Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Rido Alloh Aya dina Rido Indung jeung Bapa

Kam, 2 Mei 2024 | 11:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Rido Alloh Aya dina Rido Indung jeung Bapa

Ilustrasi berbakti pada orang tua. (Foto: NU Online)

Orang yang paling berjasa dalam hidup kita adalah orang tua. Terutama ibu, dia telah mengandung, melahirkan, membesarkan, dan mendidik kita dengan penuh kasih sayang. Kiranya tanpa ayah dan ibu, hidup kita tidak akan seperti sekarang. Saking besarnya jasa mereka, sampai-sampai Allah pun menggantungkan ridha-Nya pada ridha mereka.

 

Khutbah Jumat ini berjudul: “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Rido Alloh Aya dina Rido Indung-Bapa". Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi).

 

Khutbah I

 

 الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن

أمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ: قَالَ اللهُ تَعَالى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِۚ حَمَلَتْهُ اُمُّهٗ وَهْنًا عَلٰى وَهْنٍ وَّفِصَالُهٗ فِيْ عَامَيْنِ اَنِ اشْكُرْ لِيْ وَلِوَالِدَيْكَۗ اِلَيَّ الْمَصِيْرُ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

 

Hadirin Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh 

Puji kalih syukur hayu urang panjatkeun ka Alloh nu Maha Gofur. Alhamdulillah, berkat kucuran rohmat sareng inayah-Na, urang sadayana masih dipaparin kasempetan tur rupi-rupi kani’matan, terutami ni’mat iman sareng Islam. 

 

Teu aya kajabi ni’mat kakiatan, sahingga dina ieu danget urang masih kapanggil ngalaksanakeun salah sawios parentah-Na, nyaeta ibadah shalat Jumat .  Mugia urang sadayana sapapaosna dipaparin kakiatan sareng hidayah kanggo istiqomah ngabakti ka Mantenna. Amiin ya robbal alamin. 

 

Solawat miwah salam mugia sing salawasna dikucurkeun ka Panutan Alam, ya’ne Habibana wa Nabiyyana Muhammad saw. anu mangrupikeun sosok paling berjasa nganteurkeun urang sadayana kana jalan kaimanan miwah katakwaan. Solawat miwah salam oge mugia sing dikucurkeun ka kulawargina, ka para sahabatna, tabiin tabiat-na, dugika urang sadayana salaku umatna anu miharep diangken umatna kalayan jaga kenging syafaatna. Amiin ya robbal alamin.  

 

Salajengna, ngalangkungan ieu mimbar, khotib seja mayunkeun wasiat, khusus ka diri pribadi, umum ka sidang jumat sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Gusti Alloh Robbul Izzati. Sabab, teu aya deui pang sae-saena bekel urang mayunan kahirupan lana di akherat anging kaimanan sareng katakwaan. Takwa hartosna ngajalankeun sadaya parentah Alloh oge nebihan sagala rupi panyegah-Na. 

 

Hadirin Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh 

Sakabeh jalma eta tangtos gaduh indung jeung bapana. Ku lantaran kitu, teu aya hiji jalma anu leupas tina kawajiban ngabakti jeung hormat ka nu janten sepuhna. Malihan, hormat ka indung-bapa sanes hungkul kawajiban sareng akhlak mulia anu aya dina agama Islam, tapi aya dina satiap agama sareng budaya. 

 

Sabab indung-bapa teh jalma anu tos ageung pisan jasana. Kantenan indung, ti kawit ngalahirkeun, ngagedekeun, sareng ngadidik kalayan pinuh kadeudeuh jeung kanyaah. Pengorbanan sareng perjuangan aranjeuna tos moal kaitung ku urang. Sahingga sapantesna urang balas budi ka aranjeuna ku cara nunjukkeun sikap hormat jeung rasa syukur anu pang sae-saena.     

 

Hadirin Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh 

Hormat ka indung-bapa tiasa diwujudkeun ku urang dina sagala hal, ti kawit hal nu sederhana dugika nu luar biasa. Urang tiasa nunjukkeun sikap hormat sareng syukur ngalangkungan tutur kata anu sopan tur lemah lembut. Ngadangukeun nasehat sareng piwurukna, ngabantos padamelan aranjeunna, sareng sajabina. 

 

Kalih ti eta, urang tiasa nunjukkeun rasa kadeudeuh jeung kanyaah ka aranjeuna ku cara nyarengan sareng ngalongok aranjeuna nalika teu damang, sareng nyuhunkeun panghampura sareng kabarokahan kanggo aranjeuna dunya sareng akheratna.    

 

Agama Islam parantos nganyatakeun yen keur ka satiap anak, hormat jeung ngabakti ka indung-bapa mangrupakeun kawajiban. Ku cara hormat jeung ngabakti ka indung-bapa insya Alloh urang bakal kenging karidoan Alloh, bahkan kabarokahan hirup, sareng kabagjaan dunya-akherat. 

 

Kantenan, indung mah sosok anu langkung ageung perjuangannana. Ku hal sakitu, agama netepkeun kaayaan indung tilu kali leuwih luhur darajatna ti batan bapa. Sahingga dina mulang tarimana oge, ka indung mah kedah dipayunkeun. Kitu sakumaha dina hadits Kangjeng Rosul riwayat Imam Al-Bukhari sareng Muslim. 

 

جَاءَ رَجُلٌ إِلَى رَسُولِ اللّٰهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، فَقَالَ: يَا رَسُولَ اللّٰهِ مَنْ أَحَقُّ النَّاسِ بِحُسْنِ صَحَابَتِي؟ قَالَ: أُمُّكَ قَالَ: ثُمَّ مَنْ؟ قَالَ: ثُمَّ أُمُّكَ. قَالَ: ثُمَّ مَنْ؟ قَالَ: ثُمَّ أُمُّكَ. قَالَ: ثُمَّ مَنْ؟ قَالَ: ثُمَّ أَبُوكَ   

 

Hartosna, "Hiji waktos dongkap saurang pameget nepangan Rosululloh saw teras anjeuna sasauran: Rosululloh, saha jalmi anu paling hak diperlakukeun sae ku kaula? Mantenna ngawaler: Indung anjeun. Pameget tadi tumaros deui: Teras saha deui? Mantenna ngawaler: Indung anjeun. Pameget tadi tumaros deui: Teras saha deui? Mantenna ngawaler: Indung anjeun. Pameget tadi tumaros deui: Teras saha deui? Mantenna ngawaler: Teras bapa anjeun,’" (HR Al-Bukhari - Muslim).   

 

Hadits ieu nunjukkeun yen jalmi anu paling berhak dikaulaan kalayan pang sae-saena nyaeta indung. Sahingga Kangjeng Rosul ngauihan eta pesen dugika tilu kalina. Eta teh nunjukkeun pentingnya ngabakti kanu janten indung. 

 

Indung teh jalmi anu ageung pisan jasana. Ti kawit ngandung, ngalahirkeun, ngasuh oge ngatik ngadidik urang kalayan pinuh ku kadeudeuh jeung kanyaah. Sahingga, moal kanilai ageungna perjuangan sareng pengorbanan nu janten indung ka urang.    

 

Hadirin Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh

Dina hadits riwayat Abdullah bin 'Amr, dicaroskeun aya salah sawios sahabat nu nyuhunkeun widi ka Kangjeng Rosul kanggo ngiringan jihad. Tapi Kangjeng Rosul malah miwarang uih deui supados ngalaksanakeun jihad ku cara ngabakti ka indung-bapana heula. 

 

Hal ieu nunjukkeun yen jihad pang ageungna dimulai ti bumi urang, nyaeta nyumponan kewajiban sareng tanggung jawab urang salaku anak ka indung jeung bapa. 

 

Alloh ngadawuh di Surat Luqman ayat 14: 

 

 وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِۚ حَمَلَتْهُ اُمُّهٗ وَهْنًا عَلٰى وَهْنٍ وَّفِصَالُهٗ فِيْ عَامَيْنِ اَنِ اشْكُرْ لِيْ وَلِوَالِدَيْكَۗ 

 

Hartosna, "Kaula ngawasiatkeun ka manusa (supaya migawe hade) ka indung-bapa. Indungna tos ngandung dina kaayaan lemah anu teras-terasan sareng nyapihna dina yuswa dua taun). (Wasiat Kaula,) Kudu syukur anjeun ka Kaula jeung ka dua indung bapa anjeun,” (QS. Luqman [31]: 14).  

 

Syekh Nawawi al-Bantani dina kitab tafsirna nguningakeun, ayat di luhur teh netelakeun parintah Allah ka sadayana manusa keur ngabakti ka indung-bapa. Parentah ieu ngagambarkeun kalintang beuratna perjuangan hiji indung nalika ngandung jeung ngalahirkeun nu jadi murangkalihna. 

 

Ti kawit kandungan alit keneh dugika ageungna, teu luput tina kapayahan keur indungna. Tiasa dibayangkeun kumaha susah payahna indung urang nalika kandungan mingkin lami mingkin ageung tur beurat. Anu tangtosna mingkin nyusahkeun tur ngalemahkeun. 

 

Ku kituna, salaku anak anu hoyong kenging rido Alloh, hayu urang sami-sami ningkatkeun ngabakti urang ka indung sareng ka bapa. Kantenan indung bapa urang anu masih jumeneng di alam dunya. Anu tos ngantunkeun oge ulah alit manah, ziarahan kuburannana. Doakeun supaya kenging panghampura sareng rohmat Alloh di alam kuburna.

 

Ka indung bapa ulah disamikeun sareng ka sepuh biasa, kantenan pami disamikeun sareng rencang atanapi jalmi biasa. Urang sing tiasa ngajagi perasaan sareng kahormatannana. Jagi tutur kata urang ulah digika ngucapkeun kata-kata anu matak nyentug jeung ngaraheutkeun manahna. 

 

Al-Quran parantos ngemutan, tong boro dugika nyentak sareng nyarekan, ngucapkeun “ah” oge ka indung bapa mah teu kenging. Sing emut  doraka ka indung bapa kalebet dosa ageung anu matak ngahalangan rido Alloh sareng kamulyaan urang. Malihan, para ulama parantos nyebatkeun, di antara balesan Alloh anu kontan dizohirkeun di alam dunya keneh salah sawiosna dosa ka indung bapa. 

 

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِي اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأَسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ، لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم   

 

Khutbah II

 

  اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا أَمَرَ، أَشْهَدُ أَنْ لَا اِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ إِرْغَامًا لِمَنْ جَحَدَ بِهِ وَكَفَرَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْخَلَائِقِ وَالْبَشَرِ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْمَحْشَرِ. أَمَّا بَعْدُ. فَيَا أَيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: إِنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يٰأَيُّها الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ ،

 

اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ، اَلْأَحْياءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتَنِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا إِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ بُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عامَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَأَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَاَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ   

 

عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاۤئِ ذِى الْقُرْبٰى وَيَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاشْكُرُوْا عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ ، وَلَذِكْرُاللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.