Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Diajar Sabar ka Kangjeng Nabi Ayub
NU Online · Kamis, 25 Juli 2024 | 15:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Nabi Ayub ‘alaihissalam adalah seorang hamba yang saleh sekaligus nabi yang terkenal dengan kesabarannya. Kisahnya banyak dimuat sebagai penghibur, pelipur, dan pembakar semangat orang-orang yang sedang ditimpa ujian.
Naskah khutbah Jumat berikut ini dengan judul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Diajar Sabar ka Kangjeng Nabi Ayub”. Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi)
Khutbah I
إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ: يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ ٱسْتَعِينُوا۟ بِٱلصَّبْرِ وَٱلصَّلَوٰةِ ۚ إِنَّ ٱللَّهَ مَعَ ٱلصَّٰبِرِينَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Puji syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam, sahingga dugika danget ieu urang sadayana masih tiasa ngalaksanakeun salah sawios kawajiban urang, nyaeta ibadah jum’at kalayan berjamaah.
Solawat sinareng salam mugia tetep dicurahlimpahkeun ka junjungan urang sadayana, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, miwah kulawargina, para sahabat, para tabi’in, tabi tabi’inna kalebet urang sadayana dugika akhir jaman.
Dina ieu kasempetan, khotib seja ngadugikeun wasiat khususna kanggo pribadi, umumna mah ka jama’ah jum’at sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh SWT ku cara ngalaksanakeun sagala rupi parentah-Na sareng nebihan sagala rupi larangan-Na supados kenging rido ti Mantenna.
Hadirin rohimakumulloh
Nabi Ayub ‘alaihissalam teh hiji hamba Alloh anu soleh sakaligus nabi anu masyhur kasobarannana. Kisahna seueur dijantenkeun panghibur, palipur, sakaligus panghudang sumangat jalmi-jalmi anu nuju ditimpa musibah sareng ujian.
Kawitna Nabi Ayub teh sehat walafiat teu kirang sawios-wios. Nanging, Alloh ngalungsurkeun ujian panyawat ka anjeunna. Anjeunna oge hiji jalmi anu beunghar nanging ku Alloh diuji ku kafakiran. Sajabi ti eta, Nabi Ayub oge ngagaduhan kulawargi sareng turunan anu salajengna ku Alloh dicandak sadayana kecuali istri sareng dua wargina.
Sanaos mayunan ujian panjang, Nabi Ayub tetep sabar, tegar, teu pernah ngeluh, sumawona lamun aral subaha, dugika Alloh maparin deui jalan kasehatan tina panyawatna, ngauihkeun sadaya harta sareng murangkalihna, oge ngaluarkeun dirina tina sagala karupek sareng kasusah.
Sidang Jumat rohimakumulloh
Salah sawios hadits Kangjeng Rosul saw anu diriwayatkan ku Sahabat Anas bin Malik, sakumaha anu disebatkan ku Abu Ya‘la sareng Abu Nu‘aim, nyarioskeun:
إِنَّ نَبِيَّ اللَّهِ أَيُّوبَ عَلَيْهِ السَّلَامُ لَبِثَ فِي بَلَائِهِ ثَمَانِيَ عَشْرَةَ سَنَةً فَرَفَضَهُ الْقَرِيبُ وَالْبَعِيدُ إلاَّ رَجُلَيْنِ مِنْ إِخْوَانِهِ كَانَا مِنْ أَخَصِّ إِخْوَانِهِ كَانَا يَغْدُوَانِ إِلَيْهِ وَيَرُوحَانِ
Hartosna, “Saenya-enyana Nabiyullah Ayub ‘alaihissalam aya dina ujian salami dalapan welas taun. Kuluarga caket sareng tebih narolakna kecuali dua pameget nu kalebet wargina. Dua wargina eta anu salawasna masihan katuangan sareng mendakannana.”
Alloh ngersakeun kanggo ngalungsurkeun ujian ka hamba-Na. Mantenna ngadatangkeun ujian panyakit kulit ka Nabi Ayub nu ngakibatkeun daging-daging salirana ampir morolok. Kalih ti eta, Alloh narik sadaya harta sareng katurunan anu tos dipasihkeun ka Nabi Ayub. Maka teu lami ti harita sagala rupi kani’matan anu kawitna dicepeng Nabi Ayub teh leungit. Sadayana kuluarga, nu caket nu tebih ngadadak ngajarauhan. Nu nyesa iwal istri sareng dua wargi caketna. Maka ukur aranjeunna anu salawasna mendakan sareng ngintun katuangan ka Nabi Ayub.
Nalika hoyong buang hajat, Nabi Ayub teh kedah dituyun kunu janten istrina margi salirana leuleus teu kiat ngadeg. Saatosna, si istri nuyun deui sareng nempatkeunna di tempat asal.
Kantos hiji waktos, istri Ayub teh telat uih ka bumi sahingga carogena ngaraos keuheul. Sapalih riwayat nguningakeun, Nabi Ayub keuheul teh nyaeta ngadangu nu janten istri ngical salah sawios kepangan rambutna ka putri pajabat harita kanggo dilironkeun kana katuangan.
Dugika Nabi Ayub ngagaduhan panadzaran. Nadzarna teh nyaeta, pami sehat deui, dirina bakal ngagebug istrina seueurna seratus kali. Nanging nalika sehat, Nabi Ayub teu wasa neungeul nu janten istrina anu tos satia satuhu kalayan sabar ngarawat sareng ngurus dirina.
Sanaos kitu, manah Nabi Ayub tetep ngaraos beurat sabab teu acan nyumponan nadzarna. Maka Alloh maparin karinganana sareng jalan kaluar ka anjeunna. Alloh marentahkeun kanggo nyandak sabeungkeut jarami gandum, teras diteungeulkeun sakali ka istrina. Ku cara kitu, Nabi Ayub dianggap tos nyumponan nadzarna, tapi tetep teu ngabahayakan ka istrina.
Kisah nadzar Nabi Ayub ieu diabadikeun dina Al-Quran:
وَخُذْ بِيَدِكَ ضِغْثًا فَاضْرِبْ بِّهِ وَلَا تَحْنَثْ اِنَّا وَجَدْنٰهُ صَابِرًا نِعْمَ الْعَبْدُ اِنَّهُ اَوَّابٌ
Hartosna, “Candak ku panangan anjeun sabeungkeut (jarami), teras teunggeulkeun eta jarami sareng ulah rek ngalanggar sumpah anjeun. Saenya-enyana, Kaula ninggal anjeunna (Ayub) hiji jalmi anu sabar. Anjeunna teh sahade-hadena hamba. Saenya-enyana anjeunna taat pisan (ka Pangerannana)," (Q.S. Shâd [38]: 44).
Sidang Jumat rohimakumulloh
Hiji waktos Nabi Ayub ngadoa, teras Alloh ngalungsurkeun wahyu ka anjeunna kanggo nenjragkeun sampeanna anu lemah kana taneuh. Teu sakara-kara, kaluar sumur cai. Teras, Alloh marentah ibak sareng ngaleueut caina. Kisah sehatna Nabi Ayub ieu diuningakeun dina Al-Quran:
وَاذْكُرْ عَبْدَنَآ اَيُّوْبَۘ اِذْ نَادٰى رَبَّهٗٓ اَنِّيْ مَسَّنِيَ الشَّيْطٰنُ بِنُصْبٍ وَّعَذَابٍۗ، اُرْكُضْ بِرِجْلِكَۚ هٰذَا مُغْتَسَلٌۢ بَارِدٌ وَّشَرَابٌ، وَوَهَبْنَا لَهٗٓ اَهْلَهٗ وَمِثْلَهُمْ مَّعَهُمْ رَحْمَةً مِّنَّا وَذِكْرٰى لِاُولِى الْاَلْبَابِ
Hartosna, “Oge sing emut ka hamba Kaula Ayub nalika manggil Pangerannnana, ‘Saenya-enyana abdi diganggu ku setan kalayan kapayahan sareng siksaan.’ (Teras Alloh ngadawuh), ‘Cobi tenjragkeun sampean anjeun; ieu cai anu tiis kanggo ibak sareng eueut.’ Sareng Kaula anugerahkeun anjeunna kulawargana sareng jalmi-jalmi samisal kulawargana salaku rohmat ti Kaula sareng janten pelajaran ka jalma-jalma nu gaduh pikiran,” (Q.S. Shâd [38]: 41-43).
Teu sakara-kara Nabi Ayub teh damang deui, kakayaan sareng kulawargina uih deui ka anjeunna. Malahan, nalika Nabi Ayub sehat teh istrina ampir teu kenaleun ka anjeunna. Teu kabayang kumaha baringahna Nabi Ayub sareng istrina. Dina riwayat Al-Bukhari sareng an-Nasa’i ti Abu Hurairah, gegentos kakayaan Nabi Ayub teh dongkapna tina simeut-simeut emas.
Sidang Jumat rohimakumulloh
Tina kisah Nabi Ayub ieu, tiasa dipetik sababaraha pelajaran, di antawisna:
- Nunjukkeun kautamaan Nabi Ayub, terutami dina kasobarannana mayunan ujian panjang mangrupikeun penyakit, harta, istri, anak, sareng jalmi-jalmi nu dipika asih.
- Alloh Maha Kawasa kana sagala rupi perkara, kalebet nyehatkeun deui panyawat, maparin kakayaan, maparin rezeki tina jalan nu teu disangka-sanga.
- Kasobaran salawasna ngabuahkeun kahadean anu teu kaniley, di dunia rawuh di akherat.
- Salawasna aya kamudahan keur hamba Alloh anu takwa sareng sobar. Contohna kamudahan ngalaksanakeun nadzar kanggo Nabi Ayub.
- Nalika mayunan ujian sareng kasulitan urang tiasa nadzar. Syaratna, eta panadzaran teu kenging keluar tina katangtosan syareat.
Tah sapertos kitu salamar kisah Nabi Ayub, imam keur jalmi-jalmi anu sobar, anu disarikeun tina kitab Shahih al-Qashash al-Nabawi, kagungan Syekh Umar Sulaiman al-Asyqar, kaca 157. Mugia wae urang tiasa diajar oge nulad kana kasobaran Nabi Ayub. Amin ya robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ. وَنَفَعَنِي وَاِيِّاكُمْ بمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأسْتَغْفِرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ بِنِعْمَتِهِ تَتِمُّ الصَّالِحَاتُ، وَبِفَضْلِهِ تَتَنَزَّلُ الْخَيْرَاتُ وَالْبَرَكَاتُ، وَبِتَوْفِيْقِهِ تَتَحَقَّقُ الْمَقَاصِدُ وَالْغَايَاتُ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنْ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لَانَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ المُجَاهِدِيْنَ الطَّاهِرِيْنَ
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا آيُّهَا الحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ، وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى. إنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أيُّهَا الذينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وسَلِّمُوا تَسْليمًا ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ، اَللَّهُمَّ آمِيْن يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ. اللَّهُمَّ اغْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا وَ ذُنُوْبَ وَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا ،رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلّاً لِّلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوفٌ رَّحِيمٌ ، اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِينَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا، وأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتي فِيْهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنا الّتِي إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِي كلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى، وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِي وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Fantasi Sedarah, Psikiater Jelaskan Faktor Penyebab dan Penanganannya
2
Rais 'Aam PBNU Ajak Pengurus Mewarisi Dakwah Wali Songo yang Santun dan Menyejukkan
3
Kisah Levina, Jamaah Haji Termuda Pengganti Sang Ibunda yang Telah Berpulang
4
Pergunu Buka Pendaftaran Beasiswa Kuliah di Universitas KH Abdul Chalim Tahun Ajaran 2025
5
Pakai Celana Dalam saat Ihram Wajib Bayar Dam
6
Inses dalam Islam: Dosa Terbesar Melebihi Zina, Dikecam Sejak Zaman Nabi Adam!
Terkini
Lihat Semua