Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 5 Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal

Jumat, 8 Agustus 2025 | 06:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 5 Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal

Ilustrasi halal. (Foto: NU Online)

Mengonsumsi makanan halal membawa dampak dan manfaat yang luar biasa, antara lain menjadi energi positif, melahirkan keturunan yang saleh, dekat kepada terkabulnya doa, memperbaiki keadaan hati, dan menjauhkan diri dari berbagai penyakit. 

 

Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul "Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal". Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi).

 

Khutbah I

 

إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ، 

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، : يَا أَيُّهَا النَّاسُ كُلُوا مِمَّا فِي الْأَرْضِ حَلَالًا طَيِّبًا وَلَا تَتَّبِعُوا خُطُوَاتِ الشَّيْطَانِ إِنَّهُ لَكُمْ عَدُوٌّ مُبِينٌ،  صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ 

 

Sidang Jumah anu mulya, 
 
Puji syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh anu Maha Gofur, Dzat anu parantos maparin rupi-rupi kanikmatan ka urang sadayana, utamina ni’mat iman, Islam, sareng ihsan. Solawat kalih salamna mugia sapapaosna dilimpahkeun ka panutan alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Saw, miwah kulawargina, para sahabat, para tabi’in, tabi tabi’inna, dugika urang sadayana.  

 

Dina ieu kasempetan, khotib teu weleh ngawasiatan ka pribadi miwah ka jama’ah Jum’ah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh Swt malah mandar urang tiasa ngahontal rohmat oge rido Mantenna.    

 

Sidang Jumah anu mulya, 

Ari ngonsumsi kadaharan anu halal teh mangrupikeun parentah syariat. Jelas tur atra kanggo urang sadayana ayat anu parantos nguningakeunnana, sakumaha dawuhan Allah dina Al-Quran:  

 

يَا أَيُّهَا النَّاسُ كُلُوا مِمَّا فِي الْأَرْضِ حَلَالًا طَيِّبًا 

 

Anu pihartosennana, wallohu a’lam bimurodih, “He sakabeh manusa, dahar nu halal halal tur hade tina perkara anu aya di muka bumi,” (QS Al-Baqarah: [2] 168). 

 

Numutkeun Imam Al-Ghazali, dina Ihya Ulumiddin, jilid 2, kaca 91, maksad ayat anu neme ngawengku kana halal anu sifatna dzatiyah (wujud fisikna) sareng halal anu sifat asal-muasalna. Contona, halal dzatiyah  sapertos tutuwuhan atanapi daging-dagingan anu dimeunangkeun tur diproses sesuai katangtuan syareat. Sedengkeun katuangan anu halal sacara asal-muasalna sapertos katuangan anu sumberna tina usaha sareng kasab anu halal. Hartosna, katuangan anu halal dzatiyah, tapi dikengingkeun ngalangkungan cara anu haram, sepertos tina kasab maok, maka tetep dianggap teu halal.  

 

Salajengna, nuang kadaharan halal ngagaduhan 5 mangfaat keur anu ngajalankeunana. Kahiji, katuangan halal janten energi positif kana ibadah. Jalma anu biasa mengonsumsi katuangan anu halal, maka anjeunna bakal ngaraos hampang sareng sumangat dina ngalaksanakeun ibadah sareng kawajiban. Patokanana sakumaha anu paratos diuningakeun ku hiji sufi terkemuka, nyaeta Sahl At-Tustari: 

 

 مَنْ أَكَلَ الْحَرَامَ عَصَتْ جَوَارِحُهُ، شَاءَ أَمْ أَبَى، عَلِمَ أَوْ لَمْ يَعْلَمْ. وَمَنْ كَانَتْ طَعْمَتُهُ حَلَالًا أَطَاعَتْهُ جَوَارِحُهُ وَوُفِّقَتْ لِلْخَيْرَاتِ 

 

Hartosna, “Jalmi anu nuang perkara haram, maka bakal ma’siat anggota badanna, daek teu daek, uninga teu uninga. Sabalikna, jalma anu nuang katuangannana halal, maka bakal ditoatkeun anggota badanna sareng dicalikkeun dina rupi-rupi kasaean.”  

 

Hartosna, nalika urang hoream oge teu sumanget kana ibadah, malah rada wani ninggalkeun kawajiban, parios katuangan anu dikonsumsi ku urang, naha tos halal atanapi teu acan, kasab urang tos halal atanapi teu acan. 

 

Kadua, katuangan halal janten jalan diijabahna du’a anu dipanjatkan ka Alloh Swt. Hal ieu dumasar kana salah sawios hadits sohabat Sa’d bin Abi Waqash anu kantos nyuhunkeun pandangan ka Kangjeng Rosul supados du’a-du’ana diijabah. Lajeng Kangjeng Rosul Saw. ngawaler: 

 

يَا سَعْدُ، أَطِبْ مَطْعَمَكَ تَكُنْ مُسْتَجَابَ الدَّعْوَةِ، وَالَّذِي نَفْسُ مُحَمَّدٍ بِيَدِهِ، إِنَّ الْعَبْدَ لَيَقْذِفُ اللُّقْمَةَ الْحَرَامَ فِي جَوْفِهِ مَا يُتَقَبَّلُ مِنْهُ عَمَلَ أَرْبَعِينَ يَوْمًا 

 

Hartosna, “He Sa‘d, omekeun kadaharan anjeun, mangka du’a anjeun bakal mustajab. Demi Dzat anu ngagenggem jiwa Muhammad, saenya-enyana hiji hamba anu ngasupkeun sahuap kadaharan haram kana jero beuteungna, mangka moal ditarima amalna salila 40 poe,” (HR At-Thabrani).

 

Walhasil, hayu urang perhatoskeun katuangan anu lebet kana padaharan urang, lamun urang gaduh du’a anu hoyong diijabah ku Nu Maha Kawasa. 

 

Katilu, katuangan anu halal janten sebab dipasihan katurunan anu soleh atanapi solehah. Hal ieu dumasar kana cariosan kersana Syekh Abdul Qadir Al-Jailani, dina kitab Al-Ghunyah, juz I, kaca 103, anu ngajelaskan: 

 

 إذَا ظَهَرَتْ أَمَارَاتُ حَبْلِ الْمَرْأَةِ فَلْيُصَفِّ غِذَاءَهَا مِنَ الْحَرَامِ وَالشُّبُهَاتِ لِيُخْلَقَ الوَلَدُ عَلَى أَسَاسٍ لَا يَكُوْنُ لِلشَّيْطَانِ عَلَيْهِ سَبِيْلٌ 

 

Hartosna, “Nalika nampak tanda-tanda kahamilan hiji istri, maka sakedahna si caroge ngajaga kadaharan tina perkara haram sareng syubhat supaya anak nu dikandungna aya dina fondasi anu teu tiasa kahontal ku setan.”      

 

Maka kalintang hadena nalika kabiasaan nyingkahan kadaharan haram sareng syubhat teh dikawitan ti prosesi akad nikah oge diteraskeun kana kahamilan tug dugika kalahiran murangkalih. Sabab ku cara kitu, setan moal tiasa gerak oge moal tiasa laluasa ngagoda. Salajengna, harepan lahir anak anu soleh, bakti ka Alloh sareng ka ibu-rama bakal ngawujud. 

 

Sidang Jumah anu mulya,

Kaopat, katuangan anu halal masihan mangfaat keur meresihkeun hate. Sedengkeun hate anu beresih mangrupikeun jalan keur ngalebur sagala rupi panyakit sareng kahariwang hate, anu kadituna hate anu beresih matak ngondang kana cahaya, hikmah, sareng rahasia Ilahiyah. Hal ieu sakumaha anu parantos dijelaskeun dina salah sawios hadits:

 

مَنْ أَكَلَ الْحَلَالَ أَرْبَعِيْنَ يَوْماً، نَوَّرَ اللهُ قَلْبَهُ وَأَجْرَى يَنَابِيْعَ الْحِكْمَةِ مِنْ قَلْبِهِ عَلَى لِسَانِهِ 

 

Hartosna “Sing saha jalma anu ngadahar kadaharan halal salami 40  poe, maka Alloh bakal nyaangkeun hatena sareng bakal ngalirkan sumber-sumber elmu hikmah tina hatena kana lisanna,” (HR Abu Nu’aim). 

 

Nu matak saur kersana Syekh Abdullah bin ‘Alawi al-Haddad, sakumaha dikutip ku Zain bin Smith, al-Manhajus Sâwî, kaca 561, keur jalmi anu tos jero tasawufna, ngajernihkeun hate ditempuh ngalangkungan tilu  kabiasaan, nyaeta (1) ngurangan kadaharan sareng ngajaga kahalalannana, (2) teu seueur muamalah jeung jalma anu gede nafsu duniawina, oge (3) salilana inget kana kamatian supaya teu seueur ngakhayal. 

 

Kalima, kadaharan anu halal ngajauhkeun rupi-rupi panyakit. Hartosna, salian ti faidah batiniah, nuang kadaharan halal oge nyandak faidah lahiriah malahan tiasa dirasakan langsung ku badan. Cohagna, kadaharan anu halal nyandak barokah kana kasehatan urang. Sabalikna, kadaharan anu teu halal ngondang kana panyakit sareng kamadaratan. 

 

Tangtos ku urang oge kaperhatoskeun, seueur pisan ayeuna rupi-rupi panyakit anu timbul tina kadaharan, utamina tina kadaharan anu berlebihan, sumawona anu teu halal mah. Nu matak Kangjeng Rosul maparin tetenger keur urang, salian ti ngajagi kadaharan teh, miwarang puasa: 

 

صُوْمُوْا تَصِحًّوا

 

Hartosna, “Prak aranjeun puasa, maka bakal sehat,” (HR. Ath-Thabrani).  

 

Tah eta lima faidah nuang kadaharan anu halal. Mudah-mudahan tiasa kaperhatoskeun sareng kajalankeun ku urang, supados urang tiasa metik lima faidah eta, anu insya kalintang pohara manfaatna kanggo jiwa tur raga urang. Tos waktosna urang ngutamikeun nu halal. Kantenan urang miharep rido Alloh oge miharep kani’matan katuangan akherat. Di dunya ulah sambarangan, sumawona nu teu halal.

 

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ. وَنَفَعَنِي وَاِيِّاكُمْ بمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأسْتَغْفِرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

Khutbah II 

 

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ بِنِعْمَتِهِ تَتِمُّ الصَّالِحَاتُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنْ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لَانَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ 

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا آيُّهَا الحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى.أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. إنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وسَلِّمُوا تَسْليمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اَللَّهُمَّ آمِيْن يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ. اللَّهُمَّ اغْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا وَ ذُنُوْبَ وَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلًّا لِّلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوفٌ رَّحِيمٌ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى، وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِي وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.