Khutbah Bahasa Sunda: Ngahontal Darajat Takwa Ngalangkungan Puasa
Kamis, 13 Maret 2025 | 07:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Di balik perintah Allah selalu tersimpan keutamaan, kemuliaan, rahasia, dan hikmah yang sangat mendalam. Demikian halnya dalam perintah melaksanakan ibadah puasa yang di dalamnya terdapat berbagai kemulian, salah satunya adalah mencapai derajat takwa.
Maka khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Bahasa Sunda: Ngahontal Darajat Takwa Ngalangkungan Puasa”. Untuk mencetak khutbah ini, silakan klik fitur download berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِي هَدَانَا لِلْإِسْلَامِ وَأَرْسَلَ إِلَيْنَا نَبِيَّهُ مُحَمَّدًا أَفْضَلَ الْأَنَامِ، وَفَصَّلَ أَحْكَامَ الصَّلَاةِ وَالصِّيَامِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْمَلِكُ الْعَلَّامُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ أَفْضَلُ مَنْ صَلَّى لِرَبِّهِ وَصَامَ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ البَرَرَةِ الْكِرَامِ، وَسَلِّمْ تَسْلِيْماً كَثِيْرًا مَا دَامَتِ اللَّيَالِي وَالْأَيَّامُ
أمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ ، بِسۡمِ اللَّهِ الرَّحۡمَٰنِ الرَّحِيمِ ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Ucapan syukur sareng alhamdulillah hayu urang jantenkeun pamuka khutbah. Sholawat sinareng salam mugia salamina sing dikucurkeun ka Jungjunan urang sadayana, miwah kulawarginana, para sahabatna, para tabiin, dugika urang sadayana salaku umatna.
Salajengna, ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib umajak ka sadayana ahli Jumah anu sami hadir, hayu urang satekah polah ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh swt, margi mung ukur modal takwa, urang sadayana tiasa janten hamba anu salamet dunya rawuh akherat.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Sakumaha kauninga, harepan tina ibadah puasa anu ku urang dilakonan teh nyaeta ngahontal darajat takwa. Hal ieu sakumaha anu ditetelakeun dina ayat suci Al-Quran anu parantos masyhur:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
Hartosna, “He jalma-jalma anu iman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha tos diwajibkeun ka jalmi-jalmi samemeh aranjeun supaya aranjeun takwa,” (QS. Al-Baqarah [2]: 183).
Ngalangkungan ieu ayat, urang uninga yen parentah puasa teh ditujukeun ka jalma-jalma anu iman. Salajengnya, salah sawios anu hoyong dihontal ngalangkungan puasa teh nyaeta takwa. Teras naon hubungan ari iman sareng takwa. Salah sawios hadits parantos netelakeun:
الْإِيمَانُ عُرْيَانٌ، وَلِبَاسُهُ التَّقْوَى
Hartosna, “Ari iman teh saperti sataranjang, maka anggoannana teh nyaeta takwa,” (HR. Ibnu Abi Syaibah).
Numutkeun ieu hadits, takwa teh kalintang pentingna keur ngabunian sareng ngagindingan kaimanan urang. Ku penting-pentingna takwa, Alloh malihan kiat mulak-malik istilah takwa ieu dugika 15 kali dina Al-Qur’an.
Ieu nunjukkan yen di antara tetekon pokok dina Islam teh nyaeta ayana takwa dina diri urang. Ku hal sakitu, teu heran takwa janten salah sawios ukuran luhur sareng henteuna darajat hiji hamba, sakumaha ditandeskeun dina Al-Qur’an:
إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِنْدَ اللّٰهِ أَتْقَاكُمْ إِنَّ اللّٰهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌ
Hartosna, “Saenya-enyana anu paling mulya di antara aranjeun di payuneun Alloh nyaeta jalmi anu paling takwa,” (QS Al-Hujurat [49]: 13).
Sababaraha abad kapengker Kangjeng Rosul oge kantos ngabocorkeun yen seuseurna pangeusi surga teh jalmi-jalmi anu takwa, sakumaha dawuhanana:
سُئِلَ رَسُوْلُ اللهِ عَنْ أَكْثَرِ مَا يُدْخِلُ النَّاسَ اَلْجَنَّةَ؟ قَالَ: تَقْوَى اللهِ وَحُسْنُ الْخُلُقِ
Hartosna, “Kangjeng Rosul kantos ditaros perkawis hal anu paling seueur nyebabkeun jalmi lebet ka surga. Mantenna ngawaler, ‘Takwa ka Alloh sareng akhlak anu sae,’” (HR Ahmad).
Salajengna, kumaha ari takwa? Takwa teh numutkeun ta’rifan anu masyhur mah nyaeta satia satuhu kana sagala rupi parentah Alloh oge nebihan kana sagala rupi panyegah-Na. Ta’rifan nu sanes nguningakeun, takwa teh ngaraos sieun, ati-ati tur waspada bisi ngareumpak larangan Alloh, oge leres-leres ngajalankeun naon sagala rupi tugas ti Mantenna.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Supados urang leres-leres janten pribadi takwa, tipayun urang kedah uninga sabab-sabab katakwaan eta. Ngalangkungan sabab-sabab tadi, Insyaalloh urang bakal gampil naratas jalan katakwaan. Dina leresan ieu sabab-sabab takwa teh parantos diuningakeun ku Syekh Hasan dina kitabna Taisirul Khalaq fi ‘Ilmil Akhlak, nyaeta:
1. Ngangken kahinaan diri
Ku cara ngangken kalemahan sareng kahinaan diri, urang Insyaalloh bakal tiasa napak dina jalan katakwaan. Sanes kanten urang ngangken kahinaan diri, urang oge kedah ngangken mulya tur agungna Allah. Ku cara kitu, urang bakal ngaraos isin lamun sombong sareng ngaraos mulya di payuneun Alloh anu maha mulya.
2. Salawasna emut kana kasaean Alloh
Ku cara eling kana kasaean Alloh, Insyaalloh urang bakal tiasa nyorang jalan katakwaan. Urang sing emut, yen Alloh mah teu pandang bulu, bade ka ahli toat, atanapi ka ahli ma’siat, kanu syukur atanapi kanu kufur, Mantenna mah tetep maha welas tur maha asih. Mantenna tetep ngarezekian. Ku cara kitu, Insyaalloh urang bakal ngaraos isin kana kasaean Alloh, sedengkeun urang ngaraos masih leleda dina ibadah sareng kumaula ka Mantenna.
3. Emut kana maot
Sanes kanten ti dua sabab di luhur, emut kana maot oge janten sabab urang digampilkeun ngalacak jalan katakwan. Ku cara emut kana maot, urang bakal janten pribadi anu ati-ati, sumanget kana ibadah, geuwat kana migawe tobat, sieun ku panyegah Alloh, sareng istiqomah dina milari ridho Mantenna. Naon sababna? Sabab di dunya hirup moal lana jeung salilana, hiji mangsa mah bakal mulang ka alam baqa.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Tah ngalangkungan ibadah puasa ieu, mudah-mudahan we urang sing tiasa ngahontal darajat takwa, anu mana darajat takwa ieu teh, bakal tiasa ngengingkeun rupi-rupi kamulyaan di dunya rawuh di akherat.
Malihan dina perkawis ieu, Imam Al-Ghazali dina kitab Minhajul Abidin, Terbitan Maktabah Muhammad bin Ahmad, Surabaya kaca 104-105, parantos ngawincik 40 kautamaan anu baris dikengingkeun ku jalmi anu takwa: 20 di antawisna dipasihkeun di alam dunya sareng 20 di akherat.
Sababaraha kamulyaan keur jalmi takwa anu dipasihkeun di alam dunya, numutkeun Imam Al-Ghazali, di antawisna nyaeta (1) diangkat kasusahna ku Alloh, (2) digampilkeun milik rezekina, (3) sapapaosna kenging pitulung Alloh, (4) sapapaosna kenging katenangan ti Alloh, (5) bakal dipaparin kabarokahan dina sagala rupi widang kahirupannana, (6) hatena bakal dicaangkeun ku cahaya, hikmah, sareng elmu Alloh.
Salah sawios ayat anu masyhur keur jalmi anu takwa di dunya nyaeta:
وَمَنْ يَتَّقِ اللّٰهَ يَجْعَلْ لَهُ مَخْرَجًا ، وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ
Hartosna, “Sing saha jalma anu takwa ka Allah maka Mantenna bakal muka jalan kaluar ka eta jalma, oge Mantenna bakal maparin rezeki ti arah anu teu disangka-sangkana,” (QS. Ath-Thalaq [65]:2-3).
Sedengkeun kamulyaan keur jalmi takwa di akherat, numutkeun Al-Ghazali, di antawisna, (1) bakal diringankeun ku Alloh nalika mayunan sakaratul maot, (2) bakal disalametkeun tina patarosan sareng fitnah kubur, (3) bakal diselamatkeun tina huru-hara Kiamat, (4) bakal dipasihan balesan anu ageung, nyaeta surga kani’matan anu abadi.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Mugia wae urang sadayana sing kalebet jalmi-jalmi saum anu ngengingkeun darajat takwa, saenya-enyana Alloh sasarengan sareng jalmi takwa sareng jalmi-jalmi anu sapapaosna midamel kasaean.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ هَذَا الْيَوْمِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الصَّلَاةِ وَالصَّدَقَةِ وَتِلَاوَةِ الْقُرْاَنِ وَجَمِيْعِ الطَّاعَاتِ، وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ جَمِيْعَ أَعْمَالِنَا إِنَّهُ هُوَ الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ، اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمُ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ
أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ. وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ وَالصَّوْمِ وَجَمِيْعِ الْمَأْمُوْرَاتِ وَالْوَاجِبَاتِ، وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ بِنَفْسِهِ. وَثَنَى بِمَلَائِكَةِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ، إِنَّ اللّٰهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً، اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ فِيْ العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ
اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ، اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَةً، اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ
عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Khutbah Idul Fitri 1446 H: Kembali Suci dengan Ampunan Ilahi dan Silaturahmi
2
Habis RUU TNI Terbitlah RUU Polri, Gerakan Rakyat Diprediksi akan Makin Masif
3
Niat Zakat Fitrah untuk Diri Sendiri, Istri, Anak, Keluarga, hingga Orang Lain, Dilengkapi Latin dan Terjemah
4
Kultum Ramadhan: Mari Perbanyak Istighfar dan Memohon Ampun
5
Fatwa Larangan Buku Ahmet T. Kuru di Malaysia, Bukti Nyata Otoritarianisme Ulama-Negara?
6
Gus Dur Berhasil Perkuat Supremasi Sipil, Kini TNI/Polri Bebas di Ranah Sipil
Terkini
Lihat Semua