Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 3 Kajantenan Penting dina Sasih Sya’ban  

Kamis, 6 Februari 2025 | 19:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 3 Kajantenan Penting dina Sasih Sya’ban  

Ilustrasi bulan Syaban. (Foto: NU Online)

Bulan Sya’ban termasuk bulan istimewa karena di dalamnya terdapat beberapa peristiwa penting. Setidaknya ada 3 peristiwa penting yang terjadi di bulan Sya’ban, yaitu pengalihan arah kiblat dari Baitul Maqdis ke Baitullah, dilaporkannya amal manusia, dan turunnya ayat perintah bershalawat kepada Nabi Muhammad.

 

Naskah Khutbah Jumat ini berjudul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 3 Kajantenan Penting dina Sasih Sya’ban”. Untuk mencetak silahkan klik fitur download warna merah pada desktop di bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!

 

Khutbah I

 

اَلْحَمْدُ ِللهِ الْمَحْمُوْدِ عَلَى كُلِّ حَالٍ، اَلْمَوْصُوْفِ بِصِفَاتِ وَالْكَمَالِ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ ذُو الْعَظَمَةِ وَالْجَلَالِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَخَلِيْلُهُ الصَّادِقُ الْمَقَالِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ خَيْرِ صَحْبٍ وَآلٍ، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، قَدْ نَرَى تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِي السَّمَاءِ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَاهَا فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ

 

Ma’asyirol Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh  

Ti payun hayu urang sasarengan manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur. Sholawat miwah salam mugia salamina dikucurkeun ka Jungjunan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. miwah kulawargi, para sahabat, para tabiin, dugika urang sadayana salaku umatna.

 

Teu hilap ngalangkungan ieu mimbar, pribados salaku khotib umajak ka sadaya ahli Jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah swt. Margi, ukur iman sareng takwa nu janten bekel utama kanggo urang ngamaksimalkeun katoatan ka Alloh swt. oge nebihan sagala rupi panyegah-Na.

 

Ma’asyirol Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh  

Sanes kanten ti wengian آisfu Sya’ban, aya tilu kajantenan penting dina sasih Sya’ban numutkeun sejarahna, sakumaha anu dicarioskeun ku Pangersa Sayyid Muhammad bin Alawi Al-Maliki dina kitab Ma Dza fi Sya’ban. Malahan tilu kajantenan ieu teh tiasa diraoskeun ku urang sareng ku sadayana kaom Muslimin dugika ayeuna. Tilu kajantenan eta teh nyaeta:

 

Kahiji, dialihkeunna arah kiblat ti Masjidil Aqso ka Masjidil Harom. Numutkeun Imam Al-Qurthubi nalika nafsirkan surah Al-Baqarah ayat 144 dina kitab Al-Jami’ li Ahkāmil Qur’an kalayan ngutip kaolna Abu Hatim Al-Basti, nguningakeun yen Alloh miwarang Nabi Muhammad saw. kanggo ngalihkeun arah kiblat. Tah eta kajantenan teh tumiba pas dina wengi Salasa sasih Sya’ban tepatna dina wengian Nisfu Sya’ban.

 

Dialihkeunna arah kiblat ieu teh oge mangrupikeun hiji perkara anu dianti-anti ku Kangjeng Nabi Muhammad saw.

 

Dina kitab suci Al-Quran, kajantenan dialihkeunna arah kiblat teh diuningakeun dina serat Al-Baqarah ayat 144.

 

   قَدْ نَرَى تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِي السَّمَاءِ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَاهَا فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ 

 

Hartsona, “Satemenna Kaula tos ningal wajah anjeun mindeng tatanggahan ka langit, maka saenya-enyana Kaula bakal ngalihkeun anjeun ka kiblat anu ku anjeun dipika resep. Prak alihkeun wajah anjeun ka arah Masjidil Haram.”
  
 

Ma’asyirol Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh

Kaduana, dilaporkeunna amal hamba ka Gusti Alloh dina sataun. Salah sawios perkara anu ngajantenkeun sasih Sya’ban langkung utama nyaeta dina sasih ieu teh sadayana amal hamba, amal urang sadayana, dipasrahkeun ka Alloh swt.

 

Pangersa Sayyid Muhammad bin Alawi Al-Maliki parantos ngutip hiji hadits riwayat An-Nasa’i anu ngariwayatkeun dialog Usamah bin Zaid sareng Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Dina eta riwayat, sohabat Usamah tumaros, “He Rosulalloh, abdi teu ningal salira saum dina sasih-sasih sanes sakumaha salira saum dina sasih Sya’ban?

 

 
Kangjeng Nabi saw. ngawaler:

 

فَذَلِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ، بَيْنَ شَهْرِ رَجَبٍ وَشَهْرِ رَمَضَانَ، تُرْفَعُ فِيهِ أَعْمَالُ النَّاسِ، فَأُحِبُّ أَنْ لَا يُرْفَعَ عَمَلِي إِلَّا وَأَنَا صَائِمٌ

 

Hartosna, “Ieu teh sasih Sya’ban anu seueur ditotolerkeun ku jalmi-jalmi. Padahal dina sasih ieu teh sadayana amal dipasrahkeun ka Alloh swt. Tah kaula hoyong nalika amal kaula dipasrahkeun ka Gusti Alloh teh, nuju dina kaayaan saum,” (HR. An-Nasa’i).

 

Tah pamasrahan amal ieu teh hartosna pamasrahan amal urang sacara keseluruhan dina sataun. Sabab, numutkeun kersana Sayyid Muhammad Alawi, aya sababaraha waktu sanesna anu janten waktos diangkat atanapi disetorkeunna amal hamba ka Gusti Allah salian ti sasih Sya’ban, nyaeta aya anu taunan, sapertos sasih Sya’ban ieu, aya anu mingguan, aya nu harian, aya nu siang aya anu wengi. Malihan aya oge sababaraha amal anu dipasrahkeun langsung ka Alloh tanpa ngantos waktos tadi, sapertos catetan amal sholat anu lima waktu.

 

Di antawis dalil anu nyebatkeun dilaporkeunna amal hamba sanes hungkul dina sasih Sya’ban teh nyaeta hadits riwayat Abu Dawud anu ditampi ti Imam Abu Hurairah. Dina eta riwayat, Kangjeng Rosul saw. sasauran:

 

تُعْرَضُ الْأَعْمَالُ يَوْمَ الِاثْنَيْنِ وَالْخَمِيسِ فَيُغْفَرُ لِمَنْ لَا يُشْرِكُ بِاللَّهِ شَيْئًا، إِلَّا رَجُلًا بَيْنَهُ وَبَيْنَ أَخِيْهِ شَحْنَاءُ يَقُولُ: دَعُوا هَذَيْنِ حَتَّى يَصْطَلِحَا 

 

Hartosna, “Amal-amalan teh ditunjukkeun (ka Gusti Alloh) dina dinten Senin sareng dinten Kamis. Maka bakal dihampura dosa jalma anu teu midua Pangeran-Na sareng perkara naon wae kecuali jalma anu antara diri sareng dulurna aya mumusuhan. Antepkeun dua jalma eta dugika duanana saling islah.”  (HR. Dawud).

 

Ma’asyirol Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh

Katiluna, lungsurna ayat parentah sholawat ka Kangjeng Nabi saw. Tah dina sasih Sya’ban teh ayat anjuran sholawat ka Kangjeng Rosul dilungsurkeun, sakumaha dina serat Al-Ahzab ayat ka-56.

 

إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ ۚ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

 

Artinya, “Saenya-enyana Alloh sareng para malaikat-Na ngaraos sholawat ka Kangjeng Nabi. He jalma-jalma anu iman, prak geura sholawat aranjeun ka Kangjeng Nabi pge ucapkeun salam penghormatan ka anjenna,” (QS. Al-Ahzab [33]: 56).

 

Nu matak, dumasar kana lungsurna ayat parentah sholawat dina sasih Sya’ban, Imam Syihabuddin Al-Qostholani dina kitab Al-Mawahib-na, sarta Ibnu Hajar Al-Asqalani nguningakeun yen sasih Sya’ban teh sasih sholawat, oge marantenna nyebatkeun, yen lungsurna ayat di luhur teh dina sasih Sya’ban tahun ka-2 hijriyah.

 

Ku hal sakitu, hayu atuh jamaah sadayana, dina ieu sasih urang nyeuerkeun ngaos sholawat ka Kangjeng Nabi. Katambih fadilah ngaoskeun sholawat teh kalintang ageungna, di antawisna:

 

مَنْ صَلَّى عَلَىَّ وَاحِدَةً صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ عَشْرًا

 

Hartosna, “Sing saha jalma anu ngaos sholawat sakali, maka Alloh bakal sholawat sapuluh kali ka anjeunna,” (HR. Muslim).

 

Dina hadits sanesna, disebatkeun jalmi anu paling hak sasarengan sareng Kangjeng Nabi teh nyaeta jalmi anu pangseueurna sholawat:

 

أَوْلَى النَّاسِ بِى يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَكْثَرُهُمْ عَلَىَّ صَلاَةً

 

Hartosna, “Pang utama-utamana jalma sasarengan sareng kaula dina poe Kiamat nyaeta jalmi anu pang seueurna sholawat ka kaula,” (HR. At-Tirmidzi).

 

Tah eta tilu kajantenan penting dina sasih Sya’ban, anu didukung ku dalil-dalil anu kuat. Mugia wae dibabarkeunna ieu kajantenan, urang mingkin sumanget dina ngalakonan ibadah, terutama midamel amal kasaean, sareng ngaoskeun sholawat, supados dina nalika dilaporkeun amal, urang nuju sae, oge di akherat urang tiasa dicaketkeun sareng Kangjeng Nabi Muhammad saw.


    
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِالْاِتِّحَادِ وَالْاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلَامَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ، اَللَّهُمَّ يَا مُيَسِّرَ كُلِّ سِيْرٍ ، وَيَا جَابِرَ كُلِّ كَسِيْرٍ ، وَيَا صَاحِبَ كُلِّ فَرِيْدٍ ، وَيَا مُغْنِيَ كُلِّ فَقِيْرٍ ، وَيَا مُقَوِّيَ كُلِّ ضَعِيْفٍ، وَيَا مَأْمَنَ كُلِّ مَخِيْفٍ، يَسِّرْ عَلَيْنَا كُلَّ عَسِيْرٍ، فَتَيْسِيْرُ الْعَسِيْرِ عَلَيْكَ يَسِيْرٌ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.