Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Bahaya Arak keur Kahirupan Manusa
NU Online · Kamis, 7 November 2024 | 11:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Islam mengharamkan minuman keras atau arak dan narkoba karena mengandung bahaya dan membawa dampak negatif bagi kehidupan manusia. Minuman keras dan narkoba dapat merusak akal dan menyebabkan kehilangan kendali diri, sehingga individu yang mengonsumsinya rentan melakukan tindakan yang merugikan diri sendiri maupun orang lain.
Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Bahaya Arak keur Kahirupan Manusa.” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْعَلِيْمِ الْحَكِيْمِ، اَلْقَدِيْرِ الرَّحِيْمِ، أَبَاحَ لِعِبَادِهِ الطَّيِّبَاتِ، وَحَرَّمَ عَلَيْهِمُ الْخَبِيْثَاتِ رَحْمَةً بِهِمْ، وَرِعَايَةً لِمَصَالِحِهِمْ، وَتَحْقِيْقًا لِمَنَافِعِهِمْ، وَدَفْعًا لِلضَّرَرِ عَنْهُمْ، نَحْمَدُهُ عَلَى مَا هَدَانَا وَاصْطَفَانَا، وَنَشْكُرُهُ عَلَى مَا أَوْلَانَا وَأَعْطَانَا
أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْكَبِيْرُ الْمُتَعَالُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، بَيَّنَ الْحَرَامَ وَالْحَلَالَ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلي سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَوَاصِلَيْنِ مَا تَعَاقَبَ الْغُدُوُّ وَالْآصَالُ
عِبَادَ اللهِ، اِتَّقُوْا اللهَ تَعَالَى وَأَطِيْعُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُم مُّسْلِمُونَ، وَقَالَ: يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّمَا الْخَمْرُ وَالْمَيْسِرُ وَالْاَنْصَابُ وَالْاَزْلَامُ رِجْسٌ مِّنْ عَمَلِ الشَّيْطٰنِ فَاجْتَنِبُوْهُ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظيْمُ
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Puji kalih syukur hayu urang panjatkeun ka Gusti anu Maha Suci, Alloh Robbul Izzati. Shalawat kalih salam mugia salawasna sing dilimpahkeun ka Panutan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw.
Langkung ti payun, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat ka sadaya ahli Jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Takwa ngandung hartos ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh sareng nebihan larangan-Na.
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Salah sawios pagawean nu dilarang ku Alloh teh nyaeta nginum arak atanapi ngonsumsi narkoba anu ngakibatkeun kana mabok sareng leungitna kasadaran akal sehat. Ieu pagawean teh kalebet pagawean anu ngaruksak sareng seueur bahayana, sareng kaasup pagawean setan.
Ku hal sakitu, haram hukumna keur jalmi-jalmi mu’min sareng wajib ninggalkeunnana. Kitu pisan numutkeun pidawuh Alloh dina surah Al-Maidah ayat 90:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّمَا الْخَمْرُ وَالْمَيْسِرُ وَالْاَنْصَابُ وَالْاَزْلَامُ رِجْسٌ مِّنْ عَمَلِ الشَّيْطٰنِ فَاجْتَنِبُوْهُ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ
Hartosna, “He jalma-jalma anu ariman! Saenya-enyana ari nginum arak, judi, (korban keur) berhala, sareng ngundi nasib ku anak panah teh eta pagawean anu telenges oge kaasup pagawean setan. Maka jauhan ku aranjeun (sadayana pagawean teh) supaya aranjeun meunang kauntungan,” (QS. Al-Maidah [5]: 90).
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Sakumaha kauninga, syareat tos netepkan yen arak sareng obat terlarang anu ngamabokkeun kaasup perkara haram. Hukum haram ieu mangrupakeun kasimpulan tina kaidah umum dina hadits Kangjeng Rosul saw. anu netelakeun:
كُلُّ مُسْكِرٍ خَمْرٌ وَكُلُّ خَمْرٍ حَرَامٌ
Hartosna, “Satiap anu ngamabokkeun eta khamer jeung satiap anu ngamabokkeun hukumna haram.”
Dumasar kana hadits ieu, khomer, arak, sareng obat-obatan terlarang sanesna diharamkeun ku sabab bisa ngamabokkeun tur ngacaukeun akal sehat. Sedengkeunn akal eta mangrupakeun tumpuan taklif (beban syara’). Di sagigireun ti eta, akal oge pangbeda antara manusia sareng makhluk sejenna. Makana khomer, arak, sareng obat nu ngamabokkeun sanesna diharamkeun sacara mutlak ku agama.
Dina sejarah pengharamannana, khomer atanapi arak memang teu langsung dilarang sakaligus. Hal ieu sakumaha kauninga tina ayat Al-Quran anu netelakeun:
يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْخَمْرِ وَالْمَيْسِرِۗ قُلْ فِيْهِمَآ اِثْمٌ كَبِيْرٌ وَّمَنَافِعُ لِلنَّاسِۖ وَاِثْمُهُمَآ اَكْبَرُ مِنْ نَّفْعِهِمَاۗ
Hartosna, “Maranehna naros ka anjeun perkara khomer sareng judi. Bejakeun: Dina duanana aya dosa anu gede sareng sababaraha mangfaat keur manusia, tapi dosa duanana leuwih gede tibatan mangfaatna,” (Q.S. al-Baqarah [2]: 219).
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Ayat ieu lungsur disebabkeun ku seueuerna kaum Muslimin anu tumaros perkawis khomer sareng maen judi karena aranjeuna ningal kaawonan sareng karusakannana. Kasebatkeun, saparantos ayat eta lungsur, aranjeuna masih keneh nginum khomer. Kabiasaan eta teh lumangsung dugika Kangjeng Rosul saw hijrah ka Madinah.
Salajengna, Alloh ngalungsurkeun ayat anu ngalarang khomer sacara mutlak sabab madarat sareng karusakan anu ditimbulkannana, imma karuksakan kana agama, jiwa, badan, atanapi harta. Malahan, ditetapkan oge, sagala anu patali sareng khamer hukumna haram, kalebetkeun dina aktivitas ngajual-beulikeunnana. Sakumaha anu tegeskeun dina surah Al-Maidah ayat 90 nu tos diaos tadi.
Sanes kanten ti eta, Alloh oge maparin uninga ka Kangjeng Rosul ngalangkungan malaikat Jibril wireh Mantenna ngala’nat atanapi ngutuk sadayana anu miluan dina bisnis atanapi aktivitas jual-beli arak:
إِنَّ رَسُولَ اللهِ صَلى الله عَلَيه وسَلم أَتَاهُ جِبْرِيلُ فَقَالَ: يَا مُحَمَّدُ، إِنَّ اللهَ لَعَنَ الْخَمْرَ وَعَاصِرَهَا وَمُعْتَصِرَهَا، وَحَامِلَهَا وَالْمَحْمُولَةَ إِلَيْهِ، وَشَارِبَهَا وَبَائِعَهَا وَمُبْتَاعَهَا وَسَاقِيَهَا وَمُسْقَاهَا
Hartosna, “Nabi saw. kantos disumpingan Malaikat Jibril teras sasauran, ‘He Muhammad, saenya-enyana Alloh ngutuk khamer (arak), oge anu nyieunna, anu ngiumna, anu mawana, jalmi anu dipangmawakeunnana, anu ngajualna, anu meulina, anu nyicikeunnana sareng anu dipang nyicikeunnana,’” (HR. Ibnu Hibban).
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Sacara umum, aya sababaraha bahaya anu ditimbulkeun akibat khomer atanapi arak numutkeun pandangan agama, sakumaha anu disarikeun tina sababaraha kitab, utamina kitab al-Fiqhul-Islami wa Adillatuhu, kagungan Syekh Wahbah az-Zuhaili, Jilid 6, kaca 120-126:
- Nunjukkan lemahna kaimanan, kantenan upami disarengan ku padamelan judi atanapi nipu.
- Dicabutna cahaya kaimanan tina dirina.
- Leungitna rasa kaera sareng kahormatan diri, digantikeun ku rasa sombong, kawani, sareng sifat balaga.
- Leungitna kasadaran akal anu mangrupakeun pangbeda antara manusia sareng makhluk sejenna.
- Ngabahayakeun kana awak, jiwa, sareng harta.
- Ngawaris kana sifat amarah sareng kadengkian sarta ngajauhkeun diri tina sholat sareng dzikir eling ka Gusti Alloh.
- Ngondang bendu Alloh sareng kausir tina kaluasan rohmat-Na.
- Ngajadikeun wani kana ngalakukeun rupa-rupa kamaksiatan sareng pagawean keji sejenna.
- Ngaruksak kakayaan, kesehatan, sareng kahormatan diri sareng jalmi anu aya di lingkungannana.
- Dina poe Kiamat, jalma tukang nginum arak mah bakal dihudangkeun dina wujud anu hina.
- Ngagiring pelakuna kana siksa seuneu naraka sareng ngajauhkeun tina ni’mat surga di akherat.
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Numutkeun panalungtikan modern, bahaya utama akibat kacanduan arak teh nyaeta karusakan jaringan sareng sel-sel otak, disusul ku karusakan sel-sel saraf anu fungsina ngatur kana sababaraha anggota badan, sapertos jantung, organ pernafasan, organ pencernaan, sareng organ-organ sanesna. Nyakitu deui sel-sel saraf anu fungsina ngatur sistem indera pangreungeu, indera paningali, indera pangrasa, sareng indera sanesna.
Sakumaha kauninga, lapisan luar otak teh ngandung sakitar 50 milyar sel saraf anu beda sareng sel tubuh sanesna. Lamun sel-sel saraf eta ruksak maka moal tiasa kagantian. Padahal, sel-sel eta teh ngagaduhan tugas poko kanggo ngajalankeun aktivitas otak, di antawisna nyimpan sareng ngemut informasi oge ngontrol aktivitas anggota awak sanesna. Sareng deui peryogi kauninga, zat-zat anu dikandung ku arak dina otak bisa ngabentuk gumpalan anu ngamangpetkeun aliran darah.
Akibatna, oksigen sareng aliran darah dina sel-sel otak bakal ngurangan. Antukna awak bakal begang, ingetan sareng konsentrasi bakal leungit, malahan teu saalit ngakibatkeun kamatian.
Kalih ti eta, zat-zat anu dikandung alkohol dina otak bisa ngaruksak proses diajar anu ngabutuhkeun fungsi otak anu ngatur, nyimpan, sareng ngolah informasi. Cohagna, zat-zat anu aya dina minuman keras teh bisa ngaruksak kalakuan jalma anu ngagunakeunnana sacara umum karena karusakan fungsi otak sareng sakabeh sistem di jerona.
Elmu pengetahuan modern oge tos ngungkapkeun bahaya alkohol sejenna kana jaringan hate, imma sakabehan atanapi sabagian, teu acan deui karusakan kana kaseimbangan susunan darah. Mangga tinggal kitab A’zhamatul-Hudâ al-Qurânî fît-Tashaddâ li Wabâ’-Idmân, kagungan Syekh Jamâl Mâdhî Abû al-‘Azâ‘im, kaca 27-35.
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Pantesan, syareat agama urang parantos ngaharamkeun khomer, arak, sareng produk turunanana. Sihoreng, khخmer kalintang bahayana, imma bahaya kana agama, kana jiwa, imma kana harta sareng masa depan.
Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami nyegah diri urang sareng jalmi-jalmi nu aya di sagigireun urang tina pagawean mabok sareng konsumsi obat terlarang. Urang sing sieun ku bebendu sareng siksaan Gusti Alloh. Ulah rek nyoba-nyoba pagawean hina tur ngaruksa eta, sabab geus sakalimah mah bakal kalalanjoan tur kamalinaan.
Keur dulur-dulur anu geus pernah atawa geus kacanduan, geura eureunan, sabab jelas minuman sareng obat terlarang teh ngaruksak. Anggur mah geura tobat, salagi masih aya kasempetan.
Mugia Alloh swt ngahampura kalepatan urang sadayana. Hayu urang buka lembaran anyar anu bersih tina rupa-rupa pagawean keji jeung mungkar, sareng minuhannana ku rupa-rupa pagawean hade sareng konsumsi anu halal.
أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
إِنَّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أشْهَدُ أنْ لَا إِلٰهَ إلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّ وَجَلَّ حَيْثُ قَالَ تَبَارَكَ وَتَعَالَى، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ، إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ، اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ الْاَحْيَآءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اَللّٰهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِينَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَة أَمْرِنَا، وأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتي فِيهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنا الّتِي إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِي كلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى، وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمِ لِي وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Khutbah Jumat: Mempertahankan Spirit Kurban dan Haji Pasca-Idul Adha
2
Ketum PBNU Buka Suara soal Polemik Tambang di Raja Ampat, Singgung Keterlibatan Gus Fahrur
3
Jamaah Haji yang Sakit Boleh Ajukan Pulang Lebih Awal ke Tanah Air
4
Rais 'Aam dan Ketua Umum PBNU Akan Lantik JATMAN masa khidmah 2025-2030
5
Khutbah Jumat: Meningkatkan Kualitas Ibadah Harian di Tengah Kesibukan
6
Khutbah Jumat: Menyatukan Hati, Membangun Kerukunan Keluarga Menuju Hidup Bahagia
Terkini
Lihat Semua