M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Saat berjalan di tempat yang gelap, kita bisa saja terjatuh atau tersesat karena tidak dapat melihat apapun. Demikian halnya saat meniti jalan menuju Allah, kita tentu membutuhkan cahaya penerang agar tidak salah jalan dan terjerumus ke dalam jurang kesesatan serta kebinasaan. Mengingat hal tersebut, diperlukan cahaya penerang agar bisa selamat dan berjumpa dengan Allah.
Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 5 Lampu keur Nyaangan Manusa.” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِي أَنْعَمَ عَلَيْنَا وَهَدَانَا إِلَى دِيْنِ الْإِسْلَامِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةً تُنْجِي قَائِلَهَا مِنْ أَهْوَالِ يَوْمِ الزِّحَامِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، النَّبِيَّ الْأُمِّيَّ سَيِّدَ الْأَنَامِ، الَّذِي دَعَانَا إِلَى دِيْنِ الْمَلِكِ الْعَلَّامِ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ، صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَالْأَيَّامِ
أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ فَمَنْ كَانَ يَرْجُو لِقَاءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحًا وَلَا يُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ أَحَدً
Ma’asyirol Muslimin rahimakumullah,
Sugrining puji anu sampurna sareng pangalem anu sagemlengna eta tetep kagungan Alloh, Dzat anu mika welas ka abdi-abdi-Na, Dzat anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeunna. Sholawat sareng salam anu utami mugia tetap ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. miwah ka kulawargina, ka para sahabatna, ka tabi’in tabiatna, dugika urang sadayana salaku umatna anu sapapaosna miharep syafaatna.
Teu hilap, ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat ka sadayana ahli Jumah, khusus ka diri pribadi, sumangga urang sasarengan ngiatkeun wangunan kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt, margi takwa mangrupikeun bekel anu pang sae-saena kanggo urang sadayana.
Ma’asyirol Muslimin rahimakumullah,
Sohabat Abu Bakar ash-Shiddiq kantos nguningakeun yen aya lima kapoek keur manusa. Tangtos maksad “poek” di dieu sanes poek hartos harfiah, sepertos anu dialaman ku soca nalika teu kenging cahaya, tapi oge poek dina hartos nu hakiki anu ngakibatkeun urang salah lengkah atanapi sasar dina padamelan.
Lima kapoek ieu peryogi ku urang kauninga supados urang teu tikusruk ka lebetna. Oge nu teu eleh pentingna kanggo urang nyaeta uninga ka lampu nu bisa nyaangan kana kapoek eta. Kitu sakumaha anu didugikeun ku Syekh Nawawi Al-Bantani dina kitab Nashaihul ‘Ibad, kaca ka-31.
Kapoek anu kahiji numutkeun Sahabat Abu Bakar Ash-Shiddiq r.a. nyaeta hubbud dunya atanapi resep teuing tur kasengsrem kana dunya. Dijelaskeun ku Syekh Nawawi, jalmi anu resep kana dunya mah gampang tigubrang kana perkara syubhat, makruh, kaasup kana nu haram. Pantes Rosulullah saw. nguningakeun dina haditsna:
حُبُّ الدُّنْيَا رَأْسُ كُلِّ خَطِيْئَةٍ
Artinya, “Resep kana dunya teh indungna tina sagala kasalahan,” (HR. Al-Baihaqi).
Hartosna, sanes Islam anti kana kakayaan sareng rajakaya dunya. Sabab, teu tiasa dipungkiri sagala bentuk ibadah anu ku urang dilakonan, ima ibadah mahdhah atanapi ibadah ghair mahdhah, meryogikeun harta. Nanging, anu dilarang ku syareat teh nyaeta cinta anu kaleuleuwihan sareng kasengsrem kana eta dunya. Soalna, kacinta anu kaleuleuwihan bakal nyilakakeun urang oge ngalahirkeun sifat-sifat goreng, saperti sifat rakus, sifat koret, leungit rasa kaera, wegah infak jeung zakat, kadituna lalawora kana ibadah ku sabab mentingkeun dunya.
Anapon lampu nu nyaangan kana panyakit cinta sareng kasengsrem ku dunya eta nyaeta takwa ka Alloh. Hartosna, ngagedur rasa kasieun dina hate ngalaleykeun kana parentah Alloh, komo deui ngalanggar kana panyegahna-Na. Kadituna, ku takwa bakal lahir sifat ati-ati jeung waspada.
Ma’asyirol Muslimin rahimakumullah,
Kapoek anu kadua nyaeta pagawean dosa. Bukti dosa mangrupakeun kapoek keur manusa kantos diuningakeun ku Kangjeng Rasul saw. dina haditsna.
إِنَّ العَبْدَ إِذَا أَخْطَأَ خَطِيئَةً نُكِتَتْ فِي قَلْبِهِ نُكْتَةٌ سَوْدَاءُ، فَإِذَا هُوَ نَزَعَ وَاسْتَغْفَرَ وَتَابَ سُقِلَ قَلْبُهُ
Hartosna, “Nalika hamba migawe hiji kesalahan, maka timbul titik hideung dina hatena. Saterasna, nalika manehna nyabut kana pagaewan dosana, teras istigfar, oge tobat maka bersih deui hatena,” (HR. at-Tirmidzi).
Jadi tiap-tiap urang milampah dosa, maka bakal kotor jeung hideung hate urang. Ku kituna kalintang bijakna urang langsung ngeureunan sadayana padamelan dosa. Nalika teu sengaja oge teu sadar urang ngalakukeunnana, maka buru-buru ngeureunan eta dosa ku cara tobat sareng istigfar ka Alloh.
Lian ti eta, tobat oge merupakan tahapan penting dina proses ngabersihkeun diri keur saha wae anu hayang napak dina jalan Alloh sareng ngadeukeutkeun diri ka Mantenna. Walhasil tobat teh nyaeta jalan keur urang ngengingkeun karidhoan miwah kacintaan Alloh swt:
إِنَّ اللَّهَ يُحِبُّ التَّوَّابِينَ وَيُحِبُّ الْمُتَطَهِّرِينَ
Hartosna, “Saenya-enyana, Alloh mikacinta jalma-jalma anu tobat sareng meresihan diri,” QS. Al-Baqarah [2]: 222).
Ma’asyirol Muslimin rahimakumullah,
Dua kapoek salajengna nyaeta kapoek alam kubur sareng alam akherat. Sacara dohir, urang tiasa ngabayangkeun kumaha poekna urang saatos aya di alam kubur. Nyorangan dina tukangeun padung rap ku lemah anu dijejel. Nanging, sanes eta hakekat alam kubur. Sabab, alam kubur teh nyaeta alam panjang samemeh alam akherat tur saatos alam dunya.
Kaayaan urang di alam kubur gumantung kana amal sawaktu di alam dunya. Lamun amal urang seueur hadena, maka Insyaalloh urang bakal kenging nikmat kubur. Sabalikna, lamun amal urang seueur gorengna, maka urang bakal kenging siksa kubur. Naudzubillah.
Abu Bakar ash-Shiddiq nguningakeun, lampu urang keur nyaangan alam kubur sareng alam akherat teh nyaeta kalimah Lailahaillah sareng amal soleh. Seueur hadits anu nyebatkeun kautamaan kalimat ieu. Di antawisna dawuhan Kangjeng Rosul saw. anu nyebatkeun:
أَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِي مَنْ قَالَ لَاإِلَهَ إِلَّا اللهُ خَالِصًا مِنْ قَلْبِهِ
Hartosna, “Manusa pang bagjana ku syafaat kaula nyaeta jalma anu ngucapkeun Laihaillallah kalayan pinuh ku kaikhlasan dina hatena,” (HR. Al-Bukhari).
Sementawis alam akherat nyaeta alam saatos kabangkitan sareng pamariksaan amal. Dina waktu harita manusa diputuskeun naha bakal kenging balesan surga atanapi naraka. Rek nu hak asup ka surga atanapi ka naraka, pasti kedah ngaliwatan kapoek jambatan Shirathal Mustaqim anu kaayaannana tiasa ngagedean keur jalma anu gaduh amal hade, sarta ngaleutikan keur jalma anu loba amal gorengna.
Saur Sahabat Abu Bakar Ash-Shiddiq, jamatan Shirathal Mustaqim oge mangrupakeun kapoek keneh keur manusia. Lampuna keur nyaangan kapoek dina eta jamatan nyaeta kayakinan ka Alloh sareng kana perkara-perkara goib.
Salajengna, nalika hiji hamba dikersakeun salamet lebet ka surga, naha tiasa pendak sareng Alloh atanapi henteu. Koncina teu aya deui anging ti nyandak akidah anu beresih dina ati oge amal perbuatan anu sae. Kitu sakumaha dina Al-Quran:
فَمَنْ كَانَ يَرْجُو لِقَاءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحًا وَلَا يُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ أَحَدًا
Hartosna, “Sing saha jalma anu miharep pendak sareng Pangerannana, maka lakonan amal anu sholeh tur teu ngaduakeun Mantenna sareng naon wae sajeoning ibadah ka Mantenna,” (QS. Al-Kahfi [18]: 110).
Ma’asyirol Muslimin rahimakumullah,
Walhasil, lima kapoek anu mungkin ku urang kasorang teh, nyaeta cinta kana dunya, pagawean dosa, alam kubur, alam akhirat, sareng jamatan Shirathol Mustaqim. Tos sapantesna urang nyangharueupan kapoek-kapoek eta ku nyiapkeun lampu-lampuna nu bakal nyaangannana. Mugia wae urang sing dipaparin kamudahan kanggo ngahontalna. Oge urang sadayana lebet kana golongan jalmi-jalmi anu salamet tina bahla dunya rawuh akherat. Amin ya rabbal 'alamin
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Ketum PBNU: NU Berdiri untuk Bangun Peradaban melalui Pendidikan dan Keluarga
2
Harlah Ke-102, PBNU Luncurkan Logo Kongres Pendidikan NU, Unduh di Sini
3
Ansor University Jatim Gelar Bimbingan Beasiswa LPDP S2 dan S3, Ini Link Pendaftarannya
4
Badan Gizi Butuh Tambahan 100 Triliun untuk 82,9 Juta Penerima MBG
5
LP Ma'arif NU Gelar Workshop Jelang Kongres Pendidikan NU 2025
6
Banjir Bandang Melanda Cirebon, Rendam Ratusan Rumah dan Menghanyutkan Mobil
Terkini
Lihat Semua