌูููุจู ุงูุฏูุนูููุงุชู. ุงููููููู ูู ุงุบูููุฑูููููุง ุฐูููููุจูููุง ูู ุฐูููููุจู ููุงููุฏูููููุง ููุงุฑูุญูู ูููู ูุง ููู ูุง ุฑูุจููููุงููุง ุตูุบูุงุฑูุงุ ุฑูุจููููุง ุงุบูููุฑู ููููุง ููููุฅูุฎูููุงููููุง ุงูููุฐูููู ุณูุจููููููุง ุจูุงููุฅููู ูุงูู ููููุง ุชูุฌูุนููู ููู ูููููุจูููุง ุบููููุง ููููููุฐูููู ุขู ููููุง ุฑูุจููููุง ุฅูููููู ุฑูุคูููู ุฑููุญููู ูุ ุฑูุจููููุง ุขุชูููุง ููู ุงูุฏููููููุง ุญูุณูููุฉู ููููู ุงูุขุฎูุฑูุฉู ุญูุณูููุฉู ููููููุง ุนูุฐูุงุจู ุงููููุงุฑู
ุนูุจูุงุฏู ุงููููุ ุฅูููู ุงูููู ููุฃูู ูุฑู ุจูุงููุนูุฏููู ููุงููุฅูุญูุณูุงูู ููุฅูููุชูุงุกู ุฐูู ุงููููุฑูุจููุ ููููููููู ุนููู ุงููููุญูุดูุงุกู ููุงููู ูููููุฑู ููุงููุจูุบูููุ ููุนูุธูููู ู ููุนููููููู ู ุชูุฐููููุฑูููููุ ููุฃููููููู ููููููู ููุฐูุง ููุฃูุณูุชูุบูููุฑู ุงูููู ุงููุนูุธูููู ู ููู ููููููู ู ููุงุณูุชูุบูููุฑููููู ุฅูููููู ูููู ุงููุบูููููุฑู ุงูุฑููุญูููู ู
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Khutbah Jumat: Meyongsong HUT RI dengan Syukur dan Karya Nyata
2
Jadwal Puasa Sunnah Sepanjang Agustus 2025, Senin-Kamis dan Ayyamul Bidh
3
Khutbah Jumat: Rawatlah Ibumu, Anugerah Dunia Akhirat Merindukanmu
4
Khutbah Jumat: Menjadikan Aktivitas Bekerja sebagai Ibadah kepada Allah
5
Khutbah Jumat: Dalam Sunyi dan Sepi, Allah Tetap Bersama Kita
6
Redaktur NU Online Sampaikan Peran Strategis Media Bangun Citra Positif Lembaga Filantropi
Terkini
Lihat Semua