Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngahontal Rido Gusti ti Tanah Suci  

Kam, 6 Juni 2024 | 14:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngahontal Rido Gusti ti Tanah Suci  

Ilustrasi jamaah haji. (Foto: NU Online/Freepik)

Perjalanan ibadah haji merupakan perjalanan mulia. Selain untuk menunaikan rukun Islam yang kelima, ibadah haji juga merupakan upaya napak tilas para nabi dan orang-orang mulia terdahulu, berziarah ke tempat suci termasuk ke makam Nabi Muhammad saw., sekaligus mendekatkan diri pada Dzat yang Maha Suci. 

 

Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul "Ngahontal Rido Gusti ti Tanah Suci". Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi)


    
Khutbah I

 

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ: وَلِلّٰهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلًا، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ

 

Hadirin Sidang Jumah anu mulya 

Puji sareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Nu Maha Gofur. Dzat anu teu aya lirenna maparin ni’mat ka urang sadayana. Teu aya kajabi ni’mat taufik sareng hidayah sahingga urang tiasa calik sasarengan di tempat anu mulya ieu.

 

Solawat miwah salam mugia dilimpahkeun ka Baginda Rosul, Habibana Muhammad Saw oge ka para sahabatna, para tabi’in sareng tabiatna, hingga urang sadayana anu miharep kakiatan kanggo tumut kana sunah sareng ajaranna.

 

Hadirin Sidang Jumah anu mulya 

Ngalangkungan minbar anu mulya ieu, khusus kanggo pribadi miwah jamaah Jumah sadayana, khotib wasiat, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt. Sabab, jelas tur nyata yen jalma anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh teh nyaeta anu pang takwana sareng pang sumerahna ka Mantenna.

 

Hadirin Sidang Jumah anu mulya 

Ibadah haji mangrupakeun perjalanan mulya tur istimewa. Sabab ti sagigireun gaduh tujuan ngalaksanakeun rukun Islam anu kalima, ibadah haji oge mangrupakeun perjalanan spiritual sareng ngadeukeutkeun diri ka Alloh swt, sakaligus ziarah sareng napak tilas ka tempat-tempat mulya sareng tempat jalmi-jalmi anu mulya.

 

Salian ti eta, ibadah haji mangrupikeun sarana ngengingkeun rido Alloh sareng miharep balesan tempat paling mulya di akhirat nyaeta surga-Na anu parantos dijanjikeun kanggo hamba-Na anu kenging darajat haji mabrur.

 

اَلْحَجُّ الْمَبْرُوْرُ لَيْسَ لَهُ جَزَاءٌ إِلَّا الْجَنَّةَ

 

Hartosna, “Haji mabrur teh teu aya balesan keur anjeuna anging surga.”


Imam Al-Ghozali dina kitab Ihya Ulumuddin Jilid I halaman 262 parantos ngemutan sadayana jamaah haji anu angkat ka Tanah Suci, ku sapuluh rupi adab. Tujuh adab eta di antawisna, nyaeta:

 

Kahiji, ibadah haji kedah angkat tina cita-cita sareng tujuan anu mulya. Hartosna cita-citana fokus ka Alloh. Hatena tenang sareng diarahkeun kanggo dzikir ka Alloh, oge ngagungkeun kana syiar-syiar Alloh. Panangan sareng emutan jalmi nu bade ka Tanah Suci kedah bebas tina sagala rupi anu matak ngaganggu hate sareng anu mecah konsentrasi ibadah hajina.

 

Kangjeng Rosul saw. kantos ngadawuh:

 

إِذَا كَانَ آخِرُ الزَّمَانِ خَرَجَ النَّاسُ إِلَى الْحَجِّ أَرْبَعَةُ أَصْنَافٍ سَلَاطِيْنُهُمْ لِلنُّزْهَةِ وَأَغْنِيَاؤُهُمْ لِلتِّجَارَةِ وَفُقَرَاؤُهُمْ لِلْمَسْأَلَةِ وَقُرَّاؤُهُمْ لِلسُّمْعَةِ

 

Hartosna, “Dina akhir zaman mah, jalma-jalma anu kaluar ibadah haji teh aya opat golongan: para penguasa berangkat haji keur sesenangan, para hartawan angkat haji keur dagang, jalma-jalma fakir keur menta-menta, sareng para qori angkat haji keur mamerkeun bacaan,” (HR. al-Khotib).   

 

Ngandung hartos, hiji calon jamaah haji anu angkat ka Tanah Suci kedah berusaha samaksimal mungkin ngajauhkeun tujuan-tujuan duniawai demi ngengingkeun kautamaan ibadah haji sareng derajat haji anu istimewa. Sanajan anjeunna ditugaskeun ngajalankan ibadah haji kanggo anu sejen, maka niatan ngabantu sareng ngamudahkeun sasama muslim dina raraga menggugurkeun kawajibannana. 

 

Kadua, nyiapkeun bekel sacukupna sareng menerkeun hate dina raraga ngagunakeun sareng ngabalanjakeunnana. Gunakeun perbekelan ku cara sederhana, jauhan oge poya-poya ti kawit hal katuangan, anggoan, sareng sajabina. 

 

Saur Imam Al-Ghozali, ngagunakeun harta dina perjalanan ibadah haji sami sareng ngainfakkeunnana di jalan Alloh. Sedengkeun sarupiah anu diinfakkeun di jalan Alloh bakal dibales tujuh ratus kali lipatna.   

 

Namung, diwanti-wanti oge ku Imam Al-Ghozali, biaya anu dianggo ibadah haji kedah tina sumber anu hade tur halal. Sabab saur Ibnu ‘Umar, “Di antara ciri jalma anu mulya nyaeta jalma anu paling hade perjalanan ibadah hajina; oge di antara ibadah haji jalma anu paling utama nyaeta jalma anu paling ikhlas niatna, paling bersih biayana, tur paling kuat kayakinanna.” 

 

Katilu, ninggalkeun rofats, fusûq, sareng jadâl, sakumaha anu ditetepkeun dina Al-Quran. Rofats ngawengku sagala rupa ucapan sia-sia, goreng, jeung kotor. Kalebet heureuy atanapi ngobrolkeun pergaulan salaki-pamajikan sabab bisa ngadorong pagawean jima’ anu dilarang salami ibadah haji.  

 

Fusûq nyakup sakabeh kaayaan anu keluar tina kataatan ka Alloh. Teras, jadâl hartosna parea-rea omong dina permusuhan sareng papaseaan anu ngakibatkeun rasa dengki sareng perpecahan, tur ngaruksak budi pekerti luhur. 

 

Saur Imam Sufyan Ats-Tsauri, “Sing saha jalma anu milampah rafats, maka rusak ibadah hajina.”  

 

Pantes Kangjeng Rosul ngagambarkeun jalma nebihan sikap rofats, fusuk, nalika ibadah hajina seperti jalma anu karek lahir tina rahim indungna.

 

مَنْ حَجَّ هَذَا الْبَيْتَ فَلَمْ يَرْفُثْ وَلَمْ يَفْسُقْ، خَرَجَ مِنْ ذُنُوبِهِ كَيَوْمِ وَلَدَتْهُ أُمُّهُ

 

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu ngalaksanakeun ibadah haji ka Baitullah, tuluy teu ngalakukeun rafats jeung kafasekan, maka manehna bakal kaluar tina dosa-dosana saperti nalika poe dilahirkeun ku indungna,” (HR. Ahmad).

 

Kaopat, lamun kongang mah ibadah haji teh bari leumpang. Sanaos kitu, naek kandaraan nalika ibadah haji sanes hal anu goreng. Terlebih aya ulama anu nyarioskeun, “Naek kandaraan mah leuwih utama, sabab di jerona aya infaq sareng biaya. Salian ti ngajauhkeun diri tina kacapean, ngajauhkeun gangguan di perjalanan, sareng leuwih caket kana kaselamatan.” 

 

Kalima, tampil sederhana sareng teu seueur nganggo perhiasan. Supaya jauh tina kesan mewah-mewahan sareng teu nunjukkeun jabatan atanapi kakayaan. Sabalikna, tunjukkeun diri salaku hamba anu lemah tur kacida butuhna kana rohmat sareng ampunan Alloh. Sanajan kitu, sanes hartos jamaah haji kedah nganggo anggoan anu tos lusuh atanapi serba kotor. 

 

Kagenep, ngadeukeutkeun diri ka Alloh ku motong hewan kurban. Usahakeun hewan anu dikurbankan teh anu hade, montok, tur sehat. Dahar sawareh dagingna upami kurbanna sunat, kecuali anu sifatna nadzar. 

 

Nalika kurban, niatkeun ku eta kurban teh ngabersihkeun sifat-sifat kahewanan anu aya dina diri, ngajauhkeun sifat koret, oge niat ngahontal kasucian jiwa, sarta ngahiasna ku sifat-sifat anu terpuji. Kalih ti eta, Alloh oge teu miharep dagingna, tapi miharep katakwaannana, sakumaha dina dawuhan Alloh: 

 

لَنْ يَنَالَ اللَّهَ لُحُومُهَا وَلَا دِمَاؤُهَا وَلَكِنْ يَنَالُهُ التَّقْوَى مِنْكُمْ 

 

Hartosna, “Daging (kurban) sareng darahna eta sama sakali moal dugi ka Alloh, tapi anu dugi ka Mantenna mah katakwaan anjeun,” (Q.S. al-Hajj [22]: 37). 

 

Katujuh, sapaposna alus sangka ka Alloh kana sagala rupa hal anu tos dilakukeun sareng diinfakkeun. Nyakitu keneh sareng kapayahan, karugian, bahkan mungkin musibah anu nimpa, bade anu nimpa kana harta atanapi raga. Sing emut yen musibah teh salah sawios tanda ditampina ibadah haji. 

 

Oge sing emut, tanda sanes mabrurna ibadah haji hiji hamba teh nyaeta lesotna kamaksiatan anu biasa dipilampah. Dulur-dulurna anu teu hade diganti ku dulur-dulur dulur-dulur anu saroleh. Tempat-tempat kalaleyannana diganti ku majelis dzikir sareng kesadaran ka Alloh swt. 

 

Hadirin Sidang Jumah anu mulya 

Mugia dulur-dulur urang anu nuju ngalaksanakeun ibadah haji sapapaosna dipasihan kasehatan lahir batin, dipasihan kalancaran, miwah kamudahan. Oge urang doakeun ku urang sadayana, mugi aranjeuna kenging darajat haji mabrur anu teu aya deui balesannana anging panghampura Alloh sareng surga Mantenna. Amin ya robbal alamin. 

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْن  اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلاَلاً طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ اجْعَلْ حَجَّنَا حَجًّا مَبْرُوْرًا وَسَعْيًا مَشْكُوْرًا وَذَنْبًا مَغْفُوْرًا وَعَمَلاً صَالِحًا مَقْبُوْلاً وَتِجَارَةً لَنْ تَبُوْرَ يَا عَالِمَ مَا في الصُّدُوْرِ أَخْرِجْنَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ . اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. اللّهُمَّ قَنِّعْنَا بِمَا رَزَقْتَنَا وَبَارِكْ لَنَا فِيْمَا أَعْطَيْتَنَا وَاخْلُفْ عَلَيْنَا كُلَّ غَائِبَةٍ لَنَا مِنْكَ بِخَيْرٍ بِرَحْمَتِكَ يآ أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.