Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Doraka ka Indung Madarat ti Dunya Dugika Akherat  

Kamis, 20 Juni 2024 | 15:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Doraka ka Indung Madarat ti Dunya Dugika Akherat  

Ilustrasi berbakti pada ibu. (Foto: NU Online/Suwitno)

Perintah berbakti, bersyukur, serta berbuat baik kepada orang tua, terutama ibu, sangat jelas dalam Al-Quran. Begitu pun larangan membangkang, peringatan durhaka, serta bersikap kasar kepada keduanya. Bahkan, durhaka kepada orang tua termasuk dosa yang disegerakan di dunia sebelum kematian. 

 

Naskah khutbah Jumat berikut ini dengan judul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Doraka ka Indung Madarat ti Dunya Dugika Akherat”. Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi)


   
Khutbah I

 

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ تَفَرَّدَ بِجَلَالِ مَلَكُوْتِهِ، وَتَوَحَّدَ بِجَمَالِ جَبَرُوْتِهِ وَتَعَزَّزَ بِعُلُوِّ أَحَدِيَّتِهِ، وَتَقَدَّسَ بِسُمُوِّ صَمَدِيَّتِهِ، وَتَكَبَّرَ فِي ذَاتِهِ عَنْ مُضَارَعَةِ كُلِّ نَظِيْرٍ، وَتَنَزَّهَ فِي صِفَائِهِ عَنْ كُلِّ تَنَاهٍ وَقُصُوْرٍ، لَهُ الصِّفَاتُ الْمُخْتَصَّةُ بِحَقِّهِ، وَالآيَاتُ النَّاطِقَةُ بِأَنَّهُ غَيْرُ مُشَبَّهٍ بِخَلْقِهِ 

 

وَأَشْهَدُ أَن لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مُوْقِنٍ بِتَوْحِيْدِهِ، مُسْتَجِيْرٍ بِحَسَنِ تَأْيِيْدِهِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدِنَا مُحَمَّداً عَبْدُهُ الْمُصْطَفَى، وَأَمِيْنُهُ الْمُجْتَبَي وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ إِلَى كَافَةِ الْوَرَى،  اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْراً

 

أَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ وَاعْبُدُوْهُ، فَإِنَّ اللهَ خَلَقَكُمْ، لِذَلِكَ قَالَ تَعَالَى: ﴿ وَقَضٰى رَبُّكَ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّآ اِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسٰنًاۗ اِمَّا يَبْلُغَنَّ عِنْدَكَ الْكِبَرَ اَحَدُهُمَآ اَوْ كِلٰهُمَا فَلَا تَقُلْ لَّهُمَآ اُفٍّ وَّلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُلْ لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيْمًا﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

 

Sidang Jumah anu mulya,

Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana.


   
Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka Baginda Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Rasul utusan nu nyandak cahaya ketauhidan kangge umatna. Solawat kalih salam oge mugia sing dilimpahkeun ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna.

 

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri pribadi, umum ka ahli Jumah sadayana. Sabab ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana. Oge ukur katakwaan nu janten tameng panghalang kanggo urang dina ngajalankeun sagala rupi perintah Alloh oge nebihan panyegah-Na.

 

Sidang Jumah anu mulya,

Parentah ngabakti, syukur, sareng migawe hade ka indung bapa parantos jelas ditetelakeun dina Al-Quran sareng Sunah. Nyakitu deui larangan doraka sareng minculak ka marantenna  parantos dijentrekeun. Di antawisna dina serat an-Nisa’:

 

 وَاعْبُدُوا اللّٰهَ وَلَا تُشْرِكُوْا بِه شَيْـًٔا وَّبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسَانًا

 

Hartosna, “Kudu nyembah aranjeun ka Alloh sareng ulah rek ngaduakeun aranjeun ka Alloh jeung naon wae. Jeung kudu migawe hade aranjeun ka indung-bapa,” (QS. an-Nisa’ [4]: 36).

 

Sementawis dina serat Al-Isro diuningakeun:

 

وَقَضٰى رَبُّكَ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّآ اِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسٰنًاۗ اِمَّا يَبْلُغَنَّ عِنْدَكَ الْكِبَرَ اَحَدُهُمَآ اَوْ كِلٰهُمَا فَلَا تَقُلْ لَّهُمَآ اُفٍّ وَّلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُلْ لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيْمًا

 

Hartosna, “Pangeran anjeun tos netepkeun yen anjeun ulah nyembah ka sasaha anging ka Anjeuna (Alloh), oge kudu migawe hade anjeun ka indung-bapa. Lamun salah saurang di antara aranjeunna atawa duanana dugika kana yuswa sepuh di sagigireun aranjeun, maka anjeun ulah rek ngucapkeun ka aranjeuna ucapan “ah” jeung deui anjeun ulah rek nyentak ka aranjeuna, anggur mah ucapkeun ka aranjeuna ucapan anu harade,” (QS.  al-Isro’ [17]: 23). 

 

Ibnu Abbas parantos ngajelaskeun, maksad migawe hade di dieu nyaeta nunjukkeun sikep anu ramah sareng lemah lembut, teu nyarios kasar, teu nyinggung emutan, teu molototan, sumawona lamun nyentak.

 

Alhasil, salaku anak ti hiji indung jeung bapa, urang kedah nunjukkeun sikep anu handap asor sareng hormat nalika aya di payuneun aranjeuna. Sopan nalika nyarios sareng santun dina sikep.

 

Masih saur Ibnu ‘Abbas, aya tilu ayat anu turun disandingkeun sareng tilu perkara sejenna, salah sawiosna nyaeta ayat parentah syukur ka Alloh anu disandingkeun sareng parentah syukur ka indung bapa.

 

Dua perkara ieu teu tiasa dipisahkeun. Ngandung hartos, Alloh moal narima syukur urang lamun urang henteu syukur ka indung bapana. Ku hal sakitau, pantes Kangjeng Rosul nyarioskeun dina hadisna, “Rido Alloh aya dina rido indung bapa, bendu-Na aya dina bendu indung bapa.” Kitu sakumaha anu dikutip ku Syekh Zainuddin al-Malaibari dina kitab Irsyadul-‘Ibad.

 

Katambih syareat parantos netepkeun, yen darajat indung tilu kali leuwih luhur tinimbang nu jadi bapa. Hal ieu sanes hartos urang nyepelekeun nu jadi bapa, tapi indung kedah langkung dihormat, dipikanyaah, sareng diperhatoskeun tinimang bapa. Alesannana kahiji, indung mah sacara fisik teu sakuat bapa; kadua indung mah sosok anu leuwih nyaah, leuwih perhatosan, jeung paling direpotkeun kunu jadi anak.

 

Sahingga, doraka ka indung bapa, komo lamun ka indung, ditetepkeun balesannana hiji dosa gede nu ngakibatkeun amal ibadah jadi percuma, sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul:

 

ثَلَاثَةٌ لَا يَنْفَعُ مَعَهُنَّ عَمَلٌ: الشِّرْكُ بِاللهِ، وَعُقُوقُ الْوَالِدَيْنِ، وَالْفِرَارُ مِنَ الزَّحْفِ

 

Hartosna: “Tilu perkara anu matak hiji amal teu mangfaat mun dibarengan eta tilu perkara, nyaeta (1) midua ka Alloh, (2) doraka ka indung bapa, (3) kabur ti paperangan,” (HR. ath-Thabrani).

 

Dina hadits anu sanesna diuningakeun yen jalma anu doraka ka indung bapa mah kalebet tilu golongan anu diharamkeun asup ka surga, “Tilu golongan anu diharamkeun ku Alloh asup ka surga, nyaeta anu nyandu kana khomer, jalma nu doraka ka indung bapa, jeung jalma anu dayuts,” (HR. an-Nasa’i sareng al-Hakim).

 

Malahan, leuwih beuratna deui, balesan jalma anu doraka ka indung bapa diterehkeun di dunia samemeh maotna. Wujudna tangtu rupa-rupa, saperti dirupekkeun rezeki, dijauhkeun tina kabarokahan hirup, dikungkung ku apes, cilaka, kasedihan, sareng sajabina. Eta teh jelas tetela dina dawuhan Kangjeng Nabi:

 

كُلُّ الذُّنُوبِ يُؤَخِّرُ اللَّهُ مِنْهَا مَا شَاءَ إِلَّا الْبَغْيَ وَقَطِيعَةَ الرَّحِمِ يُعَجِّلُهُ اللَّهُ لِصَاحِبِهِ قَبْلَ الْمَمَاتِ

 

Hartosna, “Sakabeh dosa diakhirkeun balesannana ku Alloh sakumaha irodah-Na kecuali dosa doraka ka indung bapa. Mantenna bakal nerehkeun balesannana ka nu migawena di dunya samemeh maotna,” (HR. al-Hakim).

 

Pikeun gambaran kumaha beuratna balesan jalma anu ngaraheutan hate indung, pernah aya hiji sahabat anu namina Alqamah. Anjeuna hiji jalmi anu taat ka Alloh, tekun ibadah, teu pernah tingaleun puasa sareng shalat, termasuk zakat sareng sodakoh. Nanging, di akhir hayatna, anjeuna teu tiasaeun ngucapkan kalimat Lailahaillallah.

 

Saparantosna dilaporkeun sareng ditalusur ka Kangjeng Rosul, Alqamah masih gaduh ibu anu tos sepuh sareng manah indungna kantos raheut ku polah Alqomah. Numutkeun ibuna, Alqamah leuwih mentingkeun jeung leuwih perhatian keneh ka istrina tinimbang ka indungna. Eta sababna, nalika sakaratul maut, lisan Alqamah beurat  mengucapkeun kalimah thoyyibah.

 

Untungna, Kangjeng Rosul geuwat pang nyuhunkeun panghampura ka ibuna Alqamah. Kanggo mukakeun pinto kanyaaah jeung panghampura indung, Kangjeng Rosul nyuhunkeun para sahabat ngumpulkeun suluh kanggo ngaduruk Alqamah.

 

Ngadangu kitu, jiwa jeung kadeudeuh nu jadi indung ngadadak hudang. Manahna leah. Anjeuna ngaraos teu tega lamun kedah ningal jasad nu jadi anak diduruk hirup-hirup payunannana. Hingga akhirna anjeuna ngahampura Alqamah tinimang ningal jasad murangkalihna seep kaduruk seuneu.

 

Kangjeng Rosul teras sasauran ka ibuna Alqomah, “Umi, seuneu akherat mah kantenan langkung peurih ti seuneu dunya.”

 

Saatosna dihampura mah ku indungna, Alqamah teh lancar ngaleupaskeun nafas terakhirna sabari ngucap kalimah Lailahaillallah.

 

Sidang Jumah anu mulya,

Alqamah wae anu taat ibadah ka Alloh, ampir-ampiran pupus su’ul khatimah,  komo deui jalma anu dorhaka ka Alloh sareng ka indung bapa? Kumaha nasib jalma anu terus-terusan nganyenyeri hate indung bapana?


   
Tah ieu teh pelajaran anu kalintang berharga kanggo saha wae anu masih ngagaduhan sikep anu awon ka indung bapa. Sakaligus pelajaran kanggo urang nalika hoyong ngengingkeun kamatian anu husnul khatimah.

 

Maka ti kawit ayeuna, hayu urang ngarobah sikep goreng urang ka indung bapa, komo ka indung urang. Sing emut yen indung teh tunggul rahayu bapa tangkalna darajat. Doakeun anu sae pami aranjeuna tos teu aya.

 

Bagjakeun aranjeuna. Lamun can mampu ngabagjakeun, sakirang-kirangna ulah nganyerikeun sareng ngajaga perasaan aranjeuna. Sabab, balesan sareng ancamannana kalintang beuratna. Balesannana tong boro di akherat, malah di dunya keneh geus ditembongkeun.

 

Mugia urang sing kalebet jalmi anu taat ka Alloh sareng ka ibu rama, syukur ka Alloh oge syukur ka ibu rama.


 
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا  اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْن

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلاَلاً طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. اللّهُمَّ قَنِّعْنَا بِمَا رَزَقْتَنَا وَبَارِكْ لَنَا فِيْمَا أَعْطَيْتَنَا وَاخْلُفْ عَلَيْنَا كُلَّ غَائِبَةٍ لَنَا مِنْكَ بِخَيْرٍ بِرَحْمَتِكَ يآ أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.