Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngaraksa Diri sareng Kulawarga tina Zinah 

Kamis, 23 Januari 2025 | 17:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngaraksa Diri sareng Kulawarga tina Zinah 

Ilustrasi tangan laki-laki dan perempuan. (Foto: NU Online/Freepik)

Di balik larangan-larangan syariat yang ditetapkan oleh Allah, ternyata tersimpan aneka hikmah yang luar biasa sekaligus membawa kemaslahatan bagi kehidupan umat manusia, termasuk di dalamnya adalah larangan zina yang  bertujuan untuk melindungi umat Islam dari kehinaan, menjaga garis keturunan, serta mendorong interaksi yang bermartabat melalui ikatan pernikahan.

 

Naskah Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Ngaraksa Diri sareng Kulawarga tina Zinah.” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!

 

Khutbah I

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ تَفَرَّدَ بِجَلَالِ مَلَكُوْتِهِ، وَتَوَحَّدَ بِجَمَالِ جَبَرُوْتِهِ وَتَعَزَّزَ بِعُلُوِّ أَحَدِيَّتِهِ، وَتَقَدَّسَ بِسُمُوِّ صَمَدِيَّتِهِ، وَتَكَبَّرَ فِي ذَاتِهِ عَنْ مُضَارَعَةِ كُلِّ نَظِيْرٍ، وَتَنَزَّهَ فِي صِفَائِهِ عَنْ كُلِّ تَنَاهٍ وَقُصُوْرٍ، لَهُ الصِّفَاتُ الْمُخْتَصَّةُ بِحَقِّهِ، وَالْآيَاتُ النَّاطِقَةُ بِأَنَّهُ غَيْرُ مُشَبَّهٍ بِخَلْقِهِ

 

وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مُوْقِنٍ بِتَوْحِيْدِهِ، مُسْتَجِيْرٍ بِحَسَنِ تَأْيِيْدِهِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ الْمُصْطَفَى، وَأَمِيْنُهُ الْمُجْتَبَي وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ إِلَى كَافَةِ الْوَرَى ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ مَصَابِيْحِ الدُّجَى، وَعَلَى أَصْحَابِهِ مَفَاتِيْحِ الْهُدَى، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْراً

 

أَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ وَاعْبُدُوْهُ، فَإِنَّ اللهَ خَلَقَكُمْ، لِذَلِكَ قَالَ تَعَالَى: ﴿ وَلَا تَقْرَبُوا الزِّنٰىٓ اِنَّهُ كَانَ فَاحِشَةًۗ وَسَاۤءَ سَبِيْلًا ﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ 

 

Ma’asyiral Muslimin rahimakumullah 

Ti payun hayu urang muji syukur ka Alloh Robbun Gofur. Solawat miwah salam mugia salamina sing dikucurkeun ka Jungjungan nabi urang, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw., miwah kulawargina, para sahabatna, para tabi’in, dugika urang sadayana salaku umatna nu sapapaosna miharep syafaat jaga dina poe kiamah.

 

Teu hilap, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat takwa, khususna ka diri pribadi, umumna ka sadayana ahli Jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab, urang iman sareng takwa anu janten pangsae-saena bekal keur mayunan parentah Alloh oge nebihan sadaya panyegahna.

 

Ma’asyiral Muslimin rahimakumullah

 

Sagedengeun gaduh kawajiban ngaraksa diri pribadi, urang oge gaduh kawajiban ngaraksa kulawarga tina siksa naraka sareng pancabaya akherat. Hal ieu dijelaskeun ku Alloh sakumaha dina Al-Quran:

 

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا قُوْا أَنْفُسَكُمْ وَأَهْلِيكُمْ نَارًا

 

Artinya, “He jalma-jalma anu ariman, raksa diri anjeun sareng kulawargi anjeun tina siksa seuneu naraka,” (QS. At-Tahrim [66]:6).

 

Di antawis cara ngaraksa diri sareng kulawargi urang tina seuneu naraka teh nyaeta ngaraksa tina padamelan zinah anu kacida hinana. Matak pantes Alloh parantos nyegah eta padamelan dina Al-Quran.

 

وَلَا تَقْرَبُوا الزِّنٰىٓ اِنَّهُ كَانَ فَاحِشَةًۗ وَسَاۤءَ سَبِيْلًا

 

Hartosna, “Jeung ulah rek coba-coba aranjeun ngadeukeutan zinah; sabab saenya-enyana (zinah) eta hiji pagawean anu goreng tur panggoreng-gorengna jalan,” (Q.S. al-Isra’ [17]: 32).

 

Sidang Jumah anu mulya, aya hikmah anu ageung pangna Alloh ngalarang zinah keur urang salaku umat Islam, umumna keur sakumna umat manusa. Sabab, teu pati-pati Alloh ngaluarkeun hiji panyegah anging aya kamaslahatan kanggo hamba-hamba-Na.

 

Salah sawios hadits riwayat Al-Hakim nguningakeun, yen zinah teh perkara anu matak ngahalangan jalmi nu midamelna tina jalan ka surga, sakumaha anu tos dibewarakeun ku Kangjeng Rosul ka para pamuda kaum Quraisy kapungkur:

 

يَا شَبَابَ ‌قُرَيْشٍ، لَا تَزْنُوا ، أَلَا مَنْ حَفِظَ فَرْجَهُ فَلَهُ ‌الْجَنَّةُ

 

Hartsona, “He para pamuda Quraisy, ulah rek migawe zinah aranjeun. Sing inget, sing saha anu ngajaga raranganna, maka anjeun hak kenging balesan surga,” (HR. Al-Hakim).

 

Dumasar hal eta, jamaah sadayana, pagawean zinah dicap ku Alloh hiji pagawean anu hina, telenges, sareng panggoreng-gorengna jalan, sakumaha anu disebatkeun dina surah Al-Isra’ ayat ka-32 tadi.​​​​​

 

Numutkeun Imam Al-Qurthubi dina kitab Al-Jami’ li-Ahkamil-Quran, jilid 10, kaca ka-253, ayat ieu teh tos jelas mangrupikeun panyegah zinah, sanajan katingal salangkung mah kur larangan ngadeukeuetanana hungkul. Justru di dieu luar biasana sareng kaunggulan gaya bahasa Al-Quran. Ngadeuekeutannana wae tos teu meunang, komo deui migawena. Sabab umumna, saatos ngadeukeutan sabab-sabab sareng hal-hal anu ngajurus kana zinah, hiji jalma akhirna sok tara tahan midamel zinah. Naudzu billah.

 

Ku hal sakitu, hayu urang jaga diri sareng kulawargi urang tina perkara-perkara anu matak ngagusur kana zinah. Ieu mangrupikeun bagian tina perjuangan ngajaga kehormatan diri sareng kahormatan kulawargi.

 

Ma’asyiral Muslimin rahimakumullah 

Elmu kadokteran oge parantos nguningakeun yen zinah, seks bebas, sareng homoseksual teh ngancam kasehatan manusa ku mangrupi-rupi panyakit anu bahaya anu hese diubaran, saperti HIV/Aids, sifilis, gonorhoe, sareng sajabina.

 

Panyakit HIV, salah sawiosna, eta panyakit akibat virus nu ngakibatkeun turunna sistem kakebalan awak. Kadituna, akibat lemahna awak teh, panyakit, bakteri, sareng virus sanesna ngaruksak kasehatan jalma anu ngarandapannana. Nyakitu deui tos diakui yen istri anu migawe seks bebas sareng pameget anu tos keuna ku panyakit HIV ieu dipastikeun bakal katularan.

 

Jamaah sadayana, tiasa oge sabagian dampak zinah eta teh sakumaha anu dimaksad ku Kangjeng Rosul saw. dina hadits riwayat ‘Abdullah ibnu ‘Umar:

 

يَا مَعْشَرَ ‌الْمُهَاجِرِيْنَ! خَمْسُ خِصَالٍ إذا ابْتلَيْتُمْ بِهنَّ وأعوذُ باللهِ أَنْ تُدْرِكوهُنَّ: لَمْ تَظْهَرِ الْفَاحِشَةُ في قَوْمٍ قطُّ حَتَّى يُعْلِنُوْا بِهَا؛ إِلَّا فَشَا فِيْهِمُ الطَّاعُوْنُ وَالْأوْجَاعُ الَّتِي لَمْ تَكُنْ مَضَتْ فِي أَسْلَافِهِم الَّذِيْنَ مَضَوْا

 

Hartosna, “He kaum Muhajirin, aya lima perkara anu saupamina diuji ku lima perkara, mugi Allah ngalindungan urang tina ngalakukeun eta perkara, tangtu musibah ageung bakal tumiba. Di antarana, teu pati-pati merebak pagawean anu hina jiga anu dilakukeun ku kaum Nabi Luth (homoseksual) nepi ka wani terang-terangan, kacuali di tengah maranehna bakal nyebar tha‘un sareng rupa-rupa panyakit anu teu acan pernah dialaman ku jalma-jalma saencan manehna,” (HR. Ibnu Majah).

 

Jamaah sadayana, salian ti eta, zinah oge ngakibatkeun rusakna garis turunan. Matak, pantes Alloh ngalarang zinah teh salah sawiosna keur ngajaga kahormatan urang, oge keur ngajaga ruksakna garis turunan urang.

 

Teu acan deui zinah teh matak ngaleupaskeun kendali manusa dina raraga nyumponan pangabutuh biologisna, kaluarna jalma tina tali pernikahan sareng tanggung jawab ngawangun rumah tangga, anu kadituna ngabalukarkeun seueurna pembunuhan jabang bayi anu teu tuah teu dosa. Langkung jelasna tiasa dititenan dina kitab  Al-I’jaz Al-‘Ilmi fît-Tasyrîi Al-Islami, kagungan Abdul Basith Muhammad As-Sayyid, Kaluaran Darul Kutub-Beirut, kaca ka-342.

 

Ku sabab kitu, salah sawios usaha ngaraksa diri tina pagawean goreng ieu, terutama keur para lajang, sakumaha dawuhan Kangjeng Rosul, nyaeta neyueurkeun saum:

 

وَمَنْ لَمْ يَسْتَطِعْ فَعَلَيْهِ بِالصَّوْمِ فَإِنَّهُ لَهُ وِجَاءٌ

 

Hartsona, “Sing saha jalma anu teu mampu (nikah), maka sakedahna anjeunna puasa. Sebab, puasa teh jadi tameng keur manehna,” (HR. Muslim)

 

Ma’asyiral Muslimin rahimakumullah 

Tah sakitu sapalih hikmah pentingna urang ngajagi diri sareng kulawargi urang tina padamelan zinah. Mugia wae aya manfaatna. Sareng mugia wae, diri, kulawargi, oge turunan urang, sing diraksa tina eta padamelan anu hina, anu ka dituna urang diraksa tina siksa seuneu naraka. Amin ya robbal alamin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِالْاِتِّحَادِ وَالْاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ اَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْن

 

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا،  اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.  فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.