Khutbah Idul Fitri 1446 H Bahasa Sunda: Takwa sareng Akhlak Mulya Janten Atikan Ramadhan
Sabtu, 29 Maret 2025 | 20:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Sebagai penutup rangkaian ibadah Ramadhan, Lebaran kiranya menjadi momen yang tepat untuk menerapkan didikan yang diperoleh dari madrahah Ramadhan. Utamanya adalah didikan takwa dan akhlak mulia. Sebab, itu pula yang menjadi capaian utama dari ibadah puasa sekaligus yang dibutuhkan bangsa kita saat ini.
Khutbah Idul Fitri kali ini berjudul: “Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Takwa sareng Akhlak Mulya Janten Atikan Ramadhan". Untuk mengunduh dan mencetak naskah khutbah Idul Fitri ini silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat.
Khutbah I
اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) وَلِلّٰهِ الحَمْدُ، اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلّهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيلًا. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلَّا إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ
الحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ حَرَّمَ الصِّياَمَ أَيّاَمَ الأَعْياَدِ ضِيَافَةً لِعِباَدِهِ الصَّالِحِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الَّذِيْ جَعَلَ الجَنَّةَ لِلْمُتَّقِيْنَ ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِيْ إِلىَ الصِّرَاطِ المُسْتَقِيْمِ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَباَرِكْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحاَبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنَ
أَمَّا بَعْدُ، فَيآ أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمْ اللهُ، أُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ، بِامْتِثَالِ أَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ، وَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ ،صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Jamaah Id anu dimulyakeun ku Alloh
Puji sareng syukur hayu urang sanggakeun ka Alloh Robbun Gofur kalayan mugia sing janten buktos kanggo nunjukkeun kabingah urang nu teu aya sudana jeung kabagja teu teu aya papadana rehing dinten ayeuna urang saatos ngalaksanakeun ibadah puasa, tiasa mungkasna ku netepan sunah Idul Fitri dina dintenan lebaran 1 Syawal 1446 H.
Solawat miwah salamna mugia tetep dikucurkeun ka panutan urang, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad anu mulya, kalih ka kulawargina, para sahabatna, dugika urang sadayana anu teu weleh-weleh miharep syafaatna.
اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ
Jamaah Id anu dimulyakeun ku Alloh
Sasih Ramadhan atos kalangkung. Ngantunkeun urang sadaya kalayan masihan rupi-rupi atikan atanapi didikan sareng wejangan. Kahiji, atikannana teh urang kedah salawasna takwa ka Alloh swt. di mana wae urang keur aya. Sanes kanten takwa janten ukuran kamulyaan urang sadayana di payuneun anu Maha Kawasa.
إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِنْدَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ
Hartosna, ”Saenya-enyana anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh di antara aranjeun nyaeta anu pang takwana,” (QS Al Hujurot: 13).
Salajengna, naon ari hartosna takwa? Takwa teh numutkeun Ibnu Adil nyaeta:
الْاِمْتِثَالُ لِأَمْرِ اللهِ، وَالْاِجْتِنَابُ عَمَّا نَهَاهُ حَاجِزًا بَيْنَهُ وَبَيْنَ الْعَذَابِ
Hartosna, “Ngawaro kana parentah Alloh oge nebihan tina panyegah-Na, supados janten hahalang antawis diiri (si hamba) sareng siksa-Na.”
Ta’rifan sanes nguningakeun, takwa teh ngaros sieun, nyingkahan perkara haram, ati-ati tur waspada bisi ngareumpak larangan Alloh, oge leres-leres ngajalankeun naon sagala rupi tugas ti Mantenna. Katerangan eta sukamaha dawuhan Imam Ibnu Adil Ad-Dimasyqi dina kitab Al-Lubab fi ‘Ulumil-Kitab, Jilid 1, kaca 276.
Ku kituna, mugia ngalangkung atikan Ramadhan, lahir pribadi-pribadi anu takwa, hartos taat ka Alloh, sieun ku kaawonan anu dicegah ku Alloh. Insya Alloh, lamun umat ieu tos euyeub ku jalmi anu takwa, bangsa urang bakal barokah, tebih tina huru-hara, anggang tina pancabaya, kadituna tiasa ngawujudkeun nagara anu gemah ripah repeh rapih, cageur bageur, bagja tur raharja.
اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ
Jamaah Id anu dimulyakeun ku Alloh
Sing emut, puasa Ramadhan tos ngalatih urang kanggo jujur sareng sabar. Hartosna, saatos Ramadhan urang kedah tiasa janten jalmi anu jujur, amanah, teu wantun ngarampas hak batur. Saleresna dina danget ieu, urang ngaraos prihatin, margi masih keneh aya jalmi anu teu jujur. Bangsa urang nuju ditimpa krisis akhlak, generasi urang seueur anu brutal taya ras-rasan, wani nganiaya ka sasama nu teu tuah teu dosa.
Mugia wae ngalangkungan atikan Ramadhan, urang sadayana sing tiasa nyegah sadayana eta. Katambih Alloh tos wakca dina Al-Quran, lamun panduduk hiji nagara iman jeung takwa, maka lawang kabarokahan pasti dibukakeun ka aranjeuna:
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنا عَلَيْهِمْ بَرَكاتٍ مِنَ السَّماءِ وَالْأَرْضِ
Hartosna, “Sakirana panghuni negeri arariman sareng tarakwa, pastina Kaula bakal ngalimpahkeun ka maranehna kabarokahan ti langit sareng ti bumi,” (QS. Al-‘Araf [7]: 96).
Janten numutkeun eta ayat, kalintang pentingna urang janten jalmi anu takwa keur ngawujudkeun negeri anu barokah, pinuh ku kaamanan, katengtreman, oge karaharjaan.
اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ
Jamaah Id anu dimulyakeun ku Alloh
Atikan kadua urang sapapaosna kedah sae akhlak, bade akhlak ka Kholiq, akhlak ka papada manusa atanapi ka papada makhluk, kalebet akhlak ka lingkungan nu terkadang ku urang sok katotolerkeun.
Akhlak teh nyaeta tingkah laku hade anu didasaran ku aspek etika, moral, kasopanan, sareng tatakrama, khususna anu diatur ku agama urang, nalika ngawangun hubungan sareng pihak luar diri urang.
Urang pedar sacara singkat wae, akhlak sae ka Alloh nu diterapkeun ku jalmi nu tos puasa teh numutkeun Al-Ghazali dina kitab Jawahirul-Quran kaca 20, di atawisna nauhid, khauf-roja, tobat, takwa, syukur, sabar, tawakal, sumerah, ikhlas, dzikir, sobar, zuhud, mahabbah, sareng ridho ka Alloh.
Sementawis akhlak ka papada manusa di antawisna, nyaahan, deudeuhan, berehan, silih asah, silih asih, silih asuh, silih tulungan, silih hampura, sae sangka, amanah, lemah lemut, jujur, bener, bijaksana, handap asor, sareng sajabina.
Salajengna, akhlak ka papada makhluk, di antawisna ngajaga, ngariksa, ngarawat, ngarasa nyaah, tara nyiksa, sareng sajabina. Terakhir, akhlak ka lingkungan di antawisna ngajaga, ngaraksa, meresan, meresihan, ngarapihkeun, teu sawenang-wenang, sumawona lamun ngaruksak. Hal ieu teh dumasar kana dalil Al-Quran anu nguningakeun:
وَلَا تُفْسِدُوْا فِى الْاَرْضِ بَعْدَ اِصْلَاحِهَا
Hartosna, “Ulah nyieun karuksakan aranjeun di bumi saatos diatur kalayan hade,” (QS. Al-A’raf [7]: 56).
Lamun seug urang talobeh ngarawat alam, maka nu rugi urang-urang keneh salaku manusa anu aya di ieu bumi. Contona bencana alam, kabajiran, sareng longsor, eta teh salah sawiosna anu teu tiasa leupas tina tingkah goreng manusa. Nu matak hayu urang omean akhlak, ti kawit akhlak ka Pangeran dugika akhlak ka lingkungan. Kantenan saur Kangjeng Rosul:
أَكْمَلُ الْمُؤْمِنِينَ إِيمَانًا أَحْسَنُهُمْ خُلُقًا
Hartosna, “Jalmi mu’min anu pangsampurna-sampurna iman teh nyaeta jalmi anu pang sae-saena akhlak,” (HR. At-Tirmidzi).
اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ
Jamaah Id anu dimulyakeun ku Alloh
Singketna, lulusan madrosah Ramadhan teh kedah tiasa ngaluarkeun pribadi anu takwa kalayan disarengan ku akhlak anu mulya sarta kamanfaatan keur balarea. Naon hartosna urang sae akhlak ka Alloh, lamun awon akhlak ka sasama.
Ieu teh nunjukkeun kedah ayana kasaimbangan antawis hablum minalloh sareng hablum minannas. Cohagna jalmi takwa mah kedah tiasa nyandak kamaslahatan ka sasama, kawit ti tingkat kulawarga, masyarakat, umat, katut bangsa jeung nagara. Ucap, tekad, jeung lampah salilana kedah akur teu aya carekeun agama sareng nagara. Sabab, duanana dilkaulaan sapantesna.
Jalma takwa sapapaosna ngajaga ukhuwwah atanapi duduluran, ngawitan ngajaga ukhuwwah islamiyyah ku cara ngaraketkeun duduluran antawis sasami muslim; teras ukhuwwah insaniyyah ku cara ngajungjung nilai-nilai kamanusaan, nolak diskriminasi, sareng silih tulungan jeung nu butuh, terakhir ukhuwwah watoniyyah ku cara ngajaga persatuan sareng kesatuan bangsa, ngadukung pangwangunan nasional, oge ngahargaan karagaman.
Jalmi takwa sapapaosna emut yen tekad, ucapan, sareng perbuatan teh kedah akur sareng ajaran Islam.
اَلْمُسْلِمُ مَنْ سَلِمَ الْمُسْلِمُوْنَ مِنْ لِسَانِهِ وَيَدِهِ
Hartosna, “Ari jalmi muslim teh nyaeta jalmi anu muslim-muslim liana salamet tina lisan sareng pananganna,” (HR. Bukhori).
Mun seug ngaca kana ieu hadits, kaayaan di nagara urang ayeuna memang pikawatireun. Seueur dulur urang nu parasea, saling pikangewa, silih musuhan, saling hujat, saling hasut, teu amanah, nu balukarna timbulna pacogregan antara anak bangsa. Kantenan ayeuna zaman medsos sareng terbukana informasi. Urang kedah bijak ngagunakeun eta kacanggihan teknologi.
Matak yakin tameng urang nyaeta Imtak jeung akhlak. Pencerahan akal-budi diperlukeun. Mugia wae Idul Fitri janten mangsa keur ngahirupkeun deui niley-niley utama sareng akhlak mulya.
Akhirna hayu urang munajat ka Allloh mugia urang dipasihan taufiq sareng hidayah, sahingga dina sagala rupi laku-lampah urang kenging panangtayungan sareng bimbingan Mantenna.
Atas name pribadi, khotib nyanggakeun wilujeng boboran siyam ka sadayana 1 Syawal 1446 Hijriah. Neda hapunten lahir miwah batin. Mugia urang sadayana aya dina kucuran rohmat, magfiroh, sinareng ridho-Na. Amin ya mujibas sailin.
جَعَلَنَا الله وَإِيَّاكُمْ مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالفَآئِزِيْنَ وَأَدْخَلَنَا وَاِيَّاكُمْ فِيْ زُمْرَةِ عِبَادِهِ المُتَّقِيْنَ. بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ
Khutbah II
اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ اْلحَمْدُ
اَلْحَمْدُ ِللّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ، إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ، وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ، وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ، اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ، رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ، رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Temui Menkum, KH Ali Masykur Musa Umumkan Keabsahan JATMAN 2024-2029
2
Baca Doa Ini untuk Lepas dari Jerat Galau dan Utang
3
Cara KH Hamid Dimyathi Tremas Dorong Santri Aktif Berbahasa Arab
4
Jadwal Lengkap Perjalanan Haji 2025, Jamaah Mulai Berangkat 2 Mei
5
Apel Akbar 1000 Kader Fatayat NU DI Yogyakarta Perkuat Inklusivitas
6
Pengurus Ranting NU, Ujung Tombak Gerakan Nahdlatul Ulama
Terkini
Lihat Semua