Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngawangun Katakwaan Ngalangkungan Ibadah Kurban 

Kam, 13 Juni 2024 | 15:15 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngawangun Katakwaan Ngalangkungan Ibadah Kurban 

Ilustrasi kurban. (Foto: NU Online)

Hari raya Idul Adha merupakan momentum yang tepat bagi umat Islam untuk meningkatkan ketakwaan sekaligus membangun kepasrahan seutuhnya kepada Allah. Ketakwaan menjadi ukuran kemuliaan seseorang di sisi Allah.

 

Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul "Ngawangun Katakwaan Ngalangkungan Ibadah Kurban". Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi).

 

Khutbah I

 

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ

 

 أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكٌمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، ﴿ إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ ، فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ ، إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ ﴾،صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

 

Hadirin rohimakumulloh,

Puji sareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka Alloh swt. Dzat anu maha ngatur sareng maparin ni’mat ka sadaya makhluk-Na, kalebet urang sadayana, sahingga dina siang anu berkah ieu, urang sadayana tiasa kempel berjamaah dina raraga ngalaksanakeun netepan Jumah. Mugia amaliah urang dina danget ieu sing kalebet amal ibadah anu kenging rido Mantenna.  

 

Sholawat sareng salam anu utami mugi tetep ka pang afdol-afdolna Nabi saw., nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat ka sadaya alam, sakaligus anu nyandak cahaya hidayah di tengah poekna kasyirikan. Sholawat sareng salam oge mugi dilimpahkeun ka kulawargina, para sahabatna, para tabiin sareng tabiaatna, dugika urang sadayana anu sapapaosna miharep syafaat di yaomil jaza.    

 

Hadirin rohimakumulloh,
  
Dina ieu kasempetan, khotib wasiat ka sadayana hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan. Takwa anu ngandung hartos imtitsalul-awamir wajtinabun-nawahi atanapi ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh oge nebihan larangan-Nana. Sabab, teu aya deui bekel anu pangsae-saena keur nyorang ieu kahirupan anging ti takwa ka Alloh swt. Oge teu aya deui hamba anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh anging hamba anu pang takwanya ka Mantenna. 

 

Hadirin rohimakumulloh,

Peryogi kauninga, yen cikal bakal ibadah kurban dikawitan ku kajantenan Nabi Ibrahim anu bade meuncit nu janten murangkalihna nyaeta Nabi Ismail. Waktos harita Nabi Ibrahim ikhlas nampi perintah Allah tawis kapasrahan sareng kapatuhan anjeuna kanu Maha Kawasa. Perintah eta ditampi langsung ngalangkungan ngimpenna, sakumaha anu diuningakeun dina Al-Quran.

 

فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قالَ يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرى فِي الْمَنامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرى قالَ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِنْ شاءَ اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ

 

Hartosna: “Nalika eta murangkalih dugi kana (yuswa) sanggup dadamel sareng ramana, maka Ibrohim misaur, “He anak kaula, saenya-enyana kaula ngimpen yen kaula meuncit anjeun. Sok emut ku anjeun kumaha saena?” Anjeuna (Ismail) ngawaler, “He Bapa abdi, pidamel wae naon anu diparentahkeun (Alloh) ka salira. Insya Alloh, salira bakal ningal kaula kalebet jalmi-jalmi anu sabar,” (QS. ash-Shafat [37]:102).   

 

Kenging informasi sapertos kitu ti ramana, Nabi Ismail teu ngaraos gimir. Anjeunna justru nyuhunkeun ka ramana kanggo nyangeman eta parentah Alloh. Hal ieu jelas katingal sakumaha dina ayat di luhur, 

 

Kenging kasangeman sapertos kitu, Nabi Ibrahim gesat-gesut ngasah peso sareng ngabolerkeun anu janten putrana, nyaeta Nabi Ismail siap-siap bade dipeuncit. Nanging, goresan peso Nabi Ibrohim dina Nabi Ismail ternyata teu aya pangaruh nanaon. Sabab, kacida cepetna Alloh ngagentos Nabi Ismail ku domba ageung. 

 

Rupina mah parentah Alloh ka Nabi Ibrohim kanggo meuncit nu janten putrana mung saukur ujian. Intina, Nabi Ibrohim parantos ngabenerkeun impenannana. Nabi Ibrohim parantos kabuktian janten hamba anu ikhlas sareng patuh kana parentah Alloh. Eta kabuktian tina panggero Alloh ka aranjeuna, sakumaha anu disebat dina surah ash-Shofat.

 

وَنَادَيْنَاهُ أَنْ يَا إِبْرَاهِيمُ ، قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا إِنَّا كَذَلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ ، إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاءُ الْمُبِينُ ، وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ

 

Hartosna: “Jeung Kaula panggil anjeuna, “He Ibrohim, saenya-enyana anjeun geus ngabenerkeun impian eta. Saenya-enyana kitu pisan Kaula mere balesan ka jalma-jalma anu nyieun hade. Saenya-enyana ieu bener-bener hiji ujian anu nyata. Jeung kaula tebus anak eta ku hiji peupeuncitan anu gede,” (QS. ash-Shofat [37]: 104-107).

 

Tah kajadian Nabi Ibrohim meuncit Nabi Ismail eta saterasna janten cikal bakal disyariatkeuna ibadah kurban anu dikukuhkeun dina syareat umat Nabi Muhammad anu teras diperingati saban poe Lebaran Adha atanapi Idul Kurban.

 

Hadirin rohimakumulloh,

Ibadah kurban mangrupikeun wujud kataatan urang sadayana salaku hamba Alloh. Anu pada hakikatna, naon wae anu diparentahkeun ku Alloh, kedah dilakonan ku urang, sanajan kedah ngorbankeun perkara anu paling berharga kanggo urang, imma mangrupa nyawa, raga, waktu, harta sareng sajabina seperti halnya anu parantos dicontokeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim anu nggorbankan putra anu pang dipikanyaahna. 

 

Secara khusus, ibadah kurban teh dumasar kana firman  Allah  anu aya dina Al-Qur’an. 

 

اِنَّآ اَعْطَيْنٰكَ الْكَوْثَرَ، فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ، اِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْاَبْتَرُ

 

Hartosna, "Saenya-enyana, Kaula parantos masihan anjeun, Muhammad, ni’mat anu loba, maka pek pidamel sholat kanggo Pangeran anjeun sareng pidamel ibadah kurban. Saenya-enyana jalma anu mikangewa ka anjeun nyaeta jalma anu pegat tina  rohmat Alloh,” (QS. Al-Kautsar [108]: 1-3). 

 

Dumasar kana ayat eta, madzhab Syafi’i parantos netepkeun hukum kurban teh sunnah muakkad, sementawis madzhab anu sanes aya nau netapkan hukum wajib, terlebih keur jalma-jalma anu kaasup jalma cukup, sakumaha hadis Kangjeng Rosul:

 

مَنْ كَانَ لَهُ سَعَةٌ وَلَمْ يُضَحِّ، فَلَا يَقْرَبَنَّ مُصَلَّانَا

 

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu cukup (harta) ngan teu daek kurban maka ulah sakali-kali ngadeukeutan tempat shalat kaula,” (HR. Ibnu Majah). 

 

Ngan, aya oge di antara ulama madzhab Syafi’i anu narik hukum kurban ieu kana sunnah kifayah. Hartosna, upami aya sababaraha jalmi dina hiji kulawarga, maka kawakilan atanapi terpenuhi pangkat sunahna lamun aya salah saurang di antara maranehna anu ngalaksanakeun. 

 

Hadirin rohimakumulloh,

Hukum sunah sareng wajib eta masihan dua pelajaran kanggo urang. Kahiji, ibadah kurban mangrupikeun ibadah penting. Malihan, dina hadits dijelaskeun yen amalan anu paling hade dilakukan dina poe lebaran Adha nyaeta iraqutud-dam atanapi meuncit hewan kurban. Ku sabab kitu, lamun urang mampu maka lakonan ibadah kurban eta.  

 

Kadua, ibadah kurban mangrupakeun bentuk kasadaran sareng kepasrahan hamba anu teu ngagaduhan naon-naon sareng teu ngagaduhan kakawasaan naon-naon. Sing emut naon anu dipasrahkan Nabi Ibrahim mangrupikeun anak anu pang dipika cinta, nyaeta nabi Ismail, sanajan pada akhirna digentos ku Allah ku domba.

 

Hadirin rohimakumulloh,

Salajengna, iraha urang diparentah meuncit hewan kurban? Sakumaha anu parantos disinggung di luhur, pelaksanaan kurban teh nyaeta dina poenan lebaran Idul Adha, kaping 10 Dzulhijjah ditambih tilu dinten tasyrek, nyaeta kaping  11,  12, sareng  13 Dzulhijjah. 

 

Anapon katangtuan pembagian daging kurban, para ulama fiqih parantos netepkeun. Upami kurbanna kurban nadzar, maka jalmi anu kurban teu kenging nuang dagingna, kalebet kulawarga anu wajib dinafkahanna. Sementawis kurban sunah, nu kurban masih tiasa nuang sahuap atanapi dua huap dagingna. Langkung sae nuang bagian hatena kanggo milari kabarokahan. Malihan, dina kurban sunnah, jalmi anu kurban dikengingkeun nyandak bagian dugika sapertiluna. 

 

Salajengna, anu diniatkeun dina kurban teh nyaeta ngabersihkeun sifat-sifat kehewanan anu aya dina diri, ngajauhkeun sifat kikir, ngahasilkeun kasucian jiwa, sarta ngagindingannana ku sifat-sifat anu hade. Sareng deui anu dugi ka Allah dina kurban teh sanes dagingna, nanging katakwaannana, sakumaha dawuhan-Na: 

 

لَنْ يَنَالَ اللَّهَ لُحُومُهَا وَلَا دِمَاؤُهَا وَلَكِنْ يَنَالُهُ التَّقْوَى مِنْكُمْ كَذَلِكَ سَخَّرَهَا لَكُمْ لِتُكَبِّرُوا اللَّهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَبَشِّرِ الْمُحْسِنِينَ

 

Hartosna, “Daging (hewan kurban) sareng darahna eta sama sakali moal tiasa dugi ka Alloh, tapi anu dugi ka Mantena mah nyaeta katakwaan anjeun,” (Q.S. al-Hajj [22]: 37).   

 

Hadirin rohimakumulloh,

Mugia urang sadayana kalebet jalma-jalma anu pasrah sareng nampi kana parentah Alloh. Naon wae anu diparentahkeun ku Alloh, kalebet parentah kurban, urang mampu ngalaksanakeunnana.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.   اَللَّهُمَّ يَا مُيَسِّرَ كُلِّ عَسِيْرٍ ، وَيَا جَابِرَ كُلِّ كَسِيْرٍ ، وَيَا صَاحِبَ كُلِّ فَرِيْدٍ ، وَيَا مُغْنِيَ كُلِّ فَقِيْرٍ ، وَيَا مُقَوِّيَ كُلِّ ضَعِيْفٍ ، وَيَا مَأْمَنَ كُلِّ مَخِيْفٍ ، يَسِّرْ عَلَيْنَا كُلَّ عَسِيْرٍ ، فَتَيْسِيْرُ الْعَسِيْرِ عَلَيْكَ يَسِيْرُ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

 

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.